Mudik Lebaran Gawe geus leuwih satahun Can keneh ka tawur mobil datsun Komo deui meuli kebon di dusun Tos dibere ge hatur nuhun Sok komo mun ulin ka toko gede Loba bapa-bapak, ibu-ibu jeung abege Jigana mah mareuli baju nu harade Keur lebaran ameh bisa dipake Didinya marilihin baju Teu poho model-model sapatu Jigana keur para minantu Da hargana meunang diskon nu teu tangtu Aya oge nu mareuli kadaharan Hargana teu mahal jeung teu murahan Ti kue baseuh jeung kue gogorengan Pokonamah sarupaning kadaangan Mudik teh satahun sakali Wajar weh sagala dibareuli Barangna disimpeun dinu bagasi Sugan weh dibali geusan ngajadi Aya oge nu teu hade Loba hape nu digade Jigana mah cukup sakali pake Da maklum gaya cape de .... Tapi mudik teh kudu keur ha mineus hiji Maklum gawe di hiji kompani Jeung na deui multi Untungna loba mobil bus leuwih ti hiji Ari geus dilembur sok sono Ka lembur-lembur nu dijero Waasna kupamandangan Tatangkalan hejo ku dangdaunan Ciater tempat kaulinan Ngeueum cai bari kapanasan Teu lali ka nyi mojang Nu aya di kota subang Kawas mojang bogor nu paanggang Yayan Mulyana (yM), balebat-online.com (sp kangge mojhang bogor)
