POMA MO MIHAPE KI NONG KURING TEU ASUP KA KI NONG TEU NEMBAL TEU NGAENYAKEUN
TUG KA KIWARI TI ANGGALNA KENEH KURING TUMETEP URANG GALAH TI BARANG ANGGAL GUBRAG KA DUNYA, SEUWEU TUTUGAN GUNUNG SAWAL NU GEUS UGA BANJAR KARANG PAMIDANGAN KURING POMA MO MIHAPE...KURING TEU BILUK KA KI NONG TEU NGAENYAKEUN... SABAB KURING MAH KURING SAWEWEGNA KURING MOAL MANGARUHAN OGE MOAL KAPANGARUHAN ANJEUN KURING MAH KURING ANU BOGA CECEKELAN SORANGAN ANU NEPI KA KIWARI DICEKEL TURTA DISORANG MEH 59 TAHUN KURING TETEG TEGES NYEKEL KARUHUN GALUH, PITUIN RUNDAYAN GALUH POMA ULAH SALAH HARTI, IEU KEUR NEGESKEUN YEN KURING NGAN BILUK KA DIRI INDUNG SORANGAN TABE PUN AMBU ----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Saturday, October 11, 2008 5:14:15 PM Subject: [kisunda] (Serat: 96)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Mun Teu Ati-Ati Sunda......... Mun Teu Ati-Ati Sunda....... .. * Lain ngan ukur ku kawani, jalma wicak kudu ngalengkah tarapti, kudu bisa ngukur diri, anu dipikahayang ngarah nepi. Anu hayang leungitna ciri sunda lain bangsa lalawora, mun teu ati-ati sunda leuwih katalangsara, lain laksana kalah leuwih balangsak ti saacana, anak incu urang jaga arek kumaha. Lain teu percaya aya urang sunda geus manca nagara, lain teu nyaho aya urang sunda nu ngawasa di peuntas sagara, ngan jang naon mun angger ngalengkah sewang-sewangan jiga ayeuna, matak naon ngahiji ngarah boga kakuatan nu karasa. Dimimitian ku silaturahmi (silaturahim) , kuring bungah aya nu geus surti, sugan jeung sugan ku kabeh kaharti, pangajak kuring lain ukur hayang kapuji. Kajeun sawatara ieu kuring moal milu, kajeun ayeunaeun kuring moal ngaharuwiru, kuring milu noong wungkul ngarah teu ngaganggu, supaya kaharti heula naon nu dituju. * Anggur geura turutan Yahudi, lain nurutan kalakuana nu teu muni, lain ningali kalicikana ka kanjeng nabi, kajeun maranehna kungsi dibasmi, ayeuna geuning bisa ngahiji. Jadi jawara di ieu dunya, dipikaserab ku sasama, dipikagimir ku manusa, sunda bakal jadi bangsa anu jaya.
