Kahatur Ambu, Kang Oca, oge para wargi sadaya,

Ngalangkungan ieu postingan, si kuring seja ngebrehkeun pamadegan
jeung sikep ngeunaan postingan Ambu anu netelakeun yen anjeunna sanes
balad ki Nonnggerak, oge perkara ki Nonggerak sorangan.

Anu kahiji, si kuring nyakseni yen Ambu sanes ti golongan ki Nonggerak
(ki Nong). Ayana beja atawa haruwas-harewos anu nuduh Ambu ti golongan
ki Nong, eta mah beja (desas-desus) anu ari beja mah beje tea; ceuk
basa Indonesia na mah "kabar burung" ti anu teu tanggel waler. Si
kuring teu terang ti mana eta beja asal muasalna, terang soteh
saparantos Ambu mostingkeun pangbela atawa panolakan kana eta eusi
beja dina postingan anu dipairan ieu.

Panuhun ka Ambu, mugia kersa ngahapunten ka saha wae anu tos
mucunghulkeun eta beja. Namina oge dunya milist oge ayana fenomena
model Ki Nong ieu anu jadi salah sahiji marga lantaranana. Pamugi
henteu janten kateterasan.

Kaduana, khususon ka Ki Nong. Pek saksian, yen ulubiung di milist
model anjeun, nyatana anu teu ngawanohkeun diri sakumaha ilaharana
anggota milist nu lian, tetela geus nimbulkeun hiji fitnah. Kukituna,
si kuring salaku moderator cumeluk sakali deui ka anjeun, yen lamun
tetep posting tanpa ngawanohkeun diri (sakali wae mah atuh
ngawanohkeun diri, moal matak nanaon, lain), wayahna si kuring rek
ngusulkeun ka rengrengan moderator ieu milist hiji tindakan anu
mataholangna nyegah sumebarna fitnah di ieu milist (ayana tuduhan yen
Ambu teh anggota atawa baladna Ki Nong eta geus kaasup fitnah).

Utamana, lamun pasoalan model tuduhan ka Ambu ieu terus manjang jeung
nambahan (lain Ambu wae anu jadi sasaran), eta teges-teges yen aktif
di milist model Ki Nong (anu teu ngawanohkeun saha dirina)
ngabahayakeun kana dunya permilist-an, khususna keur milist kisunda.

Sakitu heula pamairan ti si kuring kana postingan-postingan ti Ambu
jeung minangka peringatan atawa pepeling atawa wanti-wanti kana laku
posting model Ki Nong anu ayeuna geus kabuktian mimiti nimbulkeun
fitnah. Ka para wargi sadaya dulur di milist, mangga bilih bade maira
ieu kasus, diantos sumbang saranna. Muga aya manfaatna.

manar



On Sun, Oct 12, 2008 at 7:55 AM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Manusa mah taya kawasa najan mungguh nu ngadu teu bisa mastikeun meunang.
> Mungguh kodrat iradat tetep kagungan oge dadamelan Yang Manon... rea perkara
> nu nyumput tapi Pangeran mah teu ieuh kahelokan
>
> Mana jalma mah kudu bisa siga kai nu teu kalis ku angin. siga lebak nandahan
> cileuncang. Deung sagala nu terang kudu kasorang ku pangawak manusa
> sorangan, ngaub kana payung saemeh kahujanan. Ceuk paribasa "nguntun tipung
> nambang beas, sawisik pasti kapanggih" taya bedana mun urang leumpang bae...
> dijugjug nikreuh nepi ka cunduk dongkap kanu diseja
>
> moal kabawa ku purwa perbawa hawa atawa nepi ka hareudang bayeungyang
> sumawona nepi ka ujub takabur mah...paralun  nyandang wiwirang
>
> Tabe pun
> AMBU
> ----- Original Message ----
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Sunday, October 12, 2008 12:54:00 PM
> Subject: Re: [kisunda] Re: perkara NONGGERAK
>
> wah....teu ssangkaaaaa. ...
> teu rek nyangkaaaaa. ..
> koooomo kana nuduh mah!
> rek wani sumpah....!! !
> uin mah...ambuuuuu. ..
> hampura isun....
> lain kadinya pamaksadan teh,
> sakali deui...hampuuuura isun
> sakali deui...
> cag!
> he33x!
> ...oca tea...
>
>
> --- On Sat, 10/11/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL 
> PROTECTED]
> com> wrote:
>
> From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Re: [kisunda] Re: perkara NONGGERAK
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Saturday, October 11, 2008, 10:17 PM
>
> mana KANG OCA...tong waka NYANGKA lamun teu acan TEGES naros ka jalmana
> langsung....
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Sunday, October 12, 2008 12:00:52 PM
> Subject: Re: [kisunda] Re: perkara NONGGERAK
>
> ambuuuuuuuu. ....
> mani teges kitu eta siiiikep teh...
> kumaha tah kidulur, ka baraya anu sanes???
> ka sikep ambu ...
> uin ngantosan...
> he33x!
> ...oca tea...
>
>
>
> --- On Sat, 10/11/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL 
> PROTECTED]
> com> wrote:
>
> From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: [kisunda] Re: perkara NONGGERAK
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Saturday, October 11, 2008, 9:50 PM
>
> sampura saKUMna wargi  milist ki SUNDA,
> abdi ngawartakeudi didieu rehna aya sangki ABDI kalebet GRUP NONGGERAK
>
> Pamugi kahartos rehna eta mah SANGKI ki NONGGERAK
> abdi mah istuning sorangan
> boga pamedagan sorangan nu ayeuna keur disorang
> teu biluk kaditu kadieu
> teu kaseudeuhan oge kapangaruhan ku sasaha
> madsing dina enya KI NONG ngaku atanapi diAKUkeun
> ABDI mah teu pisan2 rumasa nyatujuan atanapi nga ENYA keun
> ABDI TEU LEBET KA NONGGERAK
> TEU SAPAGODOS OGE TEU SAPAMADEGAN ka NONGGERAK
>
> HAMPURA KURING MAH KURING
>
>
> Tabe Pu AMBU
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>; baraya_sunda@ yahoogroups. com;
> Urangsunda <[EMAIL PROTECTED] ups.com>
> Sent: Sunday, October 12, 2008 7:54:18 AM
> Subject: [kisunda] SABAK jeung GERIP?
>
> Baheula, kolot di lembur sok ngadongeng jaman aranjeuna sakola.
> Cenah baheula mah parabotna teh ukur SABAK jeung GERIP.
> Sabak cenah gunana jiga papan tulis, ari gerip patlotna.
> Mun diajar di sakola nulis teh dina sabak, mun ganti pelajaran kari mupus.
> Estu ngandelkeun daya ingetan cenah jaman harita sakola mah.
> Nu matak teu aneh generasi jaman harita paranjang ingetanana teh.
> Bisa ngarinci kajadian-kajadian nu karandapan ku aranjeuna kalawan detil.
>
> Kamari basa milu ngelol ka Sri Baduga, noongan baraya nu segut diskusi,
> uing laha-loho ka ruang pamer museum Sri Baduga. Nya mangih koleksi batu
> alam,
> anu cenah bahan pikeun sabak jaman baheula. Ngan uing poho deui ngaran
> batuna,
> da harita teh teu mawa alat tulas-tulis. Cing Kang Oman, tukang batu,
> oge baraya sanesna, bejaan uing, naon ngaran batu bahan sabak teh?
> Sugan aya baraya nu apal, ari Sabak jeung Gerip masih kenah aya nu
> ngoleksi kitu?
> Aya koleksina di Museum teu?
>
> Ari kiwari parabot sakola teh geus jadi digital. Contona wae PDA,
> buku catetan elektronik. Upama ditelek-telek mah, sabenerna fungsi PDA teh
> teu leupas jiga Sabak jeung Gerip: Sabakna jadi PDA, sabak digital,
> gerip-na jadi stilus.
>
> Geura ieu aya parabot anyar, sabak jeung gerip jaman kiwari.
>
> salam,
> mh
>
> ============
> Berlomba Membenahi Buku Digital
> Sabtu, 11 Oktober 2008 | 22:25 WIB
>
> TEMPO Interaktif, Jakarta:Persaingan antara Sony dan Amazon.com di
> pasar pembaca (reader) buku elektronik semakin seru saja. Bulan depan,
> Sony segera meluncurkan model terbarunya: PRS-700. Tak mau kalah,
> Amazon juga siap meluncurkan Kindle 2.
>
> "Pembaca akan memiliki pilihan lain buku elektronik," kata Steve
> Haber, Elektronik Reading Business President Sony. "Model baru ini
> memiliki desain yang menarik perhatian dan fungsi yang intuitif."
>
> Sebagaimana model sebelumnya, PRS-505, pembaca terbaru buatan Sony ini
> masih dilengkapi layar selebar enam inci. Tapi, sekarang layar itu
> sudah berteknologi panel sentuh dan dilengkapi lampu baca LED.
>
> Dengan panel sentuh itu, pengguna bisa membalik halaman di layar dan
> melakukan pencarian buku elektronik pada keyboard on-screen. Paragraf
> bisa digarisbawahi dengan pena stylus. Adapun lampu LED akan membantu
> pengguna saat membaca di ruangan minim cahaya.
>
> PRS-700 dapat menyimpan sekitar 350 buku elektronik pada memori
> internalnya. Tapi, dengan tambahan kartu Memory Stick atau SD, akan
> ada lebih banyak lagi buku yang bisa dikoleksi.
>
> Peranti ini kompatibel dengan banyak format, termasuk BBeB (Broadband
> electronic book) dari Sony, dokumen Microsoft Word, Adobe PDF, dan
> format EPUB berbasis XML dari International Elektronik Publishing
> Forum.
>
> Menurut pihak Sony, baterai PRS-700 mampu mendukung pembacaan 7.500
> halaman nonstop. Tubuhnya berbobot sekitar 280 gram dengan dimensi
> yang lebih langsing.
>
> PRS-700 dibanderol US$ 400, lebih mahal US$ 100 dibanding PRS-505 yang
> masih dijual sampai saat ini. Peluncuran model terbaru ini rencananya
> digelar bersamaan dengan kampanye buku elektronik pada Bulan Buku
> Nasional di Amerika Serikat.
>
> Sony juga mengundang Dave Farrow pada sebuah kegiatan di New York.
> Farrow adalah seorang pembaca cepat dan ahli memori terkenal. Ia akan
> tinggal di depan toko yang menjual pembaca buku elektronik itu dan
> membacanya selama sebulan. Untuk tiap halaman yang dibaca Farrow, Sony
> akan mendonasikan 100 buku elektronik ke satu sekolah. Sebanyak 100
> sekolah pertama yang mengunduh buku akan mendapatkan lima pembaca.
>
> Nah, di saat Sony siap-siap membombardir pasar, Amazon.com tak tinggal
> diam. Meski toko buku online itu masih tutup mulut, sejumlah situs
> telah memajang generasi terbaru Kindle.
>
> Amazon tampaknya sudah memoles rupa Kindle 2 ini. Bila dibandingkan
> dengan seri perdana yang diluncurkan pada November tahun lalu, model
> terbaru ini sudah mengadopsi joystick, bukan lagi roda gulung. Slot
> kartu memorinya dihapuskan, tapi memori internalnya sudah
> ditingkatkan.
>
> Di bagian belakang Kindle 2 terdapat speaker stereo. Ukuran layarnya
> tetap sama, meskipun masih monokrom. Tubuhnya lebih besar dibanding
> Kindle 1. Varian warna pink juga tersedia. Barangkali Amazon ingin
> membidik kaum remaja.
>
> Meski tampak bersaing satu melawan satu, Sony dan Amazon mesti
> mewaspadai lawan lain, iPhone. Ponsel buatan Apple ini menyediakan
> aplikasi gratisan bernama Stanza yang fungsinya sama-sama pembaca buku
> elektronik.
>
> DEDDY SINAGA | NYTIMES | E-GEAR | WASHINGTONPOST | ENGADGET | THECRUNCHGEAR
>
> Citation: http://tempointerak tif.com/hg/ it/2008/10/ 11/brk,20081011-
> 139701,id. html
>
>
>
>
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke