Khususon ka Kang Agus Pakusarakan,

Kuring talatah euy, peupeujeuh ulah ngabanding-banding antara milist
jeung milist, komo antara milist kasundaan mah. Kurang hade akibatna,
jeung lain hiji hal anu mawa pihadeeun. Rek ngebrehkeun kasugemaan ka
milist kisunda mah pek teh teuing, ngan lamun bari jeung
ngabanding-banding atawa nyabit-nyabit kalemahan atawa kakurangan
milsit nu sejen, komo milist anu jadi dulurna, si kuring kacida teu
panujuna.

Rarasakeun wae heula geura, naha Kang Agus Pakusarakana ngarasa
ngeunah lamun aya jalma ngabanding-banding kualitas diri salira jeung
nu sejen? Pan teu raos, sanes? Tah siga kitu urusan milist oge.

Punten kang Agus, bisi ieu talatah ti si kuring rada kurang genah
katarimana. Taya lian pikeun  ngajaga ajegna silaturahim diantara
urang. Di milist mah guar anu kira-kira leuwih gede manfaatna keur
balarea wae tinimbang anu matak mucunghulkeun katugenah hiji pihak
atawa hiji kelompok.

manar

On Sun, Oct 12, 2008 at 5:22 PM, Agus Pakusarakan
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> ceuk kuring mah keun we antep.. hoream maca nya di delete we e-mailna..
> masing2 boga cara berjuang keur sunda nu beda2
> teu bisa kudu a kudu b
> nu penting aya rasa cinta kasunda
> nu paling penting deui mun bener cinta jeung reueus kasunda
> nu paling utama di heula keluarga heula
> diimah urang geus make basa sunda ncan?
> budak geus bisa basa sunda nca
> pamajikan/salaki geus nyunda nca?
> budak geus di ajarkeun sajarah sunda ncan
> tah iyeu nu kudu diheulakeun mah
> lain kudu itu kudu eta kabatur
> ceuk kolot mah samemeh ngomentaran jeung ngahulag batur dina berjoang
> langkung sae entengan heula diri sorangan, pamajikan/salaki, anak, kolot boh
> indung bapak atawa mitoha.. karek kabatur...
> ingat baheula ceuk kang oman
> di KISUNDA mah teu aya peraturan model di Urang Sunda
> dikisundan mah nu penting nyunda
> jelama rek ngomoang a jeung b tangtu geus jeung alesana nana
> beda mun di Urang Sunda mah kuring wae di blok teu menang miluan2 acan
> tapi akhirna bisa miluan deui..
>
> baktos
>
>  Agus Pakusarakan
>
> +62812 8377 662
> +62818 0617 0432
> --------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
> http://garutleather.com
> http://azzoman.indonetwork.co.id
> http://siliwangi.blogs.friendster.com
> http://garut0262.wordpress.com
> http://garutleather.indonetwork.net
>
>
>
>
> --- On Sun, 10/12/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] UPAMI
> To: [email protected]
> Date: Sunday, October 12, 2008, 1:23 PM
>
> mani teeeega,nga upamian teh...
> emh kg rocheeeee... .
> mani teges kituuuu..
> kunaon....
> bakat ku teu ngintun ali agrem nnya?
> ah...
> jeung hate eta mah..
> jadi katutuuluyan. ..
> mani kiiiitu ,dak aong teh...
> he33x!
> ...oca tea...
> --- On Sat, 10/11/08, agus <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: agus <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: [kisunda] UPAMI
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Saturday, October 11, 2008, 11:17 PM
>
> upami, ieu mung 'upami,...'
>
> kang nong disungkeun karidoanana, kanggo henteu deui posting di
>  ieu
> milis,..
> kersa teu kang nong,...?
>
> upamina masih betah, hoyong, resep ka ieu milis,...
> sumangga tiasa lebet nganggo nami nu sanes.
>
> nu normal, nu wajar, supados,....
>  nyaman tur lancar,...
>
> upami,... ieu mung sakadar upami,....
>
> =budak baong=
>
>
>
> ------------ --------- --------- ------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke