Angsana
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Angsana)

?'Angsana'

VU
 
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
 
Divisi: Magnoliophyta
 
Kelas: Magnoliopsida
 
Ordo: Fabales
 
Famili: Fabaceae
 
Subfamili: Faboideae
 
Tribe: Dalbergieae
 
Génus: Pterocarpus
 
Spésiés: P. indicus
    
Ngaran binomial
Pterocarpus indicus
Willd.   
Angsana atawa Pterocarpus indicus nyaéta tuwuhan nu daunna murudul dina mangsa 
nu tangtu nu mangrupakeun spésiés Pterocarpus nu asalna ti Asia Tenggara, 
Australasia kalér, jeung kapuloan Samudera Pasifik, Kamboja, Cina paling kidul, 
Timor Timur, Indonésia, Malaysia, Gini Anyar Papua, Filipina, Kapuloan Ryukyu, 
Kapuloan Solomon, Thailand, jeung Viétnam.[1]
Gambaran
Angsana mangrupakeun tuwuhan gedé anu jangkungna bisa ngahontal 30–40 m, 
kalayan diaméter tangkalna bisa nepi ka 2 m. Panjang daunna 12–22 cm. Kembangna 
dihasilkeun dina ranggeuyan nu panjangna 6–13 cm sarta ngandung sababaraha 
kembang; kembangan ti bulan Pebruari tepi ka Méi di Filipina, Bornéo jeung 
Malaysia. Kembangna rada seungit sarta makuta kembangna boga warna konéng atawa 
jingga semu konéng. Buahna saperti kacang nu diaméterna 2–3 cm nu dikurungan ku 
jangjang membran datar nu diaméterna 4–6 cm anu ngabantuan panyebaranana 
ngaliwatan angin. Ieu jangjang ngandung hiji atawa dua binih nu asak dina jero 
waktu 4-6 bulan, sarta warnana jadi coklat mangsa garing.[2][3]
Kaguna
 
Kai angsana
 
Kai angsana anu teuas, tur warnana beureum, tahan ku sarangga sarta ambeuna 
seungit mawar. Ieu kai dipaké pikeun dékorasi jeung nyieun furnitur. Kembang 
angsana dimangpaatkeun salaku sumber madu sedengkeun daunna digunakeun pikeun 
sampo. Kembang jeung daunna bisa didahar. Ieu tuwuhan oge jadi sumber resin. 
Dina pangubaran tradisional, angsana dipaké pikeun merangan tumor lantaran ieu 
tuwuhan ngandung polypeptide dina daunna.
Ngaran tempat
Urang Sunda mindeng méré ngaran patempatan ku ngaran tuwuhan. ti antara tempat 
anu dingaranan ku ngaran tuwuhan angsana nyaéta:
        * Kacamatan Angsana, Kabupatén Pandéglang, Banten 
        * Kacamatan Ciangsana, Kabupatén Bogor, Jawa Kulon. 
Rujukan
        1. ↑ International Legume Database & Information Service: Pterocarpus 
indicus 
        2. ↑ Danida Seed Leaflet: Pterocarpus indicus (pdf file) 
        3. ↑ Purdue University New Crops: Pterocarpus indicus 
        * World Conservation Monitoring Centre (1998). Pterocarpus indicus. 
2006 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2006. Dipulut ping 11 May 2006. 
Listed as Vulnerable (VU A1d v2.3) 
        * PIER species info: Pterocarpus indicus 


      

Kirim email ke