Igelan Seuneu

 

Seuneu
     nu ngaduruk tatangkalan,

ngahebos heab ka
sakabeh tutuwuhan,

nu leutik nu
gede ngadorokdok kabeuleum kaseuneuan,

eta contona
seuneu mun teu diigelan. 

 

Ngarana seuneu
teu puguh bijil ti mana,

ujug-ujug karasa
mun geus ngarerab kamana-mana,

nu teu tuah teu
dosa kababawa,

eta contona
seuneu mun teu diriksa. 

 

Seuneu salah
sahiji nu mangpaat jang kahirupan manusa,

ngan ulah
lalawora ngaulinkeunana,

lain ku umur nu
nangtukeun bisa ngigelanana,

tapi ku hate anu
jembar tur wicaksana. 

 

Ka sakur urang
sunda nu tinggal kalakay jeung tutunggul,

seuneu bisa
ngaduruk sakabeh tangkal di bukit tunggul,

komo aranjeun nu
geus garing bari
ting haruleng jentul,

kade seuneu
bijil teu pupuguh alatan lila teuing ngajentul. 

 

Igelan seuneu,

lain diigelan ku
seuneu.




      

Kirim email ke