> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
> aya warta anu aheng, ti urg Medan Mayjen Simbolon,

Kang Osa, kuring mah bet jadi emut baheula keur mahasiswa di taun 1970'an. 
Harita teh jurusan kuring rek ngayakeun Dies Natalis jurusan. Kuring kapeto 
jadi tukang neangan dana/sponsor. Hese oge neangan sponsor teh 
kaditu-kadieu. Kabeneran aya nu nyarankeun menta ka Kodam Siliwangi. Nya 
ngirim surat kadinya. Dua minggu saentasna, aya konfirmasi rek mere 
sumbangan jeung kudu dicokot di Markas Kodam (jl. Aceh). Nya kuring teh 
indit duaan jeung babaturan nu urang Jawa. Ngadep kanu mere sumbangan. Nu 
nyanghareupan kuring teh tantara, urang Batak nu logatna medok pisan.

Ari sugan teh rek langsung sok dibikeun eta sumbangan teh, ieu mah lain, 
kuring jeung babaturan di"tatar" heula : Perkara Majapahit, Gajah Mada, 
sumpah palapa .....wah pokona soal hebatna Majapahit. Lumayan leuwih ti 
sajam Pa Tantara Batak teh "natar" kuring jeung babaturan. Kulantaran kuring 
sok resep kana sajarah, rada apal kana kalakuan Gajah Mada, rek engab-engab 
wae ngomong, rek ngabantah ka Pa Tantara teh, ngan babaturan nincak suku 
kuring, siga nu nyarek ngomong, cukup didengekeun wae ....

Waktu balik tidinya, babaturan nu urang jawa ngomong: "Aku ngerti kamu 
enggak suka Gajah Mada terlalu ditonjol-tonjolkan, maklum orang Sunda selalu 
ingat Perang Bubat, tapi .....yang penting kan sumbangan keluar...hahaha"

Ceuk kuring teh: "Dasar Jawa pragmatis!"

Batur kuring ukur nyerengeh .......

Baktos,
WALUYA 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke