Gamparan nu dipihormat,
manawi percanten sinareng katampi

nu TEGES mah sarjana DEUNGEUN nu barule utamina... nyandak informasi teh tina 
kakawin NAGARAKRTAGAMA nu diserat ku PRAPANCA ... harita manehna nuju raos 
KAPICEUN nya ngadamel "TRIBUTE" ka HAYAM WURUK .... 

Kahartos panginten KUNAON PERISTIWA BUBAT hanteu dicarioskeun dina Kakawin 
Nagarakrtagama ?????? margi eta teh WIWIRANG MAJAPAHIT nandakeun julig ka URANG 
SUNDA, 

jaman harita mah RAJA teh dipercanten wawakil DEWA di dunya,  anu namina 
Pujangga Kraton (di dieu Prapanca) salah sawios cara ngempelkeun amal hirup 
kanggo MOKSA ngadamel karya silunglung nyaeta muji raja = muji dewa (pranidhana 
dalam konsep Buddha)... janten kedah nampilkeun nu sararae...teu kenging aya 
kokotor 

mangga ari percanten mah nyanggakeun kanyataanana teh kitu, buktos rehna 
kondisi Majapahit anu diserat dina sumber prasasti : a.l. Prasasti TUHANYARU) 
benten pisan sareng Nagarakrtagama ( anu ku penulisna nyaeta Mpu Prapanca 
disebat  Kakawin Desawarnana sanes Nagarakrtagama)  

sadayana anu disebat dina prasasti mah saleresna daerah2 anu disebatkeun dina 
Kakawin gubahan Prapanca sanes daerah jajahan, mung sebagai gambaran tata letak 
kosmis (MANDALA) kerajaan Majapahit. 

Dina prasasti disebatkeun ayana daerah anu disebat punpunan aya daerah nu 
disebat angsa anu jojog oge pas di arah mata angin ... mawit tina 4 arah teras 
kelipatananan dugi ka 32 arah 

Konsep sapertos kieu anu dianggo ku Majapahit memang mangrupi kosmis Jawa wetan 
ti kawit Mataram kuno ...buktosna aya dina prasasti mangsa dyah Balitung (abad 
ka-10 Masehi) oge diangken dina BERITA CINA sareng Portugis (tah ieu gamparan 
Kosep Mandala Jawa Wetan (JATENG & JATIM) anu benten pisan sareng JAWA KULON 
(Tatar Pasundan)


Tabe pun
AMBU



----- Original Message ----
From: S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, October 15, 2008 10:43:30 AM
Subject: Re: [kisunda] Kerajaan Majapahit 1293-1525


Maenya sunda tiasa dikekeyek kitu nya, moal aya nu waspada tiasa di bongohan 
atuh nu jelas mah aya oknum nu hayang ngancurkaun majapahit jeung pajajaran 
jadi perang buabat teh masih diragukeun tah.....
 
 
s4d3w4,



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, October 14, 2008 19:22:42
Subject: Re: [kisunda] Kerajaan Majapahit 1293-1525


Gamparan 
eta mah saur Urang DEUNGEUN, oge interpretasi Urang DEUNGEUN

saPINTER2na anu noong, sawanoh2na  moal dugi ka nembus uninga URAT JANTUNG, 
apan urang2 keneh nu saleresna ngartos INDUNG PITUIN 

Tabe pun
AMBU




----- Original Message ----
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, October 14, 2008 7:51:58 PM
Subject: [kisunda] Kerajaan Majapahit 1293-1525


Tadi di toko buku aya Peta kerajaan majapahit 1293 - 1525 kakawasaanana 
diwarnaan hejo. Nu hejo teh ngawarnaan meh asia tenggara kaasup Filiphina,  
Brunei, Malaysia, Singapur (semenanjung Melayu). Taaaah dihararejo yeh aya nu 
koneng NYAETA PAJAJARAN  nu kelirna nepi ka Jawa Tengah ayeuna!!!!
 
Paingan atuh paingaaaaaaan. .....si Majapahit teh nepi ka licik ngoroyok di 
Bubat, ngered terusssss nepi ka ayeuna, sunda disingkurkeun! ! 
 
Sok mangga geura ngagaduhan peta David vs Goliath ieu!!! Buktos 9 Abad Sunda 
dikekeyek... 9 Abad sunda eksis!!!
 
Hudang Sunda!
Jalak Pakuan
 ~ kabajikan, kaadilan, kamakmuran ~
________________________________
 Get your new Email address! 
Grab the Email name you've always wanted before someone else does! 

________________________________
 Get your preferred Email name!  
Now you can @ymail.com and @rocketmail. com.     


      

Kirim email ke