duh kang yudi, masih pabeulit keneh "eu" nya!. Kade ah pagentos, 
margi tiasa ngabentenkeun hartos dina sunda mah contona, 
hideng=bageur sareng hideung=warna nu poek, hitam ceuk endonesana mah 
pan tos benten, padahal ngan ukur sa-vokal nya.
Tah sakantenan ka para pupuhu kisunda, mugia janten perhatosan, 
geuning masih keneh seueur nu pabaliut cara nyerat basa sunda teh, 
mending mun ukur seratan teu resmi, eta palebah seratan-seratan resmi 
sapertos dina serat uleman, spanduk, jrrd. Kantos abdi ninggal 
seratan spanduk kampanyeu salah sawios calon bupati, pabaliut keneh 
cara nyeratna teh, tadina mah hoyong nyunda panginten malah abdi 
janten terang kadar intelektual kasundaanna ukur tina seratannana. 
Rek kumaha tiasa mingpin, cara nyerat ge tos teu nyakola pan janten 
ngisinkeun. 
Punten-punten ka pupuhu sanes bade mapatahan ngojay ka meri, ieu mah 
seja ngemutan bilih teu kapalire masalah ieu. Hatur nuhun

--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> aya bukuna kang. cobi ka Ua Sasmita.
> 
> On 10/14/08, m_kyudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ass Wr Wb.
> > Sampurasun
> >
> > simkuring bade nyungkeun bantosan kapalawargi sadaya manawi ayanu
> > tiasa ngabantos, jalaran simkuring teh ka papancenan janten MC 
dina
> > acara walimahan, anu janten masalah nyaeta kedah ngagunakeun 
bahasa
> > sunda dina mingpin sareung ngarahkeun eta acara walimatul urusy 
teh
> > tah Eta masalahna  da geuning benten bubuka acara dina bahasa 
sunda
> > sareung bubuka dina bahasa indonesia, nembe janten MC nganggo Basa
> > Sunda mah janten teu apal. (sakanteunan hoyong diajar hehehehe)
> >
> > Manawi aya anu uninga babasaan nana
> > ti ngawitan ngabuka acara,  mempersilahkan, ngomentaran sareung 
nutup
> > eta acara
> >
> > hatur nuhun anu kasuhun kana bantosanna 
(Mengharap......pisannnnnn)
> >
> > Rampes
> > Wass
> > Yudi tea
> >
> >
> >
> 
> 
> -- 
> geocities.com/mangjamal
> mangjamal.multiply.com
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke