Lir ibarat sarangenge nyaangan dunya, kanyaah indung bapa mah nyaangan tanpa pamenta.
2008/10/19 Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> > Anging Gusti Nu Tiasa Nulungan Pun Anak > > > > - Muragna cimata indung jeung bapa, > > nempo anakna nu keur ngalaman tunggara, > > unggal peuting nu lain sare tibra, > > indung bapa nyegruk ceurik menta ka Nu Kawasa. > > > > Gusti Nu Agung enggal jait pun anak, > > anging gusti nu tiasa nulungan pun anak, > > nun gusti enggal kabulkeun kahoyongna, > > abdi ikhlas ridlo nedunan kapalayna. > > > > Kabayang na kongkolak panonna, > > sagala nu karandapan ku anakna, > > bating jumerit na hate indung bapana, > > nempo anakna nandang tunggara. > > > > Keclak cimata indung bapa, > > mapag carita tunggara anakna, > > dalah kumaha diri teu wasa, > > ukur bisa jumerit ka Nu Kawasa. > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > >
