Bariaya sadaya, Satemenna, naon anu kamari diiberkeun ku Kang Ganjar, ngeunaan rencana Unpad seja medalkeun kamus basa Sunda, aya 3 rupa kamus anu seja digarap ku Unpad minangka udagan dina waktu deukeut (jangka pondok) ka hareup. Kahiji, kamus kasehatan anu wartana dibewarakeun ku kang Kumi di handap ieu. Kadua, kamus tatanen, katilu kamus obat-obatan anu miang tina "kearifan lokal" atawa lingkungan alam, saperti herbal jst. Ieu tilu garapan teh, sakumaha dipedar ku Kang Ganjar nalika anjeunna maparin pangajeng-ngajeng kana Unicode Aksara Sunda, kalintang strategisna keur urang Sunda khususna.
Kamus kasehatan Sunda dipuseurkeun kana istilah-istilah kadokteran praktis anu gede kagunaanana pikeun dokter jeung pasenna. Hal ieu kasang tukangna, sakumaha didadarkeun ku Kang Ganjar, nyaeta sababaraha istilah masyarakat Sunda ngeunaan panyakit anu biasa digunakeun sapopoe, saperti cenang, bisul, borok, jst. Dina bab hapur wae, saur kang Ganjar, aya hapur kembang, hapur beusi, jeung hapur lianna. Can deui lamun terus mapay ka beh handap bagean awak jelema, apan aya anu disebut rorombeheun tea, jsb. Tah, para dokter lulusan Unpad, komo lulusan paguron di luar Tatar Sunda, anu ditugaskeun di wilayah Tatar Sunda, apan henteu sadayana apal kana istilah-istilah panyakit di luhur jeung sabangsana anu biasa digunakeun ku masyarakat nalika ditalek ku dokter dina raraga keur ngadiagnosa. Jadi, ku ayana kamus Sunda-Indonesia ngeunaan kasehatan ieu engkena para dokter ulah nepi ka salah ngabedakeun antara cenang jeung bisul atawa jerawat; antara hapur jeung bobogoeun, jst. Kamus kadua, ngeunaan tatanen. Tatanen atawa pertanian teh apan masih jadi pangupajiwa (matapencaharian) anu poko atawa mayoritas atawa anu dominan di Indonesia. Urang geus kawaris ku budaya tatanen titinggal luluhur. Kusabab tatanen mah pakait pisan jeung alam, dina dunya tatanen, loba pisan anu bisa dikontribusikeun ku masyarakat Sunda ka masyarakatna atawa ka masyarakat nasional tug nepi ka masyarakat internasional. Lian ti eta, tatanen oge merlukeun pangrojong tina widang teknologi. Tah, pikeun ngadumansikeun 3 aspek eta (warisan budaya, warisan alam jeung kaperluan teknologi), diantarana, urang merlukeun pisan kamus Indonesia-Sunda ngeunaan dunya tatanen. Katiluna, kamus ngeunaan kearifan lokal (herbal, jst), dasar jeung tujuanana pakait jeung sarimbag jeung kasang tukang lan tujuan dua rencana kamus nu geus disebutkeun samemehna. Utamana bab herbal, kairong baris seueur anu tiasa disumbangkeun ku masyarakat Sunda dina lebah herbal. Ayana masing-masing kamus anu pakait tinangtu baris ngandelan usaha-usaha pikeun kamajuan masyarakat Sunda nepi ka masyarakat internasional. Disawang tina bab basa (bahasa), ayana kamus sakumaha anu disebut di luhur, tangtu baris jadi hiji alat pikeun miara basa Sunda ku cara ngamanfaatkeun jeung nuwuhkeun kabiasaan ngalarapkeun basa Sunda sapopoe, boh dina paelmuan atawa dina kahirupan masyarakat umumna, saperti dina bab pangobatan jeung tatanen. Hiji basa baris terus hirup lamun eta basa teh diperlukeun unggal waktu atawa upama masyarakat ngarasa perlu ku eta basa. Pakaitna jeung aksara Sunda? Raket pisan. Gede kamungkinan, loba hal penting anu patula-patali boh jeung kasehatan, tatanen, atawa kearifan lokal, baris kapendak tina naskah-naskah kuno anu ditulis ku aksara Sunda. Padahal loba, aya kana 600-na, naskah-naskah kuno teh can dialihaksarakeun atawa can ditarjamahkeun. Software font aksara Sunda anu ngawitan diulik ku kang Dian, laju dimekarkeun ku tim Unicode Aksara Sunda anu digelar dina acara di Unpad tanggal 20 Oktober 2008 kamari jadi hiji pamiangan pikeun ngamekarkeun hiji piranti keur ngalih-aksarakeun atawa lamun bisa, keur narjamahkeun, eta naskah kuno anu ditulis ku aksara Sunda. Eta piranti (software) teh baris kacida gede gunana pikeun akselerasi (ngagancangkeun) mesek eusi eta naskah-naskah. Sedengkeun eta eusi naskah-naskah teh gede kamungkinan nyimpen rupa-rupa banda paelmuan (kekayaan intelektual), khususna anu pakait jeung kasehatan, tatanen, tur kearifan lokal (herbal,. jst). Rupina sakitu ringkesan anu kacangking tina naon rupa anu didugikeun ku Kang Ganjar patali jeung kamus Sunda anu didugikeun nalika anjeunna maparin pangbagea kana Unicode Aksara Sunda dina acara gelaring Unicode Aksara Sunda di aula Sanusi Hardjadinata, Unpad, 20 Oktober 2008. Baktosna, manar 2008/10/21 Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]>: > TPG IMAGES > / > Selasa, 21 Oktober 2008 | 20:58 WIB > > BANDUNG, SELASA - Universitas Padjadjaran berencana membuat kamus kesehatan > berbahasa Sunda. Hal ini dilakukan guna memperkaya khazanah pengobatan > sekaligus melestarikan bahasa sekaligus aksara Sunda. > > Menurut Rektor Universitas Padjadjaran Ganjar Kurnia, Selasa (21/10), ide > membuat kamus ini karena banyaknya istilah kesehatan dalam bahasa Sunda yang > belum terdata dengan baik. Meskipun artinya sama tapi karena perbedaan > kultur tertentu, seringkali diucapkan berbeda. > > Ganjar mencontohkan beberapa istilah dalam masyarakat sunda untuk sakit > kepala. Di beberapa daerah lazim disebutkan lieur tapi ada anggota > masyarakat kerap mengatakan leneng bahkan di Kuningan, masyarakat mengatakan > pusing dengan sebutan menit . > > Ganjar yakin, banyaknya istilah kesehatan dalam bahasa Sunda bisa memperkaya > khazanah dunia kedokteran. Hal ini tentu akan menjadi sumber pengetahuan > baru bagi tenaga dokter atau tenaga kesehatan lainnya, ketika berhadapan > dengan anggota masyarakat S unda yang menggunakan istilah dari daerahnya > untuk menyebutkan suatu penyakit. > > Untuk teknis pembuatan, tahap awal 3 6 bulan ke depan, akan bekerjasama > dengan berbagai pihak, seperti ahli bahasa dan ahli dunia kedokteran mendata > kosakata apa saja yang kerap digunakan masyarakat. Selain itu, akan dicari > data kesehatan melalui naskah Sunda kuno yang belum diterjemahkan. > Diharapkan setelah terkumpul dan terdata dengan baik bisa segera > diperkenalkan dengan baik bagi tenaga kesehatan dan masyarakat umum. > > "Diharapkan hal itu bisa memudahkan tenaga kesehatan untuk mengerti dan > mendeskripsikan sakit apa yang diderita pasiennya," katanya. > > Selain itu, Ganjar juga berharap agar adanya kamus kesehatan ini bisa > menjaga kelestraian bahasa Sunda. Sangat disayangkan bila banyak istilah > atau aksara Sunda terkikis akibat jarang digunakan. > > "Prinsip saya, sesuatu yang kuno, bila sudah jarang digunakan lebih baik > dimasukan ke museum sehingga bisa dinikmati sewaktu-waktu. Hal itu lebih > baik ketimbang hilang tidak berbekas," katanya. > > http://www.kompas.com/read//xml/2008/10/21/20580555/unpad.gagas.kamus.kesehatan.berbahasa.sunda. > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
