pami sunda parantos gaduh unicode aksara,... atuh tiasa didamel "secret code" kanggo dianggo ku satria pajajaran kiwari ,... meh aya bahasa jeung aksara nu ngan pasukan sunda nu bisa maca,... hahaha,... cigana ke kang oca tiasa janten special agent james bond 007 , nami code agent na: jang obon 33x hehehe.
--- On Tue, 10/28/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] Aksara Sunda (standar Unicode jeung software) tea To: "Kisunda" <[email protected]> Cc: "Urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "barayasunda" <[EMAIL PROTECTED]>, [EMAIL PROTECTED], "Dadan Sutisna" <[EMAIL PROTECTED]>, "Dian Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Tuesday, October 28, 2008, 8:08 AM Baraya sarerea, Ka sing saha wae anu hoyong terang atawa seja diajar atawa boga maksud nyalabarkeun Aksara Sunda anu geus distandarkeun katut software font-na, mangga tiasa ngunjal (download) ti alamat ieu : http://daluang. com/gembolan- paket-unicode- aksara-sunda- v100/ kalawan password dina muka file zip-na (case-sensitive) , ieu: AksaraSunda Blog "daluang.com" teh gaduhna Kang Dadan Sutisna, salah saurang anu pangtihot-hatna, sagigireun Kang Dian anu naratas, dina ngagolkeun gelaring Unicode Aksaran Sunda jeung nyusun pustaka (direktori) "Aksara Sunda untuk Unicode" anu karek rengse anyar keneh. Anjeunna oge redaksi pelaksana majalah "Cupumanik" tea oge aktivis di sababaraha kagiatan kasundaan. Rencanana, lamun geus jinek itu ieuna, eta gembolan Unicode Aksara Sunda teh rek dipernahkeun dina hiji website khusus atawa di sababaraha website kasundaan anu ayeuna geus aya. Pidu'ana wae ti sadayana muga-muga lancar sagala rupana. Cag heula. manar
