enya kg Manar...eta teh anu PUPUJIEN... iyyyaaa ... toch? (sanes tochiya-cimahi)... pokona mah,... HOT VERDOM SYECH! baheula mah, nini uin sok nyebut kieu; HOT VERDOM ,WADAH BAKO??? omzetna milliaran cenah... rek nyaruaan omzet AA Gym....boa... he33x! ....oca tea...
--- On Fri, 10/31/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] Syekh Puji-saha inyana teh? To: "Kisunda" <[email protected]> Cc: "Urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Friday, October 31, 2008, 12:49 AM Baraya, Saha syekh Puji teh? ieu patarosan mucunghul sapadaharita nalika nonton warta di tv ngeunaan inyana (manehna). Warta anu dilengkepan ku wawancara langsung petugas satlah saurang petugas tv jeung inyana. Dina warta tv, breh katembong syekh Puji keur diuk dina bangku, nyarande kana tembok anu dina eta tembok ngagantung super tasbeh, enya tasbeh anu siki-sikina oge sagede-gede buah lengkeng. Syek Puji sorangan oge dikokongkorong tasbeh anu rada leutik manan tasbeh raksasa anu dina tembok, make jubah bodas tapi teu make kopeah atawa peci sakumaha ilaharna ajengan atawa kiyai; nyarita rada garihal jeung rada aya citra sombong atawa adigung, rada nyapelekeun masyarakat oge pamarentah (dina warta anu mimiti: "teu sieun sing ku aparata pamarentah oge da aya alesanana dina agama", kl kitu nyaritana ka wartawan tv). Dina warta tv anu kasebut di luhur, teu ditingalikeun atawa teu dicaritakeun naon nami jeung sajarah ringkes pasantren eta "kiyai". Oge teu ditingalikeun kumaha jungkiringna komplek pasantren jeung reangna pangaosan di tempat juragan syekh teh. Duka aya duka henteu pasantrenna oge. Jadi...timana eta gelar syekh teh? manawi baraya aya anu ngamonitor laporan atawa reportase media citak ngeunaan ieu syekh jeung pasantrenna? Diantos iberna. TV teh kawilang media anu pangjugalana. Anu narima informasi tina tv, lian ti bisa ngupingkeun informasi sora (berita anu dibacakeun), oge bisa ningal informasi non verbal, nyaeta informasi anu teu langsung, anu cumarita tina naon anu katingal. Upamana wae, tangtungan jeung dangdanan "sang syekh" eta geus cumarita ku soranganana sok sanajan teu didadarkeun (teu dinarasikeun) ku pembawa acara. Malahan, carita anu bisa katewak ku masing-masing pamirsa tina naon anu katingal leuwih loba jeung leuwih kuta citrana, namper dina alam pipikiran pamirsa/anu ningal. Basa non verbal dina wangun naon anu katingal dina kasus media tv (media visual) eta leuwih kuat mangaruhan anu ningal. Aya sababaraha hal anu ngeleketek si kuring natanyakeun ka-syekh-an ieu "syekh" Puji. Kahiji, dina wacana Islam di Indonesia, geus arang (langka pisan) digunakeun istilah "syekh" pikeun gelar ajengan atawa kiyai atawa ulama pimpinan pondok pesantren. Kecap "syekh" asalna tina basa Arab, "syaikhu" hartina, mun teu salah pimpinan atawa anu jadi panaratas atawa "bos" atawa "juragan". Upamana wae, pimpinan para wali dina hiji madzhab Sunni nyaeta Syekh Abdul Qodir Jaelani. Anjeunna disebut "syekh" kusabab dianggap jadi pangwalina tina wali-wali anu aya, atawa, kusabab loba anu nuturkeunana. Juragan anu ngurus jama'ah haji di Arab sok disebut oge "syekh". Dina sajarah Islam di Indonesia, aya hiji dua anu ku juru panutur sok disebut "syekh", diantarana wae 'Syekh Quro" (kl abad 14 M) - dipaparin gelar "syekh" kusabab anjeunna kaitung anu munggaran muka pasantren Al Qur'an anu lokasina di Kawarang. Salah saurang murid ieu Syekh Quro nyaeta Nyi Puteri Subanglarang, incuna Raja Sunda - Galuh, Dewa Niskala, saaki jeung Sribaduga Maharaja (kawentar salaku Prabu Siliwangi II atawa Prabu Siliwangi). Aya oge Syekh Lemah Bang, tokoh aliran mistis atawa kerakyatan/pasisian/ anu ngalawan mainstream, sajaman jeung Sunan Gunungjati. Jadi, kacindekanana, henteu asal-asalan wae make gelar "syekh" teh. Gelar syekh dipaparin ku nu sejen/lian, lain diri sorangan atawa ngaku-ngaku salaku "syekh" Kacindekan sejenna: geus lila atawa langka istilah "syekh" tara dipake atawa tara digunakeun ku pamimpin pondok pasantren atawa pamimpin informal kaagamaan- Islam khususna - di Indonesia. Ari ieu? ujug-ujug beleduh make gelar "syekh" bari ngaleng budak awewe umur 12 taunan da cenah geus ditikah. Kaduana, di kalangan pamimpin kaagamaan-Islam di Indonesia, model kiyai, ajengan ataw ulama, trend atawa kacondonganana ayeuna justru geus ngahargaan kana feminisme atawa gender tea. Tong boroning ngawin atawa nyandung budak umur 12 taunan, anu teu ngawayuh alias isterina hiji oge tos seueur. Nikah ka nu umur sahandapeun 15 taun geus teu usum, boh di rengrengan masyarakat biasa atawa di rengrengan kiayai atawa ajengan. Ari ieu? syekh ngawin isteri umur 12 taun bari jeung rada jumawa ngumumkeun rek ngawin deui budak anu umur 9 taun jeung 7 taun (sok sanajan teu teu laju). Katiluna, anu disebut "syekh" - lamun anu sabenerna - pasti handap asor, boga jama'ah lumayan, aya pondok pasantrenna atawa padepokanana, jeung...disorban atawa copelna: dikopeah alias henteu bulitir sirahna. Utamana laku lampahna, tangtu handap asor, heunteu jumawa model anu ditembongkeun ku "syekh" anu ti Semarang ieu. Anu kaopatna, tambahan wae ieu mah, Semarang an sich (teu kaasup Kudus, Demak atawa Pati) - hampura lain niat ngagorengkeun, tapi ngan saukur faktana - dina sajarah Islam di Indonesia - henteu kawentar salaku tempat tumuwuh-suburna pasantren anu ngamungkinkeun mucunghulna hiji tokoh anu payus lamun dipaparin gelar "syekh". Saha atuh "Syekh Puji" teh? mangga, daintos pangemut ti baraya sadayana. Cag. manar ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
