--- On Sat, 10/25/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat-16
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Saturday, October 25, 2008, 10:54 PM
“Hahahaha, ngan ukur sakitu kahebatan Si Tilu Dewa teh !? Nanaonan make ngaran
Tulu Dewa , teu boga cedo pisan ! Kuduna mah leuwih pantes disebut Tilu cacing
cau nu bakal kojor ! Hai arilaing kambrat2 Si Tilu Dewa, aing Si Pedang Perak
moal eureun nepi ka dieu, pantang aing mah ngeureunan hal nu acan tuntas, tah
tepikeun ku arilaing ka Si Tilu Dewa ancaman aing, mun di na waktu 10 poe eta
nu tiluan masih aya di ieu kota, aing nu bakal mereskeunana , kaharti ?!"
“Tah ayeuna aing rek indit heula !" sanggeus ngomong kitu eta Ki Semah nu
ngakukeun yen manehna Si Pedang Perak ngabelesat , ngan sakilat geus teu
katempo kalangkang2 na acan. Ngan sakilat geus teu katempo deui teh ngajadikeun
anak buah Tilu Dewa ngadaregdeg lilinieun, teu loba catur deui kabehanana ting
laleos arindit rek nyieun lapran. Demi Si Tukang Beusi mah ngajanteng wae bari
ngahuleng .
Di Markas Si Tilu Dewa, sanggeus narima eta laporan nu kacida matak
ngahariwangkeunana teh, tiluanana ngarasa bingung; lantaran maranehna nyaho yen
Si edang Perak teh jago anu hese dilawanna ; di na waktu ieu mah sigana euweuh
nu bisa nandingan eta Si Pedang Perak. Ayeuna ujug2 aya ditempat ieu bari jeung
ngamusuhan ka maranehanana; teu nyaho naon sabab musababna; padahal Tokoh Kang
Ouw saperti Si Pedang Perak teh arang langka daek pipilueun ka na urusan tetek
bengek Dunia Persilatan.
Nu pangheulana dilakukeun ku Si Tilu Dewa nyaeta ngusir anak buahna kaasup Si
Lima Jago Andelan; lantaran dianggap nu ngalantarankeun ambekna Si Pedang
Perak; sanggeus kitu Si Tilu Dewa ngondang jago2 Kang Ouw nu jadi sobat jeung
maranehanana pikeun ngabela Tilu Dewa ; lantaran keur aya di na karerepet. Teu
kungsi lila eta nu diarondang teh daratang bari jeung marawa murid sewang2an.
Nu daratang teh nya eta Imam Murtad ti Butong PaySie Thian Toojin; Si Racun
Kidul Kian Lung; Pedang Nyeri Hate Wan Khian;Si Angkin beureu Kwee Lian Eng;
jeung Si Tapak Geni Khong Kong Jie. Maranehna teh tokoh2 nu dipikagimir di
dunya Silat mah boh ku Golongan Bodas boh ku Golongan Hideung.
Demi Si Tilu Dewa ngaranna lengkepna nya eta Dewa ka hiji atawa Toa Sian, Ong
Kiok Louw Si Bedog Pati; Nu kadua Jie Sia, Phang Jie Kiong Si Ceker Rajawali;
nu katilu Sam sian ( Dewa katilu ), Louw Tie Kin Si Kalangkang Malikat lantaran
Ginkangna alus pisan.