samentawis sim kuring mairan sakedik.
perkawis dayak indramayu, upami hoyong langkung paos, saena mah ditepangan 
atanpi dianjangan ka lemburna di Losarang Indramayu.
salangkung mah aranjeuna siga nupikasieuneun, tapi sanaos katawisna 
"pikasieuneun" tapi manahna mah langkung berbudi ti batan anu raksukana "necis".
urang dayak indramayu upami teu lepat aranjeuna nyebat sabage : Dayak Hindu 
Buda Bumi Segandu Losarang, tapi saurna sanes Dayak kalimantan, sanes Hindu 
agama hindu, sanes Buda agama Buda...tah langkung jentrena mangga geura 
anjangan ari urang ngarangken dulur ka sasama urang sunda mah. da aranjeuna oge 
kalintang nyaah ka "sunda" ajrih ka "sunda".

mung sawatara sababaraha sasih kapengker, kantos dianggap kelompok ajarana 
atanmapi aliran sesat ku MUI setempat, dugikeun ku kelompok islam "garis keras" 
aya bewara bade diserang dibakar sagala..bari jeung teu aya nanaon dugi danget 
ieu mah...muga ulah aya nanaon salajengna...

Dulur ti Dayak Indramayu ieu saapal kuring, mulai beuki tenar sabada aranjeuna 
milu atawa diajak ilubiung dina acara seren taun 22 rayagung di lembur AKUR 
Cigugur-Kuningan, tidinya warta ngeunaan dayak indramayu mulai deui diudag ku 
para wartawan.

sakitu heula..kirangna mangga tambihan atanapi lereskeun,
langkungna muga nu leres, mung langkung lepatna mangga geura bebenah ku 
pamendak masing-masing.

rampes..


________________________________
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja

iyeung, dak aong.... 
pabaliut deuiiiiiiii. bae..yeuh. ..

ari  judul DAYAK INDRAMAYU,.. ..
ari caritaaaaa.. .mani lucu, mamayu...
sugan ...uin urg malayu?
soal ngaran gen mani payuuuuu...
padahal tibalik bajuuuuuu...
hayyyyyyuuuuuuuu. ..
buru-buru...
udud surutuuuuuu. ..
ngarah katingal jaluuuuuu...

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke