Leres pisan kang obay, seueur anu masih tikosewad antawis e jeung eu. Urang silih emutan we atuh, supados janten leres sadaya dina nyerat basa sunda, henteu mung ukur dina cacaritaan.
________________________________ Dari: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Selasa, 4 November, 2008 10:42:40 Topik: [kisunda] E jeung EU........... Sok ateul lamun maca tulisan anu pabaliut dina ngalarapkeun E jeung EU - na. Meureun pedah basa Sunda mah basa rasa keur kuring mah, jadi sok asa hambar lamun maca kalimah ngosewad tina irongan. Conto-conto di handap ieu sok mindeng/sering salah tulis: Pameugeut - kedahna Pemeget Kaleureusan - Kaleresan Heunteu - Henteu Jrrd.... Tah ieu mah lain arek ngalelewe atawa ngagigiras anu diajar basa Sunda, tapi ngingetan ka kum na Ki Sunda di milis ieu supaya aya koreksi lamun manggihan kecap anu ngosewad. Hal ieu pikeun bahan diajar urang sarerea kaasup kuring pribadi. Baktos, Obay. ___________________________________________________________________________ Dapatkan alamat Email baru Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/
