Neraskeun, punten nembe teu acan rengse tos ka kapencet "send." Ngiring mairan aah.. Kunaon pangna munding sok diangge nami ku luluhur urang, lian ageung jasana keur bangsa nusantara, mungkin oge ngandung hartos sareng palsapah, upamina bae: 1) munding ngagaduhan watek nu tenang/lungguh, akur jeung sasama tara aya pacengkadan, jeung silih asuh-asih (asahna mah duka tah), tapi nyimpen tanaga nu luar biasa, tapi mun geus edan matak pikasieuneun, jigana loyog jeung umumna watek urang sunda nu umumna adem, sabar, teu resep pagetreng tapi mun ditincak-tincak teuing mah sok ngamuk teu sieun ku naon bae oge. 2) munding ilaharna boga kulit hideung.....tah ninggang deui kana palsapah hideung dina kasundaan nu hartina kukuh atanapi tetep (boga rasa tumarima kana kudrat/kersaning ti Nu Maha Kawasa) 3) laya atanapi tempat guyang (=ngabdi) munding nyaeta dina leutak. Ari leutak teh nyaeta campuran ltaneuh sareng cai. Taaah...., jadi munding teh nyimbulkeun jalma nu ngabdi (berjuang) keur lemah caina, matak panten sok diangge julukan nami luluhur Sunda. Kitu manawi sun. pun tabe pun Engkus --- Pada Rab, 5/11/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Dari: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> Topik: Bls: [kisunda] Munding <> Sapi Kepada: [email protected] Tanggal: Rabu, 5 November, 2008, 4:27 PM Ngiring mairan aah.. Kunaon pangna munding sok diangge nami ku luluhur urang, lian ageung jasana keur bangsa nusantara, mungkin oge ngandung hartos sareng palsapah, upamina bae: 1) munding ngagaduhan watek nu tenang/lungguh, akur jeung sasama tara aya pacengkadan, jeung silih asuh-asih (asahna mah duka tah), tapi nyimpen tanaga nu luar biasa, tapi mun geus edan matak pikasieuneun, jigana loyog jeung umumna watek urang sunda nu umumna adem, sabar, teu resep pagetreng tapi mun ditincak-tincak teuing mah sok ngamuk teu sieun ku naon bae oge. --- Pada Sel, 4/11/08, Maman <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: Maman <[EMAIL PROTECTED]> Topik: [kisunda] Munding <> Sapi Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 4 November, 2008, 3:26 PM Aeh aya oge nya bahasan perkawis munding. Janten anu ngabedakeun urang jeung munding teh naona ? Naha aya paribasa "tuturut munding" lain "tuturut tutut ? " --- On Sat, 11/1/08, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com> wrote: From: ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] oilfield. Slb.Com> Subject: Re: Bls: [kisunda] Panyelang oge ngarah rame - Sapi To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Saturday, November 1, 2008, 3:21 PM Nyaan Ambu mah moal kasamaran nya........leres pisan di urang mah munding anu gede jasana kana kahirupan mah, ti mimiti ngagaruk sawah, ngagiling pare, narik padati, jrrd. Matak munding mah dipake ngaran ku sawareh karuhun urang, siga Munding Kawati, Mundinglaya di Kusumah, teu aya sugan Embekawati atawa Sapilaya. Kecap sejen keur nyebut munding nyaeta peryoga (prayoga), sok disabit-sabit geningan tina "tata titi duduga peryoga", anu hartina kokoh/sembada/ At 11:36 AM 11/1/2008, richadiana kartakusuma wrote: Gamparan JASA SATWA dina masing2 budaya benten nu dianggap ageung JASA di NUSANTARA mah MUNDING, sanes EMBE BADOT atanapi SAPI mung leres etah EMBE teh ngabalukarkeun NAPSU ku ageung2 matakna tea, urang BATAWI anu kasebat pang-BEUKIna EMBE dipadu ku KADU (DUREN) teh seu-eur anu ujug2 GULA DARAH NAEK, oge DARAH TINGGI teu antaparah deui.... HOS BEH.... mecleng ka PAGETO Tabe pun AMBU Dapatkan alamat Email baru Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! ___________________________________________________________________________ Dapatkan alamat Email baru Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/
