aya nu pernah ngomong ka kuring, "ulah abongkéna lulus statistika, sagala
kuma data. abongkéna lalaki leuwih loba ti awéwé, nyieun cicindekan
sagawayah, na mémangna kabéh jalma pada-pada geus karawin, hah? hanteu
deuleu (réd:abong jeung babaturan wé ieu mah). galituk kénéh bujang jeung
parawan. dalah duda jeung randa gé, balataks. yeuh déngékeun ku jejebir
silaing (réd: heueuh abong kéna deui), kawin mah lain kuma data komo kuma
batur siah, tapi kuma kahayang jeung kuma karep jeung kuma pipilih. mingkin
gedé éta tilu kuma, mingkin téréh sia kawin." cenah...

haha... wilujeng rieut!!

d

tah nu karandapan , darajat 'tilu-kuma' kuring ge masih handap, padahal
ampir-ampir nincak sapertilu abad... (heuheu... anggeur ari geur curhat
colongan teh)

On Wed, Nov 5, 2008 at 1:12 PM, adam radiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    pantesan ari lalaki leuwih rea ti awewe mah...
> nepi kakiwari kuring acan nikah2....sok atuh tong nyandung wae karunya nu
> bujangan...hehehehehehe
>
>
> ".....Dan Alloh lebih dekat dibanding urat leher"
>
>
> wassalam,
>
>
> adam radiman
> e-mail: [EMAIL PROTECTED]
> blog : radiman.wordpress.com
>
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke