heheheeeee....si AbhSph anu bageur....guru uin... Nyakseni,.....yen, kedah atos atos mayunanan bujangga atw seniman? Atw sarupaning sajak anu endah, padahal ranjau... Maksadna anu pinuh ku ranjau-ranjau siloka... bisa mamala mun teu sarasa... Sami-sami di kitab Suci oge kitu....? bakal aya 73 golongan, malah bisa nk beda masigit?... nepi ka aya anu embung di imaman ku batur... ari madhab, ari torekat, ari sekte mah biasa..kan? kabeh ngaku sa Kitab anu, ngaku pangbenerna... kabeh sarua solat.....sunnah jg syi'ah... jadi rame dunya, gara2 rasa aing anu pangbenerna? saha anu raheut ku peso teh?...................................................... uin bah! moal nyalanggeorkeun kabatur.... 200 yuta ngaku sa-kitab, tapi bisa jadi silih raheutkeun? uin anu raheut hate...sedih... padahal ummat anu sakitu potensilna sadunya, aya di Nusantara.. lamun enya anu sa'rasa' eta 50 yuta weh... bisa meledak dahsyat tah nagara Indonesia... bakal jadi picontoeun keur umat Islam di nagara sejen... ku Islamna bangsa Indonesia!... hampura, lain ku Islamna bangsa Arab... jelas dimana demokrat jg republikna ...heheheeeeee urang cumeluk ka sakabeh, sing tingtrim, ulah silih beubeutkeun, anggur silih rojong.....
elmu Sunda, ngeunaan istilah dina hiji kecap .,aya panta2 basana nyaeta silib, sindir, sampir, siloka jeung sasmita. lima panta2 ieu, anu bisa beda tapsir gumantung kana kecapna. kecap anu dipasang dina kalimah naon, bisa nunjukkeun dina panta naon..... jeung ulah hilap, kasang tukang eta kalimah anu luyu jeung jamanna... mun eta kalimah teu kajamanan, moal ka-udar hartina... hampura lain saukur basa rasa anu jadi andelan keur maca karya luhung mah.. memang basa Sunda , basa rasa....tapi kalimah utuhna anu perlu di cindekkeun... conto dina ngaguar/ medar, alif lam miim...ayat muttasyabihat...geus dilevel sasmita!. jawaban uraian ti eta kalimah? Hanya Allah yang maha mengetahui...kutan??? kumaha asbabun nuzulna, di mangsa naon, kumaha tingkat/gradasi 'sajak'na.... kadang midua harti, nk miopat harti...pan sering kajadian?...teu aneh uin mah... da syair sajak. atw syair na kitab Suci saur Abh , mirip kan? dina harti mun teu asak sasar, jadi raheut? hampura uin teu wasa, ngaguar Al Qur'an teh ku sabab kitu... kusabab mun rek ngaguar Qur'an mah kudu ku Qur'ana deui...hampura... sok sanajan puluhan taun di pasantren, angger we aya perbedaan tapsir enya perbedaan teh kudu jadi hikmah keur sarerea... lain hikmah keur jadi parasea.... sakieu heula sementawis BahSph oge baraya sadaya...uin bade ka kantor heula.... hampura isun...anu teu luput tina kasalahan..dina raraga silih simbeuhan... kggo saterasna uin bade nyabit 'sapatemon'na HM! Jung indung turun-(kinanti) dicutat tina GENDINGAN DANGDING- SUNDA BIRAHI-katut wirahmana... masalah WIWIT, HURIP jeung HIRUPna Manusa... ieu argumentasi uin anu netelakeun yen Rasa Sunda, make pendekatan Islam teh..... urang padungdengkeun... he33x! ....oca tea... --- On Thu, 11/6/08, Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Lupakan Teori-teori.... To: kisunda@yahoogroups.com Date: Thursday, November 6, 2008, 2:11 PM Ah tadina bade tahajud, tuluy tunduh, ngudupruk weh dugi ka subuh.... Tah kitu geuning nya balukar tina lepat "fa'lam" kana sajak teh, tina sholat dekul-dekul jadi sholat ngedul-ngedul....sapertos sohib Bah Ocaaaa!. Numawi kedah atos-atos mayunan para bujangga sareng seniman, dina sarasana janten berkah dina teu kapendakna janten mamala. Teu benten murangkalih nyoo peso, upami lepat nyepengna matak raheut....... Sajak-sajak gamparan sapertos peso seukeut, kade tah ulah disimpen dimana wae bilih dicoo ku budak....he..he.. Sami Kitab-kitab Suci ge kitu, janten rohmat teh keur anu mikir, dewasa tur bijaksana. Tapi keur anu kelud mikir, bubudakeun jeung kirang elmuna.......matak jadi linglung...teu kataekan tea...Tapi aya deui pamendak ANU KATILU saurna mah anu sae teh anu mikir tapi bari dzikir........ Rek kahartos rek henteu kana soal bahasa rasa, tetep we aranjeunna mah sholat........sapertos para sahabat Nabi. Salam, AMS --- On Fri, 11/7/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Lupakan Teori-teori.... To: kisunda@yahoogroups.com Date: Friday, November 7, 2008, 1:51 AM Haar... na kedah diguar ku uing, ke bisa jadi salah kaprah geura uing mah. Suhunkeun we atuh kang Ajip nu ngaguarna. Sigana mah nu kitu man nembe fakra, teuacan digi ka fa'lam kan sajak2 HM. Salam, Sarabunis Mubarok_____ ______ Singaparna ----- Original Message ----- From: Roza Rahmadjasa Mintaredja To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Friday, November 07, 2008 1:39 AM Subject: Re: [kisunda] Lupakan Teori-teori. ... haaaaah...dk kituna kg Ayip teh, kg Bunisora, kg Ramenulis?.. . ti miimiti hoream solat, nepi ka solat dekul-dekul? haaaar tibalik jeung batur uin, ari kitu mah,,,, timimiti solat dekul-dekul. ....saparantos maca HM teh... jadi solat dhaim....? anu mana nu kataekan tah? ciiiik tulungan...kg Bunis... pangguarkeun. .. sugan uin bisa milu kataekan.... he33x! ....0ca tea...