Carita Pondok Sarabunis Mubarok SASAKGANTUNG, 1997
Malem Salasa, 7 Juli 1997, ba'da Isya, kuring nepi ka Cileunyi. Beus nu ditumpakan ti Ciamis teh jurusan Jakarta. Samemeh ka Tol Padaleunyi, panumpang nu rek ka Bandung Kota dititah turun. Kuring milu turun. Rada baluweng, saumur-umur kakara nincak Bandung. Kuring muru telepon umum, rek nelpon lanceuk, rek nanyakeun pilampaheun satuluyna. "Teu acan uih, nuju meeting di kantor pusat, atuh nelepon satengah jam deui, manawi tos uih." sora wanoja na gagang telpon. Halimpu, ngan mawa hanjelu, lanceuk taya di tempat. Tungtungna kuring nanyakeun ka tukang warung, bari meuli roko. Ari dibeulian mah, tukang warung oge mani someah nuduhkeun jalan kalawan jentre, kaasup nyebutan angkot-angkotna. Ti Cileunyi ka Cicaheum, tuluy ganti angkot nu ka Kalapa-keun, turun di Lengkongbesar. Kapanggih Jalan Sasakgantung nu rek dijugjug. Heuleut lima menit, anjog ka alamat imah nu dibikeun ku lanceuk. Sanggeus mencet bel, panto aya nu muka, kuring ngawawuhkeun diri, satuluyna diajak asup. Ti luar, ieu imah teu beda ti nu lianna. Padahal jerona lain saimah-imahna, lian ti bangunan masekon teh, di lotengna loba komputer. Handapna teu beda ti mess karyawan. Aya 8 kamar, 3 jamban, dapur, musola, rohang tengah, tepas, 2 kamar hareup paranti awewe, jeung rohang administrasi. Lotengna 2 rohangan, aya jamban di juru. Di gigir imah aya palataran lega, masekon, dikubeng ku benteng jeung panto garasi. Aya 2 jip, sedan, meja pingpong jeung popoean. Demi pangeusina 14 urang, can rarumahtangga. 10 lalaki kaasup lanceuk jeung 4 awewe kaasup tukang masak. Kitu nu kungsi dicaritakeun ku lanceuk ngeunaan imah nu kiwari ku kuring diasupan. "Mas Roy, Mas Roy, Ieu aya raina Kang Zulfikar ti Ciamis." Ceuk wanoja nu dituturkeun ku kuring ka rohangan tengah. Katempo aya duaan nu keur catur dilalajoan ku tiluan, jeung nu ngarariung na alketip keur lalajo tivi kaasup lalaki nu disebut Mas Roy. "Oh, iya...iya, tadi Mas Zul ges titip pesen, cenah kalau adeknya dateng disuruh istirahat di kamarnya aja, soale kemungkinan Mas Zul meetingnya dugi ka malem pisan." ceuk nu ngaran Roy nyarita campur basa Sunda ku lagam Jawa. Najan arera, kuring nembongkeun paroman darehdeh, sasalaman bari silih wawuhkeun. Lian ti Roy, ngaran-ngaran nu kacangkem teh, Yuda, Edo, Rajak, jeung Ajang. Nu ker catur Aji jeung Sarijan, tina lagamna, duanana urang Jawa. Ari wanoja nu nganteur mah teu kungsi ngawawuhkeun ngaran, ngan nu di darinya nyarebutna, Rosmi. Nu lianna cenah keur di laloteng, maraen game. Beres sasalaman silih wawuhkeun, kuring dianteur ku Rajak ka kamar lanceuk. Satutasna ucul-ucul babawaan, kuring ngagubragkeun karep kana kasur. Les we teu inget di bumi alam, asup ka alam impian, rek melak angen-angen di dayeuh harepan. Lilir-lilir janari leutik bari rada rungah-ringeuh. Kakara ngumpul pangacian teh sanggeus nempo gigireun aya lanceuk kuring keur sare mani tibra. Lila kuring neuteup manehna, nitenan gurat-gurat beungetna. Gurat nu nandakeun loba beubeurat hirup alatan kapaksa kudu jadi gaganti bapa. Beubeurat nu teu ilahar dipikul ku lalaki umur duapuluhan, bawaning hayang ngurangan kasusah indung, nu tihothat ngala keur sapopoe bari koreh-koreh cok. Sumawona keur biaya sakola, rek ti mana mun lain tina kesang manehna. Hate ngaleketey nempo warugana. Moal boa nu jadi lanceuk teh maksa karep meper sagala kahayang lalaki saumurna, alatan kanyaah jeung tanggung jawabna kudu nyakolakeun opat adina di lembur, bari gajih teu sabaraha. Dua di SD, hiji di SMP, jeung kuring nu kakara saminggu lulus SMA, nu kiwari satengah dipaksa kudu datang ka Bandung, bari rek ngaririweuh manehanana. Teu karasa aya nu ngeyembeng na juru panon. Komo hate mah jumerit leuwih ti cerik, ras inget ka indung nu ngagukguk ceurik basa kuring indit, ras inget ka bapa nu geus taya dikieuna, ras inget ka adi-adi kuring nu pareurih hirupna, ras inget kana beubeurat hirup nu jadi lanceuk, teu kuat, cimata bedah, ngalembereh marengan ibun peuting munggaran kuring hirup di Kota Bandung. Kuring narik napas panjang, tuluy cengkat, kaluar ti kamar muru jamban rek wulu, tuluy sholat isya sakalian tahajud. Teu karasa geus tilu poe di Bandung teh, kabeneran halodo. Unggal poe mapay kota, ka gang-gang sarebu punten, ngapalkeun jalan bari nunutur trayek angkot jeung beus kota. Di imah mah kararesel, puluhak-polohok bae siga embe jualeun. Taya batur iwal Si Mba, tukang masak. Lian ti Roy, Edo, jeung awewe, sesana di laloteng tingkeletrek na komputer. Roy mah arang di tempat, cenah bagean ka bank, mun Edo tugasna di kantor pusat Jalan Patuha. Di rohangan Administrasi aya dua awewe nu keur pakepuk, jeung nu ngarana Rosmi nu gawena nelepon. Pasosore areureun gawe. Pangeusi imah pada-pada boga karesep. Aya nu ngoprek barbel, aya nu pingpong, aya nu gigitaran, aya nu lalajo tivi, aya oge nu ngadon arulin ka Alun-alun. "Geus manggih nu cocog sakola grafis teh, Zen?" Lanceuk nanya, dumeh kuring tilu poe kamari alesan ngubek kota Bandung teh rek neangan sakola komputer grafis. "Acan, Kang, aya nu deukeut ti dieu marahal, aya nu rada murah jarauh." Kuring ngajawab singget bari rada era, rumasa waktu tilu poe teh loba dipake ulin. "Eeuh, maneh mah loba alesan, kahayang gede tapi siga teu daria. Geus kieu we, akang kamari ngobrol jeung kawawuhan akang urang Karapitan ngeunaan maneh. Manehna teh nu boga LPK "Merkuri Jaya Informatika". Tina obrolan teh akang meunang bongbolongan ngarah maneh bisa komputer grafis, meunang ijasah, bari teu kudu sakola. Daek teu?" "Maksudna kang?" kuring kerung malik nanya, teu ngarti. "Kieu, Zen, maneh diajar komputer grafis di dieu bae, di loteng, ke geus lancar, maneh kari milu ujian di LPK kawawuhan akang tea, ngarah boga ijasah. Pereluna ge ijasah lin?" Lanceuk nyarita daria. Kuring unggeuk nyatujuan. Pikir teh sugan we kieu mah bisa ngurangan beubeurat nu jadi lanceuk, utamana sual waragadna. *** Geus tilu minggu diajar komputer tina buku-buku meunang mangmeulikeun lanceuk. Remen oge dipapatahan ku babaturan saimah. Diajarna ti ba'da Isya tepi ka Subuh, bari maturan lanceuk nu unggal peuting tara sare, cenah salaku teknisi komputer, nya lancek nu tanggung jawab kana lalulintas data internet pausahaan nu kudu digawean peuting. Kitu nu kuring nyaho mah, tara loba tetelepek da dicarek. Rusiah pausahaan, cenah. Teu burung sumanget diajar teh. Lanceuk kaciri bungaheun, tepi ka daek nganganteur ngubek Palasari neangan buku. Oge mangmotokopikeun diktat jeung buku-buku ti urang Karapitan tea. Cenah ambeh diajarna nyoko kana kurikulum LPK. Lian ti eta, kuring ge diajar hardware unggal lanceuk ngomean komputer ruksak nu dikirim ti divisi-divisi pausahaan atawa ti kantor cabang. Aya-aya bae pasualan teh, kakara ge resep diajar komputer, der teh peuting-peuting lanceuk pasea parea-rea omong jeung nu ngaran Ajang. Pasualanana mah teuing nanahaon, ngan kaditu-dituna teh jadi nyabit-nyabit ngaran kuring. Hadena kapegat ku telepon keur ka lancek, parea-rea omongna teu dituluykeun. Tungtungna pasualan ngagantung, Duanana jadi kawas cai jeung minyak, mun patepung ngabalalieur, cadu patanya sok sanajan aya perelu sual pagawean. Dasar beja mah lampar, tilu poe ti harita beja nyebar sapausahaan. Tepi ka duanana kudu ngahadep ka HRD di kantor pusat. Kuring baluweng, najan loba babaturan lanceuk nu ngahatean, angger wae hariwang. Rada reugreug teh, sanggeus nu pasea mulang ti kantor pusat bari geus akur deui. Malah digarawe deui siga nu lain tas parasea. "Wayahna Zen, beurang mah maneh ulah aya di dieu! Maneh di dieu teh dipasualkeun tadi di HRD. Untung aya Kang Edo nu mantuan akang sangkan maneh bisa di dieu bari teu kanyahoan ku Si Bos. Najan maneh adi akang, ceuk pausahaan mah angger dianggap urang luar, teu meunang cicing di dieu. Wayahna, Zen! Isuk, isuk-isuk maneh kudu indit, magrib kakara meunang balik. Eta oge pedah wae aya kabijaksanaan ti Minijer HRD." ceuk lanceuk nyarita anca, bangun teu tega. Kuring ngeluk, malik karunya ka nu jadi lanceuk, rumasa geus ngaririweuh manehanana. "Kang Ajang kumaha, Kang?" kuring panasaran. "Geus rengse pasualan jeung Si Sarjang mah, tong jadi pikiran, ngarana ge jeung babaturan, ilahar pasea mah, asal akur deui we." ceuk lanceuk ngareugreugkeun kuring. Ngan hate bet teu puguh rasa, aya hariwang nu tingpecenghul teuing ti mana. Waktu digiles ku rupa-rupa wates nu jaga ngirim wawales. Teu karasa geus dua satengah bulan ti saprak lanceuk pasea jeung babaturanana. Geus biasa, unggal isuk-isuk sanggeus mumuluk, kuring ninggalkeun ti imah. Ninggalkeun Sasakgantung, ulin kamana karep. Reremenna mah ngadon sare di Masjid Agung. Magrib kakara balik. Mandi, dahar, shalat, tuluy ulukutek na komputer di loteng nepi ka subuh. Sare sakeudeung nepi ka pukul tujuh, mumuluk, tuluy ninggalkeun Sasakgantung. Kitu jeung kitu sapopoe salila dua satengah bulan teh. Iwal poe Ahad. Ahad mah poe pere, poe ngeunahna sare. Ti subuh kuring langsung ngaguher. Sare dina kasur, teu kaganggu ku marebot kawas di Masjid Agung. Hudang lohor, shalat, dahar, tuluy nyeuseuh, sakalian mangnyeuseuhkeun pakean lanceuk. Sorena pingpong, atawa krambol. Kalan-kalan diarajak ulin ka Alun-alun atawa ka BIP. Jadi waranoh we jeung pangeusi imah teh. Kitu deui jeung awewena, Rosmi, Dina, Mujiyani, jeung Cici tukang masak. Biasana kuring sok ditaranggap. Obrolana mun teu sual lembur, sual sapopoe ninggalkeun Sasakgantung. Mun teu kitu kuring ngadon ngabodor. Betah ari jeung awewe mah, najan saluhureun tilu-opat taun oge, asa sababadan bae. Keur mah gareulis, komo Mujiyani mah, sok bari cuwat-ciwit sagala. Ngan kagok teh ka Rosmi, lian ti umurna rada jauh, Rosmi teh bebenena Aji. Malah cenah kungsi aya beja reuneuh sagala, ngan digugurkeun, jeung dipindingan ku Si Bos, da Rosmi salah sahiji kapercayaanana. Lian ti minggu mah, angger we kudu hudang isuk-isuk Panon cepel, sare kakara dua jam geus kudu mabur ti imah. Ngan aya hadena, jadi apal Kota Bandung jeung nambahan kawawuhan. Utamana jadi teu remen teuing kerek di Masjid Agung, da kalan-kalan mapay kawawuhan ngadon milu sare. Kungsi 5 kali sare di teun Si Leman di Pangarang, di kontrakan di Ucok di Karapitan 4 kali, 3 kali teun si Emed di deukeut Pasar Ancol, 2 kali teun si Iip di gang peuntaseun Unpas Lengkong Besar, ngan reremena mah di imah Mang Emuh, sisi Cikapundung. Mapay we kitu. Mun keur areuweuh, nya di Masjid Agung deui we, bari api-api wiridan ba'da sholat Dhuha. Ngan ti lohor kasorenakeun sok kararesel. Bosen ulin di Alun-alun, Kalapa, Pasar Baru, Cibadak, ABC, Braga, Kosambi, kalan-kalan mah leumpang teh tepi ka Cicadas. Nya ku kituna mah pantes, atuda teu boga duit, dibekelan ku lanceuk teu sabaraha, ngan mahi keur rokok jeung jajan. Mun kabeneran lanceuk mere duit rada gede mah osok rada jauh ulin teh. Ka Cibaduyut, ka Palasari atawa ka Cihampelas. Tara barang beuli, ngan laha-loho we nempoan barang-barang bari ngahariring lagu "Termiskin Di Dunia". Nya da ulinna oge ngan samahina ongkos wungkul. Lian ti ahad, kungsi opat kali teu kaluar ti Sasakgantung. Dua kali alatan gering, sakali kabeurangan, euweuh nu ngahudangkeun da lanceuk teu mulang ti divisi nu di Talun, Rancaekek. Sakali deui mah, alatan Si Bos datang ka Sasakgantung jam satengah tujuh isuk-isuk. Kuring reuwas kacida, komo lanceuk mah. Bari keketeyepan, kuring nyumput di kolong dipan, bisi Si Bos laha-loho ka kamar. Teu lila tagiwur teh, teu kuat tunduh, kuring kaburu sare. Hudang-hudang lohor, kahudangkeun ku ararateul digemrong reungit, awak cepel teu mandi, bari dibalur ku kekebul kolong dipan jeung ramat lancah. Teu bisa kukumaha, nyempod we bari gagaro teu eureun-eureun. Keuheul. Keuheul nu teu puguh keuheul ka saha, basa nyaho singhoreng Si Bos jam salapan ge geus ninggalkeun Sasakgantung, sabot kuring sare. Ari kuring ngahephep nepi ka Asar, tepi ka kapaksa teu sholat lohor. Kaluar ti kolong dipan oge, pedah lanceuk ka kamar bari ngobrol jeung Sarijan. Bareng kuring kaluar bari belewuk teh, ngadon tingharuleng. Singhoreng, disangkana kuring geus euweuh di imah satutasna si bos kaluar. Da basa sainditna Si Bos, lanceuk kuring kungsi ka kamar, ngan cenah euweuh sasaha. Didongengkeun ripuhna di kolong dipan salila-lila teh, sarerea kalah sareuri. Kuring tungtungna milu seuri najan keuhel keneh oge. Ngan ti harita lian ti Ahad mah, teu kungsi deui beurang-beurang aya di Sasakgantung. *** Ujian di LPK lancar, meunang ijasah bari nileyna nyugemakeun, sual waragadna mah teu pati apal, ngan cenah teu gede, da lanceuk oge mani nunuhunan ka kawawuhanana teh. Teuing kumaha hukumna mah cara-cara teu ilahar cara kitu teh, teu dipikiran jauh, lantaran loba pasualan sejen, utamana kudu neangan gawe. Kudu meunang tempat ngarah gancang kaluar ti Sasakgantung. Tadina, peuting ayeuna mah rek sare. Ngan sirah muter kaditu-kadieu. Antukna kuring hudang, kaluar kamar rek nyokot koran ka tengah imah. Kasampak Roy jeung Sarijan keur catur, Yuda, Ajang jeung Aji keur ngobrol, tivi hurung taya nu ngalalajoan. Kuring teu lemek, ngan seuri leutik ka Yuda nu noel ngeleg ka kuring basa ngaliwat ka gigireunana. Sanggeus nyokot koran, ka kamar deui. Tuluy ngagugulung iklan lowongan pagawean. Dipapay, nu kapilih dicirian, aya limana lowongan bagean grafis teh. Rengse nyirian, kuring kaluar deui ti kamar, tuluy ka loteng nyampeurkeun lanceuk nu keur kutak-ketik dina komputer parantina. "Kang, kuring rek nyieun surat lamaran kerja, papatahan, nya?" ceuk kuring daria.. "Sok nyieun heula sorangan, engke ku akang dipariksa, akang keur kagok yeuh pagawean." ceuk lanceuk, bari siga teu purun ngalieuk. "Okey, kang!" kuring surti, bari tuluy ngahurungkeun komputer. Tuluy ngamimitian ngetik, diselang ku ngahuleng. Ngetik bari dibaca dibulak-balik tug tepi ka rengsena. "Sok nyieun CV na!" ceuk lanceuk bari noyod ngetik. "CV? Naon CV teh?" kuring kerung, can apal. "Heeeuh, maneh mah teu apal CV-CV acan, singgetan tina Curriculum Vitae, hartina riwayat hirup." lanceuk nyarita bari ngalieuk saeutik. Tuluy cengkat, nempo kuring siga nu bingung teh. "Tah kitu, bener, loba lowongan na koran oge, katarima henteuna mah kumaha milik." Ceuk lanceuk bungaheun, nempo kuring mamawa koran. Tuluy ngadeukeutan. "Sok tulis judulna, Daftar Riwayat Hidup." ceuk lanceuk bari tuluy mapatahan, tutunjuk, nerangkeun, nepi ka rengse. Surat lamaran dibebener kekecapanana, oge cara nulis jeung wangun suratna. Sarengsena CV jeung surat lamaran diprint, kuring gancang turun muru ka kamar. Sare tiheula ninggalkeun lanceuk nu keur ulukutek keneh dina pagaweanana. Isukna, kuring ninggalkeun Sasakgantung. Ayeuna mah rada seger, peutingna cukup sare. Surat lamaran geus lengkep jeung pasaratanana. Ti nu lima lamaran teh, dua dikirim ku Pos, tilu dianteurkeun langsung. Memeh lohor, rengse surat lamaran teh diiangkeun kabehanana. Tuluy huleng jentul di Masjid Agung nungguan lohor. Balik ka Sasakgantung mah angger magrib. Peutingna nyieun deui lamaran keur ka pausahaan nu masang iklan poe tadi. Tuluy ngobrol jeung lanceuk, sagala diobrolkeun. Nepi ka manggih ideu ngalamar ka pausahaan nu aya dina buku yellowpages. Teu diengkekeun, langsung digawean, ti mimiti milihan pausahaan nu loyog jeung nu dipikahayang, tepi ka hanjat deui ka loteng nyieun suratna. Rengse kabeh sapeuting eta. Jadi boga dalapan amplop kirimkeuneun teh. Isukna, kuring langsung ka Kantor Pos deukeut Alun-alun. Lima lamaran teh dikirim ku Pos. sesana dikirim langsung, da tempatna teu jauh ti Alun-alun. Lamaran pamungkas dikirim ka Cibadak. Balikna leumpang mapay Cimol, teu hayang nempoan pakean urut nu rantung sapanjang Cibadak, geus remen ka dinya mah. Tuluy mapay Dalem Kaum bari disuguhan kageulisan Sales Promotion Girl lengkep jeung baju ngatung pleus erok sentutna. Lol ka Alun-alun, kuring langsung muru ka juru wetan, peuntaseun bioskop. Karasa adem belah dinya teh, matak betah dipake reureuh. "A, kangge nambah-nambah!" dua lalaki teu apal ti mana datangna ujug-ujug aya harupeun bari nampan. Tina dangdanan ge geus kaciri lain jelema bener. Nu hiji leungeuna pinuh ku tato, awakna seseg, nu hiji deui mah jangkung begang, buukna panjang teu kaurus. "Naon ieu teh?" ceuk kuring polos. "Sabaraha we A, enggal kangge nambih-nambih!" Nu ditato nyarita lemes tapi paromana teu someah. Panona molotot, bari leungeunna nu nampan teh ditekenkeun kana dada kuring. Maca galagat picilakaeun, kuring ngareugreug-reugreug karep, ngan nu kapikir teh nyarita jujur saayana. "Duh, punten nya, A, abdi teh sanes alim masihan, abdi ge nuju milarian damel, tuh ieu dina map oge, keretas lamaran wungkul. Kieu atuh nya, abdi ieu mung gaduh lima rebu-lima rebuna, urang silih tulungan bae, keun we nya saalit ewang oge. Ieu nu lima rebu teh urang bagi dua, dua rebu kanggo ongkos abdi wangsul, tilu rebu kangge Aa duaaneun, kumaha?" kuring nyarita polos saayana, bari nenembongkeun duit lima rebu salambar. Nu duaan silih pelong bari rada kerung, teu lila nu ditato mere tangara ka nu jangkung supaya mutuskeun. "Kumaha nya? Pameng, euwueh pulang." Nu jangkung nyarita lemes sawareh. "Gentoskeun we atuh A, tuh ka kios roko manawi aya, ieu A, ieu artosna!" ceuk kuring lempeng, nitah nukeurkeun duit lima rebu perak ka nu keur malak. "Enya jig geuwat ku maneh tukerkeun kaditu, Aing nungguan di dieu." Nu di tato ujug-ujug milu panuju ka kuring, bari sangeunahna nitah ka baladna nu jangkung. Nu jangkung ngaleos nukeurkeun duit. Nu di tato tuluy ngajak ngobrol, tatanya sual neangan gawe. Kuring nerangkeun alakadarna, cukup keur mangaruhan manehna yen kuring ge sarua jalma ripuh. "Ieu A, dua rebu.., ieu cenggo ewang aing jeung maneh." Datang-datang nu jangkung langsung nyarita bari ngasongkeun dua rebu ka kuring, tuluy mikeun sarebu lima ratus ka nu ditato. "Nuhun, A, sok sing mangpa'at artosna!" ceuk kuring ngabetrik mamarasna. "Sami-sami, A, hatur nuhun, didungakeunlah ku abdi, sing digampilkeun sagala pamaksadanana, utamina sing kenging padamelan nu dipikahoyong." Nu di tato nyarita daria, make mangduakeun sagala, tuluy duanana ngajak sasalaman, bari nunuhunan jeung ngadungakeun deui. Kuring seuri leutik bari ngahaminan. Saminggu ti harita, kuring katarima gawe di pausahaan imagesetter di Jalan Pungkur. Digawena ti jam tujuh isuk-isuk nepi ka jam tujuh peuting. Kuring bungah kacida. Najan gawena ti isuk jedur tepi ka sore jeder oge, sahenteuna leuwih mangpa'at waktu teh tinimbang lugah-ligeuh teu puguh. Ngan balik mah angger ka Sasakgantung, cukup ku lempang sapuluh menit ge nepi. Ngan, meneran poe jumaah, kabeh pagawe lalaki teu meunang jumaahan, cenah solat lohor bae di kantor ngarah teu nyontang waktu. Kuring teu bisa narima, najan nyaho nu boga ieu pausahaan teh lain Muslim. Aya kana sapuluh menitna diomongan ku dunungan teh, rada teugeug bubuhan ka pagawe anyar. Ngan kuring keukeuh indit jumahaan najan teu diidinan. Rengse jumaahan geuwat balik ka pagawean, nepi ka wiridan oge diliwat. Sup teh ka kantor teu loba carita, gancang digawe deui. Ngan rada heranna teh kajadian tadi saeutik oge teu dipasualkeun deui. Isukna aya telepon ti di lembur, katarima ku lanceuk. Kuring dititah balik heula, cenah aya surat panggilan ti pausahaan sejen. Peuting harita keneh kuring balik ka Ciamis. Lian ti sual surat, oge sono ka indung, geus 4 bulan ninggalkeun lembur. Najan ngan satengah peuting di lembur, bisa nepungan indung jeung adi-adi oge, keur kuring leuwih ti kabungah meunangna pagawean. Subuhna indit ka Bandung deui, rek nyaosan surat kadua. Teu ka Sasakgantung heula, langsung ka Antapani, tempat pagawean anyar. Kuring diwawancara, dipecak itu-ieu ngeunaan komputer grafis, tepi ka diputuskeunana kuring ditarima di eta pausahaan. Pasosore, mulang Sasakgantung mawa kabungah jeroeun hate. Najan awak lungse, kasirep ku harepan gede di pagawean anyar. Pausahaan bonafid anu fair aturan maenna, nu adil antara hak jeung kawajiban pausahaan jeung pagawena. Lian ti disiplin waktu gawe, jeung ayana kasempetan karir kahareupna, ieu pausahaan teh mere standar gajih nu henteu sangeunahna, malah bisa kasebut gede keur pagawe anyar nu can pangalaman kawas kuring mah. Tepi ka Sasakgantung geus liwat magrib. Kuring nepungan lanceuk, ngadongengkeun lalampahan sapoe-sapeuting nu pinuh ku kabungah. Kabungah nu ngalimpudan kasusah salila ieu. Sawareh rada diwawaas, sawareh deui rada dipindingan, ngahaja ngarah reugreug nu jadi lanceuk. Rengse ngadongeng lalampahan, kari pasualan bijil gawe ti Pungkur. Pasualanana, ijasah asli nu kuring ditahan di dinya. Salah kuring keneh, saking butuh gawe, pasaratan kitu kapaksa disanggupan. Sanggeus badami keur mereskeun pasualan isuk, kuring ucul-ucul, nuturkeun lanceuk ka cai, wulu, sholat jeung wiridan barjamaah, tuluy dahar bareng. Rengse dahar, tara-tara ti sasari, lanceuk teu hanjat ka loteng, tapi tuluy ka kamar, marengan kuring sare, marengan impian nu silih sigeung jeung kahariwang nu teu pupuguh datang. Isukna pasosore, kuring jeung lanceuk indit ka Jalan Pungkur rek bebeja kaluar gawe bari sakalian nyokot ijasah. Sajolna ka nu dijugjug, lanceuk langsung nepungan bos kuring. Tadina mah lanceuk teh rek tamada, ngeunaan teu asup gawena kuring kamari, sakalian bebeja kaluar gawe, eta ge rek make alesan jijieunan. Ngan teu disangka-sangka, satepungna jeung Si Bos, manehna miheulaan menta dihampura ka kuring jeung ka lanceuk, sual jumaahan. Atuh asa aya lolongkrang, asa mobok manggih gorowong, nya eta we nu dipake jurus ku lanceuk keur cacarita. Ku alesan eta, jadi teu hese nyokot ijasah. Lian ti eta, lima poe gawe kamari oge dibayar. Sanggeus cumpon sagala maksud, tuluy amitan. Bari sasalaman Si Bos masih keneh hahampuraan sual jumaahan. Kuring jeung lanceuk ngajawab ku unggeuk bari hate mah seuri. Seuri nu akhirna kabudalkeun marengan leumpang kuring duaan ti Pungkur ka Sasakgantung. Satepina ka imah dibuka amplop ti si bos teh, eusina opat puluh rebu. Alhamdulillah, aya bekel keur saheulaaneun ngamimitian hirup di tempat pagawean anyar. Jalan Sasakgantung, Senen isuk-isuk, 24 September 1997. Sanggeus meresan barang-barang, kuring pamitan, sasalaman ka sakabeh pangeusi imah. Lanceuk ngeupeulan amplop, cenah lain mekelan ieu mah ngan mere keur jajan. Kitu na teh bari hahampuraan, moal bisa nganteur. Lanceuk teu loba cacarita, ngan kaciri dina panonna aya nu ngeyembeng. Kuring neger-neger karep, maksakeun ninggalkeun lanceuk nu ngajejentul di kamar. Teu daekeun milu nganteur tepi ka lawang panto. Kuring surti, siga aya nu disidem dina hatena, nu ditahan bisi budal. Kuring leumpang ninggalkeun Sasakgantung, mengkol ka katuhu mapay Lengkong Besar. Lebah parapatan Pungkur, kuring naek angkot Cicaheum-Kalapa via Ledeng. Kuring diuk di hareup bari ngimeutan jalan nu kungsi kaliwatan mangsa aprak-aprakan meakeun beurang panundung ti Sasakgantung. Sajajalan hate cus-cos teu pararuguh. Inget kana amplop pamere lanceuk, kuring muka seleting kantong, amplop di buka dijero, eusina duit dua puluh rebuan sagepok, jeung keretas ditilep-tilep. Kuring kerung, tuluy keretas teh dikaluarkeun tina kantong, dibuka tilepanana breh aya tulisan mangrupa surat: Zen, adi akang, ngaliwatan ieu surat akang menta hampura. Opat bulan di Sasakgantung teh, akang teu bisa nyugemakeun. Sasat dibawa kana beubeurat nu jadi tanggung jawab akang. Hampura, ngan sakitu buktina. Tah ieu duit ti akang, meunang kukumpul sataun katukang, sesa duit nu tadina sasadiaan keur waragad maneh sakola. Meureun geus nasib maneh, kudu sasakolaan di Sasakgantung, tadina lian ti ambeh ngirit teh, ambeh katalingakeun ku akang. Tah ieu duit geus jadi hak maneh, rejeki maneh, pek pake keur kaperluan. Kakara dibikeun ayeuna teh ngahaja, ngarah maneh ngamimitian hirup di Bandung henteu balangsak teuing, kawas akang bareto. Najan opat bulan kamari, maneh kapaksa kudu bajoang di Sasakgantung, sasat peuting diaku, isuk-isuk ditundung. Lain teu hayang mangontrakkeun imah, ngan akang embung ieu duit beak teu puguh, sedeng maneh can karuhan bener sakola jeung meunang gawe. Tah ayeuna mah sok sing daria digawe, jadikeun pangalaman di Sasakgantung teh eunteung, ngarah maneh henteu ceehan upama meunang kasusah leuwih ti kitu. Sok didungakeun ku akang, sing mangpa'at sagala elmu ti dieu teh, sing jadi matak bisa ngahargaan diri sorangan ku cara ngahargaan batur. Pek sing suhud, tong teuing mikiran akang, ku nempo maneh bisa ngaliwatan opat bulan di Sasakgantung oge akang mah geus bungah. Ngan peupeujeuh, ti ayeuna mah, omat maneh ulah tulupan-telepon ka dieu, komo datang deui ka dieu mah, ulah! Omat, ulah datang-datang deui ka Sasakgantung, peupeujeuh! Da ieu mah lain imah akang. Tungguan bae akang nu rek nepungan maneh ka dinya. Sakitu ti akang, hampura, sakali deui hampura Akang. Wassalam, Akang Lima bulan ti harita, lian ti kasono nu kerep ngadodoho, indung di lembur mere beja nu pikahariwangeun. Lanceuk teu balik-balik ka lembur, ti saprak kuring ninggalkeun Sasakgantung. Oge can kungsi ngalongok ka kuring sakali-kali acan, bari kuring teu meunang datang-datang deui ka Sasakgantung. Malah teu meunang nelepon-nelepon acan. Ngan kasono nu pagalo jeung kahariwang, mopohokeun amanat nu jadi lanceuk. Kuring nekad nelepon ka Sasakgantung. "Siapa? Zul? Zulfikar? Di sini tidak ada nama Zul atau Zulfikar. Betul ini Jalan Sasakgantung, No. 1997, tapi bukan kantor perusahaan yang anda sebutkan. Ini kantor baru pengacara Sihar Simanjuntak dan Rekan. Maaf, mungkin Anda salah sambung." ceuk sora lagam batak tina gagang telpon. Nyentug kana jajantung. *** Salam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna
