Ki nonong bet harianeun ongkoh nyebut nu di dieu nyarita asa pang ENYA na na da asa teh nu nyarita ASA PANGENYANA mah Ki NONOng keneh
Ki Nonong keneh oge nu NGAKU nyaho SILIWANGI ISLAM, canah Ki Nonong keneh anu ngaku dipasrahkeun WANGSIT langsung ti SILIWANGI pikeun nganteut pikaheureupeun Urang SUNDA Pon kitu ayeuna ge Ki NONONG anu ngaku : Kula nu nyaho di kubur di mana, sakabeh carita Siliwangi salila hirupna, dijaga diriksa nepi ayeuna, ngarah teu dirarobah jiga nu aya dina leungeun maranehna Siliwangi teh saenyana DINASTI jeung deuih apan boh SILIWANGI boh sajarah SUNDA boh nuju jumenengna tug ayeuna kantun wawangina teh ISTUNING nu URANG SUNDa nu BALAREYA SUNDA ari kuring lain nyalahkeun ngan kuring oge ngaleugeutan KARUHUN EYANG PRABU sadayana anu kalebet DINASTI SILIWANGI, pon kitu nu sanesna ku cara2na Nyata apan Ki Nong mah nyebut TEU MAKSA tapi saenyana mah MAKSA mun enya teu maksa nya moal kalaluar kecap2 kieu....teu puguh juntrungna saha anjeun... nyumput tapi hantem bae noongan balareya ti panyumputan... naha eta teh LERES sikep kitu teh Tabe pun AMBU ________________________________ From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Friday, November 7, 2008 7:56:54 PM Subject: [kisunda] (Serat: 128)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Kula nu ngahandeuleumkeun sakabeh sesa Kula nu ngahandeuleumkeun sakabeh sesa * Mun Siliwangi aya keneh dikieuna, moal aya nu nyarita asa pang enyana, geus puguh seratan dina leungeun maranehna, ukur reka-reka jalma nu nulis jaman ayeuna. Kula nu ngahandeuleumkeun sakabeh sesa, rek dijagragkeun dina mangsana, naha bet kareukeuh asa nu boga? Matak diseungseurikeun kunu ngadengena. Kula nu nyaho di kubur di mana, sakabeh carita Siliwangi salila hirupna, dijaga diriksa nepi ayeuna, ngarah teu dirarobah jiga nu aya dina leungeun maranehna. Watir teuing jalma nyenyekel lain nu enya, bagja teuing jalma nu ngudag nu enya, dina mangsana maranehna bakal kuciwa, diwadulan ku nu lian teu karasa.
