Carita Pondok Sarabunis Mubarok

NU NYALANGKRUNG DI CIBITUNG

"Mun inget ka anak, geuwat interlokal, mun inget ka pamajikan mah, lokal wé."  
Ti mangkukna ieu kalimah napel na ceuli, ngélég, ngégélan haté. Komo deui 
peuting ieu, tara-tara ti sasari, bet hayang siduru dina seuneu asmara nu 
ruhay, bari diharudum ku simbut nyawaan.

Beuki peuting, panon kalah beuki curaling. Silih teuteup jeung Salma Hayek dina 
poster nu napel na tembok kamar kontrakan. Bet ujug-ujug ngalamun nu teu 
pararuguh, nyipta-nyipta manéh jadi Antonio Banderas, ngalalakon dina film Once 
Upon A Time In Mexico nu kungsi dilalajoan dina dividi bajakan.  Haté kalah 
pakojot jeung pikiran nu pabaliut. Kuring tuluy luncat tina dipan, ngajewang 
jekét jeung konci skuter, rék liar peuting, ngabangbalérkeun kahayang nu 
kasimbeuhan ti dua poé katukang.

Peuting tinggal rarawingna, teu ilahar keur nu hayang ulin atawa leuwih ti 
ulin. Aya gerentes ngangajak kuring ka kuloneun Pasar Induk Cibitung. Skuter 
maju lalaunan, aya sabil dina haté, najan dipeper ngarah teu kapaliré.

Anjog ka nu dijugjug. Warung kopi nu dikubeng ku spanduk urut iklan obat kuat 
jeung mie instan. Ti jero warung ngagembréng sora musik tina radio dua band, 
awor jeung sora awéwé nu hahaleuangan, dibarung ku sora nu tingcikikik.

Kalakuan Si Ucing Garong
Gawéna ulin di kolong
Pependak sareng pocong
Papelong-pelong

Kuring nyéréngéh, ngadéngé nu hahaleuangan, asa rada ngised tina lagu aslina, 
tarling Cirebonan nu keur diputer dina radio. Sup ka warung, tuluy mesen cikopi 
bari ngarérét nu tingcikikik. Nu saurang ngarana Conny, paningkahna rada 
jalingkak. Ngaran sabenerna mah Maskanah, ngan ganti ngaran ti saprak ngumbara 
ka Cibitung nuturkeun ka Bi Jumsih tukang warung, ti Cilimus, Kuningan. Demi 
awéwé nu saurang deui mah, kuring teu wawuh. 

"Nyalira Kang? Mani ngampleng tara ka dieu." ceuk Maskanah bari diukna ngised 
ngadeukeutan. Kuring mésem bari ngised ngajauhan, asa teu purun ngajawab da 
geus puguh datang sorangan. Maskanah rada baed. Awéwé nu saurang deui turun 
tina bangku, tuluy muter ka tukangeun warung, clé diuk kéncaeun kuring. Bujurna 
diadekkeun siga nu ngahaja.

"Susi!" pokna bari ngasongkeun leungeun. Kuring neuteup bengeutna, manehna 
kalah ngadilak, bet asa rada siga aktris Ladya Cherryl. Dibabadé umurna dua 
puluhan.

"Nono!" jawab kuring bari mapag leungeunna. Kep sasalaman. Getih tingseleser 
bareng karasa leungeun hésé dilésotkeun. Ditahan ku manéhna bari ngahaja 
ngulinkeun hela ramona. Ngélékéték bari mépédkeun awakna kana taktak kuring.

"Ieu kopina, Jang!..., éta-éta manéh Suwarsih! Ulah mépéd teuing diukna! Jang 
Nono heurineun." Bi Jumsih ngagebah, rada nyorongot ka awéwé gigireun, nu 
cikénéh ngakukeun ngaran Susi. Manehna ngised saeutik bari camberut. Kuring 
ngan ukur balem bari ngeserkeun cikopi. Ngan haté ujug-ujug teu panuju kana 
caritaan Bi Jumsih.

Cikopi diregot. Gap kana rokok, tuluy diseungeut. Kuring teu loba cacarita, 
ngan ngadéngékeun Bi Jumsih nu silih témpas jeung Maskanah, ngadongéngkeun ka 
Suwarsih, sagala kalakuan kuring nu katelah Si Nono Anting. 

Lima taun katukang, kuring datang ka Cibitung. Gilig rék digawé di pabrik. Ngan 
meunang salapan bulan, kaburu kaluar alatan paséa jeung Si Sartimin batur 
sapagawéan urang Banyumas. Pasualana mah, pédah kuring ngahéroan awéwé nu cenah 
geus jodokeun ku bapana jeung Si Sartimin. Ngaranna Marni, anak Mas Tarno 
tukang pecel lélé urang Banjarnagara, Purwokerto. Der teh aya pitenah ti nu 
séjén. Antukna Si Sartimin nangtang ngadu wawanén. Kuring teu keueung, lain ku 
bogoh-bogoh teuing ka Marni, ngan sakalian hayang mecak bebekelan ti lembur, ti 
tutugan Galunggung. Piraku ti bubudak wawuh jeung maenpo, kudu mopo méméh 
nanggung. Diladénan, najan tepi ka ngadu pakarang. 

Tepi ka derna tarung. Diriung. Teu kungsi ngaliwatan opat jurus gé Si Sartimin 
nambru. Isukna éar sa-Cibitung. Béja pabéja-béja, antukna pasualan jadi saliru. 
Najan Cibitung wewengkon Bekasi, balad-balad Si Sartimin henteu saeutik. Réwuan 
pagawé ti sawatara pabrik lolobana urang Jawa. Kagok asong kapalang 
ngarongkong, rék diladénan. 

Tengah peuting di daerah Cibuntu, di hiji lapang saratus meter ti Jalan Raya 
Setu, bedog patingbelentrang. Kuring tarung diriung ku lobaan. Musuh lain 
bantrak-bantrakeun. Dasar kudu meunang, pareng ngolépatna bedog musuh muru 
beuheung, kuring ngagiwar bari muihkeun kuda-kuda saarah jarum jam, awak kabawa 
dongko ka belah kénca marengan leungeun nu rikat nyabetkeun bedog. Beletrak! 
Bedog nyasar bincurang. Musuh ngajengkang tuluy nambru bari awong-awongan. 
Orokaya, rob téh balad-baladna kaharareup. Kuring dikepung. Digulung ku lobaan. 
Tepi ka teu inget di bumi alam.

Genep poé di rumah sakit. Kuring mulang, bari awak pinuh ku perban. Sanggeus 
mérésan kontrakan, tuluy ka warung Mas Tarno, ngahaja menta hampura.  Teu 
panggih jeung Marni, ngan kuring mihapé surat keur manehna. Kuring balik ka 
Tasik, ninggalkeun carita nu beuki lila beuki loba kembangna.

Tilu taun di lembur, kungsi kuliah heula di salah sahiji paguron luhur di 
Tasik. Ngan kuat dua seméster, teu diteruskeun kaburu meunang pamajikan. Teu 
kosong heula, nuluy boga budak, lalaki. Lantaran teu boga pacabakan matuh, ari 
hirup diudag ku kabutuh, hiji mangsa kuring mutuskeun rék ka Cibitung deui. 
Kabeneran aya pausahaan kontraktor interior nu butuh tanaga kuring.

Kiwari geus ampir sataun di Cibitung. Kajadian sawatara waktu katukang aya 
hikmahna. Kuring jadi loba kawawuhan. Boh urang Jawa boh urang Sunda. Loba 
keneh kuli-kuli pabrik di sapanjang Tambun, Cibitung, tepi ka Cikarang, nu apal 
ka ngaran Nono Anting. Ngan teu kungsi panggih jeung Si Sartimin. Aya bejana 
sanggeus kajadian harita, Si Sartimin kawin jeung Marni, tuluy netep di 
Banyumas. Mun Mas Tarno, bapana Marni, cenah pindah ka Jakarta Utara, dagang 
pecel lélé di Sunter Podomoro. 

Nu remen panggih mah jeung jelema nu kungsi disabet bincurangna ku bedog kuring 
di Cibuntu. Ngaranna Samsu. Kasebut jeger nu dipikaserab, di sabudeureun Pasar 
Induk Cibitung mah. Singhoréng manéhna téh lain balad salembur Si Sartimin, 
kawas panyangka kuring salila ieu. Aslina mah urang Péréng, Ciparay, Kabupaten 
Bandung. Pareng panggih deui teh di warung Bi Jumsih, kuring miheulaan 
hahampuraan. Ti harita kuring nyobat jeung manéhna. Singhoréng, diaduna kuring 
jeung Si Samsu taya patula-patalina jeung Si Sartimin. Si Samsu kahasud ku beja 
nu saliru, cenah kuring rek ngalindih wewengkon kakawasaanana. 

"Roko sabungkus Bi Jumsih!..., aeh aya Nono geuning!" lamunan buyar, Kagebah ku 
sora jalma nu asup ka warung. Barang dilieuk singhoreng Si Samsu, panjang umur.

"Puguh kararesel di imah" kuring ngajawab, bari néma roko tina leungeun Bi 
Jumsih ka Si Samsukeun.

"Aaay..., ijid aing mah, paribasa téh kesel di imah. Didinya mah inget ka 
lembur meureun. Sok siah, inget ka anak? Inget ka pamajikan?" Si Samsu ngélég, 
ngahaja make lentong jeung kekecapan has Péréng, Ciparay. Napel keneh si eta 
mah najan geus lila di Cibitung oge.

"Heeeuh, mahal kénéh mayar lokal, euy, tibatan interlokal oge!" ceuk kuring, 
surti kana maksud saterusna caritaan Si Samsu.

"Cingcay sajah, tinggal milih, Mau ditemenin Conny atow Susi?" Si Samsu kalah 
ngahajakeun, sorana diheos-heos bari ngiceupan ka Maskanah jeung Suwarsih. 
Kuring ngan ukur nyéréngéh.

"Ditemenin Susi ajah ya, Kang! biar lebih ehm..ehm.. gitu lho!" ceuk Suwarsih 
milu ngindonesia bari imut ogo, imut has awéwé bangor. Imut nu gelenyuna pinuh 
ku kapanasaran, siga nu hayang leuwih naranjangan rusiah Nono Anting, nu 
dicaritkeun ku Bi Jumsih jeung Maskanah. Kuring ujug-ujug tagiwur.

"Ulah diarélég waé, Ibi ge apal Jang Nono baheula, ulah disaruakeun atuh. Jang 
Nono nu ayeuna mah bageur, satia ka pamajikan, geus tara kikituan." Bi Jumsih 
nimbrung bari ngaleutikan sora radio.

"Sakali-kali mah atuh teu nanaon Bi Jumsih, bisi... bisi naon teh, No, nu ceuk 
Si Ucok tea teh, oh heueuh, bisi... kanker prostat!" ceuk Si Samsu nyutat 
istilah ti Si Ucok, batur sapagawean kuring. 

"Conny rék kamana?" Kuring ngésérkeun obrolan, pareng nempo Maskanah cengkat.
"Ka kaler!"  
"Bisi rék dianteur?"
"Moal, pira ka warung Mas Tayo." Pokna teugeug bari ngabalieur, tuluy 
ngajengkat kaluar ninggalkeun warung Bi Jumsih. Kuring ngahuleng.

"Keun wé, Kang, teu aya Téh Conny oge, aya Susi." ceuk Suwarsih ujug-ujug 
daria, bari ngised ngadeukeutan. Pagégéyé. Hate ngaguruh teu puguh. Si Samsu 
nyéréngéh, ngiceupan bari nyawel gado Suwarsih, tuluy ngaleos ninggalkeun 
warung. 

Peuting beuki nyérélék maju ka subuh. Ciibun geus tatahar na dangdaunan. Angin 
peuting tingselesep kana sela-sela spanduk. Nu datang ka warung beuki lila 
beuki carang. Radio disada kénéh, laun, mirig Bi Jumsih nu keur nundutan. 
Tinggal kuring jeung Suwarsih. Pagégéyé. Karasa haneut. Haneutna mebes kana 
haté. Haneut wanoja nu keur meumeujeuhna. Mimitina mah kararagok, lila-lila 
kalah betah, ngimeutan biwir Suwarsih nu capétang nyaritakeun lalampahan 
hirupna salila dua taun katukang. Ti mimiti kabur ti kulawargana di Kalijati, 
Subang, aprak-aprakan di sawatara tempat di Karawang, tug nepi ka nyangsang di 
Cibitung ti sabulan kalarung. 

Rét kana arloji, geus ampir jam opat. Kuring cengkat. Tuluy ngahudangkeun Bi 
Jumsih. Sanggeus babayar kuring ninggalkeun warung dituturkeun ku Suwarsih. 
Clak kana Skuter, diselah sababaraha kali, rada hésé hurung bubuhan motor 
kolot, kaluaran taun 1975. Leuwih kolot batan umur nu numpakna. Sanggeus hurung 
kuring nyeletingkeun  jékét. Gibeg, motor rada ngagibeg. Barang lieuk, Suwarsih 
geus nyégclé dina jok tukang bari leungeunna ngarayap kana cangkéng, tuluy 
nangkeup pageuh siga nu sieun lesot. Kuring kawas nu kasirep. Skuter dipajukeun 
lalaunan ninggalkeun warung, mawa Suwarsih nu napel tukangeun. Sajajalan jémpé, 
nu kadenge iwal ti sora skuter nu dodorotdotan. Aya nu nyeleser haneut kana 
tonggong. Haneutna rembes kana hate. Haneut wanoja nu keur meumeujeuhna.

Tepi ka hareupeun kontrakan, Suwarsih turun. Sanggeus muka konci panto. Kuring 
nungtun skuter ka jero. Suwarsih nuturkeun milu asup, bareng jeung asupna waktu 
subuh, nu tinghaleuang tina spiker toa di saban masjid.

***

Poe Ahad nu hareudang. Kuring hudang jam sabelas berang. Pikiran ngalayang, 
inget kana lalampahan peuting tadi.  Inget ka Suwarsih. Kuring ngoréjat, turun 
tina korsi panjang, tuluy ngeteyep ka kamar. Hordéng disingkabkeun saeutik, 
katoong Suwarsih masih keneh tibra. Kuring teu wani ngagareuwahan. Gap kana 
anduk, tuluy ka cai.

Réngsé kuring mandi, kasampak  Suwarsih geus diuk na korsi hareupeun kamar. 
"Mun rek ka cai, andukna nu itu tuh, nu beresih. Ngan taya salin, aya ogé kaos 
jeung calana panjang." ceuk kuring bari nuduhkeun anduk. Suwarsih ngan ukur 
unggeuk. Teu lila tuluy cengkat muru jamban. Kadéngéngé gegejeburan, Suwarsih 
mandi bari hahariringan. Hariring plesetan nu tadi peuting, Si ucing garong nu 
papelong-pelong jeung pocong.

Teu dinyana, kuring ujug-ujug kahebos ku seuneu birahi, bareng nempo Suwarsih 
kaluar ti jamban, awakna dibulen ku anduk. Awak nu keur sedeng pepel, mani 
sampulur dibungkus kulitna nu konéng langsat. Buukna nu galing muntang 
dirumbaykeun ka hareup nutupan dadana tepi ka wates bulenan anduk. Kuring 
neuteup renghap ranjug, parat tepi ka wates anduk belah handap. Aya nu 
ngagurilap ti satengah pingping tepi ka bitis Suwarsih nu baseuh. Dumadakan 
lini rongkah jeroeun dada. 

Awak ngagedur teu puguh rasa. Suwarsih nu teu maké pupulasan katempo leuwih 
geulis tilu tikelna ti batan manéhna dangdan. Pabebeurang. Bet aya nu ngaheab 
leuwih ti panasna hawa Cibitung. Hawa birahi nu ngagedur dipirig ku kerepna 
ketug jajantung.

"Mana kaos sareng lancingan teh, Kang?" Suwarsih nyarita bari ngadeukeutan. 
"Leuwih geulis teu di make up." Kuring lain ngajawab, ngadon neuteup leuwih 
leleb ka Suwarsih. Suwarsih beuki ngadeukeutan, kaangseu seungit sabun tina 
awakna.

"Ih, Si Akang mah, ngarayu lain wayah! Mana atuh anggoan gentos teh!." ceuk 
Suwarsih tuluy camberut. Camberut ogo has wanoja umur dua puluhan. Kuring kalah 
ngimeutan biwir ipisna nu baseuh. Bangun amis.

"Eeenggal..!" ceuk Suwarsih bari nyiwit. Kuring ngarenjag. Dumadakan éra 
parada. Tuluy ngajéngkat ka kamar mawa salin keur Suwarsih.

Reuwas kénéh. Reuwas kareureuhnakeun. Ampir rek sagabrug-gabrugeun nempo awak 
Suwarsih nu baseuh dibulen anduk. Kuring Istighfar, ujug-ujug inget ka anak 
pamajikan. Teu lila Suwarsih kaluar ti kamar make calana jeans jeung kaos 
oblong. Kaos bodas gambar siluet Ernesto Che Guevara, meunang meuli ti outlet 
di jalan Caladi, Bandung. Mani mantes napel na awak Suwarsih. Jadi cute abiz 
ceuk istilah barudak ayeuna mah. Sanggeus ngobrol sakeudeung, Suwarsih cengkat 
bari metot leungeun kuring, manehna ngajak ulin ka Cikarang. Sakalian ka Mall, 
cenah, boga sesa duit rek balanja sawatara kaperluanana, bari sakalian rek 
nraktir dahar ka kuring. 

Ti harita, kuring mahing diri sangkan panon teu curaling. Geus opat poé saimah 
jeung Suwarsih. Najan ku kuring dianggap adi sorangan, angger we ragab. Kuring 
ati-ati, bisi aya jurig nyiliwuri kawas kamari. Lian ti inget ka pamajikan di 
lembur, ujug-ujug inget kana kasantrian nu kungsi lila kapopohokeun, 
dihenteu-henteu oge kuring teh kungsi kagecek ku Ajengan Anwar Mubarok di 
pasantren Sukaherang, Singaparna. 

Ti poé ka poé téh Suwarsih kalah beuki betah di imah kuring. Keur mah eukeur, 
euweuh pangbalikan. Era cenah, geus lila teuing numpang di kontrakan Maskanah. 
Oge cenah kakara saumur abur-aburan, manéhna manggih lalaki kawas kuring nu 
bisa ngajénan awewe teu uni siga ménéhna. Teu kawas  bapa téréna nu téga 
merkosa, nepi ka manéhna kapaksa kudu abur-aburan ninggalkeun lembur.

Demi kuring harita, jadi beuki teu wasa mun kudu ngusir Suwarsih. Tungtungna 
kuring meuli dipan jeung kasur hiji deui. Ngan kusabab taya deui tempat, 
kapaksa dipan anyar téh di sakamarkeun. Suwarsih surti, manehna hideng nyieun 
hohordéngan ku samping keur hahalangna. 

Aya hadena, ti saprak cicing jeung kuring, Suwarsih geus tara liar peuting, 
purah maturan lalaki bari ngan dihargaan ku kencring. Kuring ogé jadi betah, 
aya nu manguruskeun imah, mangmasakkeun jeung mangnyeuseuhkeun. Balik gawé aya 
nu ngabagéakeun, aya batur dahar, batur heureuy, batur ngobrol, batur ngalamun, 
batur sakamar maturan Salma Hayek nu teu weléh imut dina poster nu teu 
dipiguraan, jeung maturan kuring saré, sakamar, ngan misah dipan.

Dasar atuh, hirup genah teh cenah kudu jeung merenah, sangkan tumaninah. Béja 
ngeunaan kuring saimah jeung Suwarsih teh jadi éar sapausahaan. Tuluy jadi 
headline di saban warung. Dihenteu-henteu ogé ngaran Nono Anting téh sohor 
keneh di Cibitung mah. Béja pabéja-béja, tepi ka warung Bi Jumsih, tepi ka 
Maskanah. Kuring panas ceuli, ku rupa-rupa saliruna beja.

***

Saptu tanggal ngora, anyar gajihan, digawé ngan satengah poé. Saméméh balik ka 
kontrakan, kuring balanja heula ka toko kuéh. Inget ka Suwarsih, cenah isuk 
ahad teh jejeg umurna dua puluh dua taun. Ti dinya kuring ka Wanasari, rék 
nepungan babaturan awéwé nu kabeneran urang Sagalaherang. Sugan daekeun 
ditiitipan Suwarsih saheulaanan, pedah ka papada urang Subang.

Meneran Ashar kuring mulang ka kontrakan. Tara-tara ti sasari Suwarsih teu 
mapagkeun ku imutna nu matak geugeut. Panto teu ditulakan, kuring asup 
lalaunan. Tuluy nendeun keresek babawaan na korsi hareupeun kamar. Kuring 
laha-loho ka dapur. Euweuh dahareun. Iwal sangu garing jeung cucuk lauk sésa 
deungeuna isuk-isuk. Kadenge aya nu ngérécék di jamban, ditempo téh euweuh 
sasaha, euweuh nanaon, iwal ti cai nu ngucur sagedé nyéré tina keran. 

Ti kamar kadéngé sora dipan ngarekét, Suwarsih sigana keur saré. Kuring tuluy 
muru kamar, panasaran. Barang hordéng disingkabkeun, kuring ngagebeg, gancang 
ditutupkeun deui. Sakolépat katempo Suwarsih keur nyuuh na dipan bari buligir. 
Kuring reuwas. Ngan asa panasaran, saliwat katempo Suwarsih siga henteu 
sorangan. Hordéng dibuka deui lalaunan, bareng ret ka lebah dipan hiji deui, 
meneran paadu teuteup jeung awéwé, nu taya lian ti Maskanah nu sarua buligir. 
Katempo reuwaseun pisan, manehna geuwat nutupan awakna ku sepré bari teu puguh 
rampa, tuluy ngadeukeutan Suwarsih. Kuring nutupan deui hordéng. Reuwas, heran, 
asa teu percaya kana tetempoan sorangan. Palangsiang aya lesbian affair antara 
Maskanah jeung Suwarsih. 

Kuring ngajanteng hareupan lawang kamar. Kadéngé ti jero sora Maskanah nyarita 
tinggerendeng silih témpas jeung Suwarsih. Beuki lila beuki narikan, tepi ka 
hog-hag paréa-réa omong. Heuleut sawatara menit nu paséa jempé. Tuluy kadéngé 
sora Suwarsih ceurik ngagukguk. Kuring gogodeg, nu kadenge matak hareneg. Nyel 
keuheul ka Maskanah jeung Suwarsih. Kalakuan maranehna teu jauh tina sangkaan.

"Kalaluar siah, ungkluk!" kuring nyentak, sora rada ngageter.
Teu lila Maskanah kaluar ti kamar. Sungutna jamedud. Panonna nu kahuru seuneu 
timburu, mureleng ka kuring nu keur ngageter nahan ambek. Tuluy ngaléngkah bari 
miceun beungeut, ngagedig kaluar ti imah bari ngageblugkeun panto. Suwarsih 
ceurik beuki tarik. 

"Kaluar manéh, Suwarsih!" kuring rada ngagorowok, ngungkulan tarikna ceurik 
Suwarsih. Kadéngé Suwarsih ceurikna ditahan, inghak-inghakan. Teu lila Suwarsih 
kaluar ti kamar. Ngeluk. Buukna kusut, papakéan padu nyangsang. 

"Diuk!" Suwarsih nurut. Kuring lajag-léjég. 
"Ari maneh, nu asih dipulang tai, dipikanyaah teh kalah ngalunjak! Wani-wani, 
ngotoran imah déwék! Mun geus mumul cicing di dieu, indit! Jung tuturkeun Si 
Maskanah!" Kuring nyarita heuras. Suwarsih kalah ceurik bari ngagabrug kana 
suku. Tuluy nyarita pegat-pegat.
"Hapunten... Abdi... kang..! Hapunten...!" Suwarsih teu neruskeun caritaanana, 
kalah ceurik beuki tarik, nyuuh kana suku kuring. Kaambek nu kakara naék teh 
kaburu kacéos ku cipanon. Lila-lila jadi teu wasa. Tuluy nitah cengkat ka 
Suwarsih. 

Sanggeus rada leler, Suwarsih nyarita dumareuda. Singget ngan pajuliwet. Aya 
hutang budi nu teu pikahartieun, nu kudu dibayar ku Suwarsih ka Maskanah. 
Kuring ngahuleng. Ngabetem. Najan loba tanyakeuneun, teu purun rek cacarita. Nu 
kadéngé ngan sésa inghak Suwarsih nu beuki carang. Sanggeus kadéngé adzan 
magrib. Kuring ngaléos ka cai, tuluy wulu, rek shalat Magrib, ninggalkeun 
Suwarsih nu alum nguyung. Rengse shalat kadenge sora guludug pasusul-susul, teu 
lila cur hujan maseuhan suhunan. Kuring ngerem maneh di kamar.

Cibitung malem Ahad, sora hujan ngendag-ngendag pangacian. Sanggeus shalat 
Isya, kuring mopoék di kamar, luhureun sajadah nu remen teu kashalatan. Ti 
luareun kamar kadéngé sora nu mandi, awor jeung sora hujan. Kuring ngadeluk 
wiridan beuki kerep, ngawuluku sumpeg nu minuhan saban kereteg. Teu lila 
kadenge Suwarsih asup ka kamar. Teu dipaliré, najan kaambeu seungit awak nu tas 
mandi ngendagkeun hate. Kuring peureum, neueulkeun wirid teu eureun-eureun kana 
mamaras nu lawas teu diropéa.

Sora hujan ngaleutikan. Ngan guludug beuki kerep pasusul-susul. Kuring beunta 
bari tuluy cengkat. Kamar geus caang. Barang rét ka tukangeun, katempo Suwarsih 
keur nyuuh. Kuring hareugeueun. Kakara, nempo Suwarsih dimukena, najan ngan 
ukur ku samping. Kuring mencrong rada lila ka Suwarsih nu keur nyuuh luhureun 
sajadah. Haté bet ujug-ujug ngaheruk. Teu wasa ngantep wanoja nu hirupna pinuh 
ku rupa-rupa cocoba, bari taya batur pakumaha. Tada teuing beuratna hirup 
nunutur indung suku. Ras inget kana kaayaan manehna nu teu indung teu bapa. 
Boga oge bapa téré kalah ngadoréksakeun manehna. Ras ingat kana kajadian tadi 
soré. Kuring nyarékan Suwarsih bari satengah ngusir. Asa dosa. Asa sarua jeung 
ngagebruskeun manehna sina leuwih cilaka. Haté ngarakacak. Aya kanyaah nu 
nyambuang minuhan kamar. 

Suwarsih cengkat, panonna rambisak. Tuluy neuteup ka kuring nu keur ngabetem 
hareupeun manéhna. Dua panon silih teuteup. Teuteup nu dilimpudan ku rewuan 
kanyaah. Dua hate patingsérését, aya nu ditahan ngarah teu budal. Teu katahan. 
Suwarsih ngised ngadeukeutan. Tuluy ngagabrug. Ngagukguk ceurik bari nyuuh kana 
lahunan. Kuring beuki ngaheruk, tuluy ngusapan manéhna bari dumareuda, ngupahan 
sabisa-bisa. Suwarsih kalah beuki ngagukguk. Kuring teu kuat. Lila-lila cimata 
milu bedah, ngalémbéréh mapay pipi marengan kanyaah nu sumarambah. Marengan 
cimata Suwarsih nu maseuhan lahunan, marengan cihujan nu maseuhan Cibitung na 
wates jempling, wawates nasib nu mirig Suwarsih dina peuting munggaran nincak 
umur dua puluh dua taun.

***o***



Salam,
Sarabunis Mubarok___________ Singaparna

Kirim email ke