Hatur nuhun Kang, kana apresiasina..
Nuju ngeureuyeuh we kang, diajar saketik-ketikeun.
Ma'lum hirup di lembur, tamba peureum sore-sore.

Sanes ku level2 kitu kang, da geuning karya sastra mah moal lepas ti kritik. 
Hawe Setiawan dina panganteur buku Kembang Kadengda (Taman Budaya Jabar, 2007), 
nyaurkeun kritikna: Ieu carpon teh weleh teu matak yakin ka nu maca. Naon 
pangna Susi mondok di imah Nono tapi teu kungsi aya kitu kieu diantara nu 
duaan? Mun enya Nono anting geus balik deui nyantri naha piraku bet los-los 
ulin ka tempat ungkluk?

Numutkeun Alm. Harry Roesli mah, karya seni teh kwalitasna 0, jadi aya angka 
1,2,3 jst gumantung kana sudut pandang apresiatorna.


Salam,
Sarabunis Mubarok___________ Singaparna

----- Original Message ----- 
From: Abbas Amin 
To: kisunda 
Sent: Monday, November 10, 2008 7:52 PM
Subject: [kisunda] nu nyalangkrung


      hebat geuning kang sarabunis nu Mubaroq teh. Tiasaan.
      Panginten tos seueur nya CERPEN na lebet ka na majalah atanapi koran ?
      Naha parantos ngadamel hiji buku ?

      Eta carios nu nyalangkrung di cibitung kacida "manusiawina" ; panginten 
bahasa Indonna
      mah menyentuh tea. Saleresna mah teu pantes si abah mah ngomentari, da 
sanes level panginten nya. Hahaha. Punten weeee nya kang sarabun.

     

Kirim email ke