kang bun, kuring ngahanju palebah maca: "manghektar sawah guligah" naha sawah kudu guligah?, pan dibere hirup ku polah ma eroh? atawa guligah teh saencanna kitu?
sedengkeun pangresepna palebah: "salambar nyawa basajan" teuing pedah kasundaan kuring, nu sok mentingkeun purwakanti, teuing pedah naon. nu pastina mah: "beu edas edun euy!"... salambar nyawa basajan. On Fri, Nov 7, 2008 at 3:37 PM, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED] > wrote: > Sarabunis Mubarok > > MA ÉROH > > pacul jeung balincong > ngoetan gawir > kaléreun galunggung > > awéwé tengah tuwuh > manteng ibadah > na cadas-cadas kanyaah > > cucuk rungkang melak tatu > tepus jeung areuy silih siku > angin sawarga ngahayu-hayu > > hiji walungan di bumi > malidkeun késang ka langit > meruhkeun saban kasakit > > salambar nyawa basajan > jadi huluwotan kaikhlasan > sungapan nasib kamanusan > > manghéktar sawah guligah > nuwuhkeun mangpirang binih > lebah haté nu pinuh kaasih > > ma éroh > anjeun pajoang sajati > waliyullah kakasih bumi > > Singaparna, 2008 > > > Salam, > Sarabunis Mubarok___________ Singaparna > > ___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
