Salammualaekum AA .... (aya Abah Abdurohman, aya Abbas Amin ah mana we)
"Duo" AA. Kitu oge tong hilap aya duo Maman, abdi Maman
bodogol, aya oge Maman Gantar eh Gantra anu wartawan, kade ulah pahili
jirim.
Mairan cariosan AA, enya dina awak urang sorangan teh aya nu
ngurus, "pengurus" teh nyatana nyaeta 9 liang,
7 dina mastaka, 2 dihandap bujal.
Di hubung-hubungkeun jeung otak tiasa wae, mung asanamah
otomatis we, teu dikontrol langsung, umpamana teu bisa liang
irung ku urang di instruksikeun nyieun korong, atawa teu bisa urang
nginknruksikeun ceuli sina ngaluarkeun tai ceuli. Atawa
panon sina ngaluarkeun cimata (bisa wae seh nyiksikan
bawang anu di deukeutkeun kana panon, etamah intrusksi
henteu langsung).
Poho diri, rasamaneh pinter padahal otakmah ngan ukur alat, sanes
segala-galana. Kitu oge otak mah teu bisa ngontrol "kapikunan"
anu bakal tumiba kana fungsi otak ieu.
Implik-implik tambihan supados langkung rame. Kacarioskeun dina
waktos anu kalangkung, Amrozi CS, khususon Imam Samudra,
numutkeun info ti media, anjeuna hoyong dipancung beuheung
tibatan ditembak ku Densus88.
Saparantosna di tembak, diwaratakeun deui yen anjeuna paling kiat
awakna dugi ka tahan lkirang langkung 10 menitan, nembe
hoss. Kacida pisan nahan kanyerina.
Sigana... ieu mah sigana da acan kaalaman ku
sorangan, asanamah langkung "raos" dipancung atanapi
di teukteuk beuheung tibatan di jedor pelor kanu jantung.
"Sring" gulutuk mastaka teh misah jeung awakna. Itunganna
detik, moal menit-menitan kitu. Siga langkung sadis
katingalna pedah getih awor-aworan, tapi ningali ka
jinisnamah anu dihukum maot, asa langkung "tumaninah" .
Punten sakitu heula anu kapihatur.
Baktos pun
mz
--- On Tue, 11/11/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Cek jalma Atheis nu sinis :" He manusa nu percaya Tuhan, gunakeun
ku maraneh
otak maraneh, brain nu ti baheula dipiboga ku maraneh; nya brain maraneh nu
bakal
nangtukeun leumpang maneh, sakayang maneh, da kapan brain th sagalana; nu bisa
ngontrol naon bae kahayang urang!"
Naha enya kituh nya, omongan ieu urang Atheis teh ?
Cik hayu ayeuna urang teuleuman, urang ngayakeun analysis leuleutikan lah.
Hayang nyaho bener henteuna eta omongan.
Uang hayang nyabak sirah, terus urang nyabak sirah; enya we geunng? kumaha
urang tah.
Ayeuna urang hayang nyintreuk tuur, terus tuur disintreuk.
Enyaan loba benerna Atheis teh geuningan.
Urang hayang dahar, terus dahar
Urang hayang sare, terus ngagoyor ka bale2 terus kerek.
Enya nya? Urang nu ngontrol. Hehehehe
Cing ayeuna getih siah eureun heula na siku ! Euleuh geuning teu bisa ayeuna
mah ?
Naha nya ?
Mun geus dahar, cing engke sajam deui kudu diisingkeun !
Euleuh geuning teu bisa ? Naha nya ? Kadangkala isukna deui kakara bisa ngising,
mun henteu, kakara ge anggeus dahar, geus purat perot hayang ngising.
Naha nya ?
Ayeuna urang nyeri huntu ! Nginum Amoxan, Amoxan abus ka na beuteung,
ku naon eta getih hideng mawa eta obat ka na huntu nu nyeri , terus cageur,
kumaha nya ? Da kapan otak mah na sirah, lain getih, naha getih kawas nu ngarti
mawa eta obat ka nu karasa nyeri ? Kumaha deui eta teh jalanna ?
Jeung ku naon getih teh teu burusut kabeh ka handap ( suku ) mun urang nangtung
!
naha nya ? naha geuning urang teu bisa ngontrol getih ?
Jeung kumaha carana mun urang dahar vitamin, urang bia leuwih kuat
? Saha nu mroses na jero beuteung ? Naha geuning otak teu ngontrol ?
Eta mah otomatis ?
Mangga nyanggakeun tah. Ka sadayana
Abbas Amin
,___