Sarabunis Mubarok BULAN ALAEUN
anaking usum tiris ngaheurap awak abah siduru na rahuh ambu ngotretkeun mangsi kana papasti ku kalam nasib nu nyamuni tuluy ambu teu eureun ninun kulambu dina sajak nu tingkelemeng sawah baseuh jadi hiji-hijina sawarga keur nandurkeun binih cinta karasa lewang kasengker gurilap pakarang mangsi nu ngeclak jeroeun sajak ngaguratkeun jirim jimat lebah lolongkrang sedong karamat tapi ambu ngabebenah padalisan saban surup ringkang bulan beuki nyeumat kalangkang nyawa na rohang-rohang ungkara nyata anjeun anaking cikahiyangan nu dipelak na wirahma saban sajak ngageclangkeun asih nu gumati lebah gumeterna sirung diri kiwari ambu ngitung mangsa anjeun datang saban abah nganyam siloka rek ngajaul ka pakalangan muru sajak nu can kajudulan tapi anaking isuk parahu kudu balayar ka saban pulo nu ngajajar nu murwakanti jeung dunga nu sawarna jeung karumasa Singaparna, 2008 Salam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna
