Kieu panginten : Upami ka jalmarea, diajakanna ku dakwah, ari ka Karajaan mah sapertos nu ditanah asalna na diperangan, alesanana nya eta nghalang ka na sumebarna agama. Tah kitu panginten anu leresna mah. Ka Karajaan maksa; ka ra;yatna mah henteu.
--- On Tue, 11/11/08, rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII To: [email protected] Date: Tuesday, November 11, 2008, 4:19 PM punten sakedik aya nu peryogi diralat atanpi dilenyepan.. . dina awal2 masa perkembangan islam ka tanah pasundan, karuhun teu kitu bae ujug-ujug milih islam, tapi sacara dipaksa, diperangan, etu sirikna siga dijajah weh...mangga paluruh eta sajarah, ku urang salakau seuweu-siwi siliwangi... janten sanes ujug-ujug milih kitu wae...da sanyatana apanan ajaran ilahiah mah sami keneh ki-ktiu-kitu keneh mung basa, budaya, cara nu beda, mung harita basa penyebaranna dugikeun ka incu mamaksa ka aki..janten sanes dipilih...tapi melalui perebutan kekuasaan karajaan, mangga aos carita-carita pantun oge sajarah sunda nu aya nu shoheh. sanaos aya oge anu ku cara "baik2" teu fanatik. From: abas_amin08 <abas_amin08@ yahoo.com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Tuesday, November 11, 2008 5:53:33 PM Subject: [kisunda] Re: Ambu bade manggung di TMII AA: hihihihi, sok atuh tarongton kadinyah. Kapan Sunan Ambu nu bakal medrna oge; saha ari Guru Mindana nya ? Resep tah ngupingkeun agama balik deui ka Jaman PURBA. Tapi naha nya KARUHUN urang bet marilih ISLAM ??? Da pasti aranjeunna oge boga otak, di na narima Agama anyar teh; moal bon narima kitu wae. Jeungna deui, euweuh pisan paksaan kapan arasup Islam teh, da meureun asup akal tea. Tah mun urang balik deui ka agama Purba, atuh meureun Agama Baduy tea nya ? Naha uang Sunda didentikkeun sareng BADUY? Duka teh teuing atuh. Meureun nu rada apal mah ahli anthropologi tea, tapi kudu netral Agama. Duka atuh lah. Abbas Amin --- In [EMAIL PROTECTED] .com, engkus ruswana <engkusruswana@ ...> wrote: > > Sampurasun, > > Para dulur kisunda miwah urang sunda. Simkuring bade bewara rehna dina malem salasa kliwon nu rek kasampeur ping 17 Nopember 2008 tabuh 19.30 WIB, Ambu Richadiana bade manggung di Gedong Sasana Adirasa (Gedong Sambernyawa) Taman Mini Indonesia Indah Jakarta, dina raraga malem "Hanggara Kasih". Dina wengi eta Ambu bade medar yen memeh agama ti luar datang ka nusantara, luluhur urang geus mibanda kapercayaan/ agama sorangan, jeung puncakna kabangkitan agama pribumi teh di jaman majapahit-pajajaran . Hal ieu dibuktikeun ku hasil kajian arkeologi. > > Tah...kidulur, mun hanggara kasih bulan kaliwat gedong Sasana Adirasa - TMII digegerkeun ku pedaran kang Haris nu urang Sunda dihareupeun dulur-dulur ti seler Jawa, dina hanggara kasih bulan ayeuna, Urang Sunda deui nu deuk medar jeung pasti bakal ngagegerkeun deui gedong Sasana Adirasa, sabab bakal ngabuktikeun kalinuhungan tur ajen luluhur sunda. Buktina kamari poe senen waktu Ambu medarkeun garis wadagna dina rapat di Direktorat Kapercayaan, eeeh si Ambu jadi selebritis.. .euy.., pada nyalampeurkeun tur naranyakeun harayang apalleuwih jero. > > Tah mun beuki loba urang sunda nu manggung di hareupeun mayoritas seler lian kalayan bisa ngabuktikeun kalinuhungan jeung ajen elmu kasundaan, didinya jigana bakal ngadorong leuwih gancangnna ajen tinajen kasundaan dipikareueus balarea. Sunda bakal jaya deui teh mun loba urang sunda nu tampil/manggung di balarea. > > Ka dulur-dulur Sunda, simkuring ngajak hayu urang datang tur ngarojong manggungna Ambu Diana di Taman Mini. Mun aya niat hadir, carana gampang, jugjug bae ka Taman Mini, ke di pintu gerbang mun ditanya ku penjaga, bebeja bae rek ngahadiran acara Hanggoro Kasih (tempatna di Sasana Adirasa/Samber Nyowo), jadi abusna teu mayar, mun make mobil ngan ditarik bayar parkir & asuransi Rp 3.000,-. > > Tah kitu bewara simkuring, sakali deui bisi poho. Tempatna di Taman Mini Indonesia Indah Gedong Sasana Adirasa, tabuh satengah dalapan peuting (19.30 WIB). > > Cag. > > pun tabe pun, > > Engkus > > > ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ _____ > Dapatkan nama yang Anda sukai! > Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail. com. > http://mail. promotions. yahoo.com/ newdomains/ id/ >
