Assalamu alaikum, Sakaterang sim kuring, kuotasi Shakespeare eta teh mangrupikeun dialog Juliet sareng Romeo, waktos aranjeunna duaan putus harepan urusan hubungan cinta maranehna. Duriat nu ngagugudag kedah paragat ku ayana dua kulawarga nu tos teuing ti mana janten musuh bubuyutan. Saur Juliet: "What is in a name? That which we call a rose By any other name would smell as sweet." (Naon sih hartina nami? Upami kembang ros, bade naon oge ku urang disebat, tetep nyambuang seungit...)
Upami pamadegan sim kuring nu laip mah, eta kuotasi teh malah sanes ngawangkongkeun urusan "nami" nu 'kulit'. Tapi langkung jauh, langkung jero, nyaeta soal "hakekat", 'eusi'. Sim uring yakin, teu aya maksad Shakespeare ngahandapkeun sual nami. Nuhun, Abdi nu laip. --- On Tue, 11/11/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] What is a NAME... TAJI MALELA > KATA NAMA dan MAKNA To: [email protected] Date: Tuesday, November 11, 2008, 9:26 PM enya kg Emha...ceuk uin ogen eta mah citakan ti kolotna supaya ..... suuuugannnn bisa sarua ahlakna jeung nu boga ngaran... he33x! ...oca tea... --- On Sun, 11/9/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] What is a NAME... TAJI MALELA > KATA NAMA dan MAKNA To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Sunday, November 9, 2008, 6:44 PM Cing ah sim uing ngiring ngarewong, perkara ngangaranan. Naha enya kitu, ngaran teu ngagambarkeun naon-naon? Ceuk uing mah rada kaliru tah kasimpulan yen ngaran teu ngagambarkeun naon-naon teh. Nu kapanggih ku uing, NGARAN teh paling henteu bisa nunjukeun identitas etnis, agama, oge dimana eta jalma asalna. Kieu geura contona, cing teguh urang mana kira-kirana ieu berendelan ngaran jalma di handap ieu: Adejo Jonah Idoko Chinedu Uwabunkeonye Wali Iheanyichukwu Chuckwudi Nkwodinma Ropafadzo Laura Chirongoma Sa'ad Yakubu Ke urang sambung deui, ku POLA ngaran jalma ti etnis sejenna. salam, mh On Mon, Nov 10, 2008 at 8:31 AM, Tajimalela <[EMAIL PROTECTED] net> wrote: > Sumuhun ambu,leres > > Tapi tetep ceuk uing mah ngaran teu ngagambarkeun naon-naon?janten lain nu > Haq (bukti). > > Janten urang mah biasa-biasa wae, dipake mangga, teu di pake sawios-wios. > > Da ceuk uing mah kabeh ge ukuranana ngan ukuran jelema,komo anu terlalu > Individu mah, kaasup Shakespeare. > > Tm > ------------ --------- --------- ------ Yahoo! Groups Links
