saur Mang Ayat mah Wastukancana = Prabu Siliwangi teh nya itu bae Mamang anu mulya sadayana ge asumsi
tapi leres pisan guaran ieu teh oge sajarah SUNDA mah ngateukeu prasasti teh mung sacerewele... margi saseu-eurna dina tradisi lisan nu kasebat TUTUR tea .... nun,,,, ngahaturkeun sun Tabe pun AMBU ________________________________ From: mj <[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, November 10, 2008 9:35:00 AM Subject: [kisunda] neangan prabu siliwangi Neangan Prabu Siliwangi Dina buku Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi, beunang Saleh Danasasmita (Kiblat Buku Utama, 2003), aya bab Tokoh Siliwangi dina Sajarah (kaca 123 jeung saterusna). Ke memeh ka dinya, perlu sigana ditulis saha Saleh Danasasmita. Anjeuna sajarawan nu cek si kuring mah memang manukna. Dina carana nulis estuning kritis atawa objektif tea bari jeung ngahargaan pamanggih batur samamehna, carana ngabahas hasil pamanggih batur, cara Pleyte jsb, kacida hadena, pinuh ku bahasan nu euyeub, logis bari tetep kritis (sebut we seukeut) mulak-malik jeung naliti naskah-naskah nu aya, dihubung-hubugkeun kalayan gemet bari keukeuh kritis. Perkara Euweuh dina Prasasti Enya, sanajan kakoncara jeung minangka tokoh paling populer di Tatar Sunda, di pikiran jeung hate bin batin Urang Sunda, nu ngaran Siliwangi teu kapanggih dina prasasti. Ari cara sajarawan mah cenah ‘guru jentul’. Mun euweuh dina prasasti atawa sumber otentik sejenna, teu meunang diasupkeun kana sajarah. Sabalikna oge, cenah. Nu bener-bener ahli sajarah moal wani-wani nyebutkeun euweuh lamun kabeneran aya tokoh populer tapi teu kasebut dina prasasti. Nyebut aya ulah ku percaya, nyebut teu aya ulah lantaran teu ngandel. Salila can kabuktikeun aya-ueweuna, nya kudu netral, sukur mun bari diteangan atawa dibuktikeun aya euweuhna. Tokoh nu teu kasebut dina prasati can tangtu euweuh dina Sajarah. Conto di Wetan, bangsa nu rajin nabeuh karep. Ken Arok, Raden Wijaya, Hayam Wuruk, Gajah Mada, rengkolna euweuh dina prasasti mana bae oge. Tapi gening ari dina buku sajarah mah reuteum tah ngaran-ngaran eta teh. Jadi meman teu meunang gagabah nyebut euweuh teh, cenah. Pikeun neangan nu euweuh, make metode identifikasi cenah. Ken Arok euweuh dina prasasti, sabab dina prasasti mah disebutna Rajasa. Ari Hatta Rajasa, menteri sekretaris negara turunana? Ah duka teuing. Ngan cenah, Hatta mah urang Palembang. Raden Wijaya kitu deuih, dina prasasti mah ngarana Kertarajasa. Hayam Wuruk disebutna Sri Rajasanagara. Urang Jawa can tangtu wanoh ka ngaran Rajasa, Kertarajasa, atawa Rajasanagara. Tapi mun ka ngaran Ken Arok, Ken Dedes, Ken Norton, Hayam Wuruk, Hayam pelung, langsung apal tokoh mana nu dimaksud. Naha kitu? Sabab memeh sajarawan munggaran (bule) maluruh bukti-bukti sajarah tina sagala bukti nu aya, tokoh-tokoh eta geus aya atawa dipikawonoh dina naskah tradisional. Identifikasi Munggaran Prasasti Batu Tulis di Bogor- jieuna Prabu Surawisesa, nu dina naskah tradisional katelah Prabu Guru Gantangan atawa disebut oge Mundinglaya (1533), nu jadi raja Pajajaran taun 1921/1522-1535. Identifikasi ieu beunang Amir Sutaarga, dibukukeun taun 1965, judulna Prabu Siliwangi. Numutkeun pamanggih Amir, Prabu Siliwangi teh identik jeung Sri Baduga Maharaja, tokoh nu aya dina prasasti Writen Stone (Batu Tulis Bogor). Dasar tiori Amir Sutaarga kieu, cek Bah Saleh: 1. Prabu Siliwangi, dina Babad Siliwangi, putrana Prabu Anggalarang alias Prabu Wangi 2. Prabu Wangi dina babad eta, sarua jeung tokoh Niskala Wastu Kancana dina Carita Parahiyangan, nu cenah sarua jeung dia prasasti Batu Tulis jeung prasasti Kabantenan 3. Prabu Siliwangi, harti harfiah boh simbolis, maksudna nu nyilihan-nu ngaganti (prabu) Wangi. 4. Mun ditilik tina kamashuranana jeung kakuasaanana, Prabu Siliwangi sarua (identik) jeung Sri Baduga Maharaja. Sanajan ku Saleh dianggap aya bagean nu kurang kuat, utamana dina ngahartikeun umur/taun, bari ngantetkeun pamanggihna kana bacaan Holle nu masih ngambang hartina, dina salah sahiji bagia Carita Parahyangan. Amir netelakeun hiji hal nu kaitung penting, nu ngabongkar teori Purbatjaraka nu harita geus ngakar. Purbatjaraka nganggap raja Sunda dina naskah Pararaton, nu perlaya di perang Bubat teh Sri Baduga. Meureun salahna teh, ibarat nu maca naskah Proklamasi RI taun 45 teh Suharto. Gara-garana mah sajarawah kayaning Holle, Poerbatjaraka, salah atau kurang tarapti maca bagean tina Carita Parahyangan: Ayana seuweu prebu siliwangi ngaranna inyana prebu niskala wastu kancana nu surup di nusa larang ringgiri wanakusuma lawasiya satu saratus opat tahun. Identitas siliwangi Cape ah. Kanu hoyong teras maluruh perkara Prabu Siliwangi, nya mangga we peser buku eta. Mun teu aya di Gramedia, nya cobi telpon pamedal Kiblat Buku Utama. Hehe Salah sahiji katerangan dina buku eta, netelakeun yen Prabu Siliwangi teh ngan Hiji. Tapi cenah loba US nu nganggap Siliwangi teh rea. Aya nu nyebut tujuh jeung maker nomer sagala, Siliwangi I, II, III, IV, jst, umumna dinomeran ku kaum Sunda nu nyakola, jeung nu resep mistik, oge bisa jadi pangaruh sajarah kulon. Islam ka Nusantara Cek Saleh dina buku eta, numutkeun panalungtikan sajarah mutahir, Islam asup ka Sumatra abad ka 7 (taun 600-an), jaman Halifah Umar bin Khathab. Majapait karek ngadeg taun 1293. jadi tujuh abad sanggeus Islam asup ka Nusantara. Jaman Hayam Wuruk kabukti geus loba pangeusi puseur majapahit nu ngagem islam. Cek Tome Pires, dina taun 1513 (jaman Siliwangi), di muara Cimanuk, sanajan rajana ngagem agama ‘Pajajaran’, ra’yatna mah geus Islam. Malah Subanglarang, garwana Siliwangi oge agamana teh Islam. Saha Prabu Siliwangi, teh? Tulisa Saleh Danasasmita, bulat-beulit ngakurkeun angka jeung taun dina sababaraha naskah, asana lumpat ka kasimpulan nu geus ditetelakeun ku Amir Sutaarga, yen nu dimaksud Prabu Siliwangi teh, eta, Sri Baduga Maharaja, nu ayeuna dipake ngaran Museum Negeri Jawa Barat di Tegallega mj http://geocities. com/mangjamal http://mangjamal. multiply. com
