Nuhun parantos mairan.
Aya nami aya jinisna, aya barangna.
Punten abdi teu acan terang naon hartosna "cibungkul".
Di lembur abdi, aya nu namina Cijanten, Cijadi, lebah-lebahna di Desa
Batukarut, Lebakwangi. Banjaran.
Di palebah eta oge aya anu namina Kabuyutan. Anu janten
"kuncen"na atanapi juru kuncina kaleresan Pun Nini. Asal
muasal bibit buit pribados sakulawargi antawisnya tu ieu
patempatan. Saur anjeuna, urang teh kedah emut ka karuhun urang
sewang-sewangan, da aranjeuna di alam nu sanes "ningali" sareng
"ngayomi" ka urang-urang. Kitu cenah, urang aya teh syareatna ku ayana
karuhun-karuhun urang, moal aya urang-urang upami teu aya aranjeuna..
Mangga dilajeng.
Baktos
mz
--- On Thu, 11/13/08, aeko.nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: aeko.nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
Sanes cibungkuk tapi cibungkul... ..cibungkul teh lembur kuring nu
ayana di Kabupaten tasikmalaya kecamatan indihiang Desa sukamaju kaler
kampung cibungkul. Kampung cibungkul teh persisna mah wates antawis
kecamatan indihiang sareng cisayong. Allhamdulilah ieu lembur teh tos
lebet listrik kitu deui jalana parantos diaspal saatosna aya SMA
Indihiang.
Sakitu wae heula...
baktos
ern