Nitenan eusi postingan boh di milis Ki Sunda, Urang Sunda, oge Baraya
Sunda upama ngadurenyomkeun perkara Basa Sunda, sok mucunghul
kasus-kasus jiga kieu:

Kasus 1:
Kacaritakeun hiji baraya keur laha loho neangan alamat padumukan di
hiji wewengkon. Sabot manehna keur alak-ilik, hawar-hawar kadenge sora
Ibu-Ibu keur ngobrol jeung baturna make basa Sunda. Eta baraya teh teg
we boga kasimpulan yen pasti si Ibu teh urang Sunda. Saterusna eta
baraya teh nanyakeun alamat nu diteangan tea ka Ibu-Ibu nu keur
ngobrol tea, make basa Sunda. Naon nu matak helok, eata jawaban
Ibu-Ibu nu ngobrol make basa Sunda teh robah mode basa Sunda-na OFF,
ngajawabna make basa Indonesia.

Kasus 2:
Carita kadua mah nyaritakeun baraya nu ngadon balanjar di hiji
Supermarket kota kabupaten. Sidik cenah eta baraya teh, teu nginjeum
ceuli batur, ngadenge jurujual di eta Supermarket make basa Sunda.
Ngan nalika si baraya nanyakeun hiji barang nu keur diteangan ka
jurujual tea, ngadadak cenah mode basa Sunda-na OFF oge. Si jurujual
ngajawabna make basa Indonesia.

Jigana wae eta dua kasus di luhur teh, geus lumrah bisa kapanggih dina
situasi naon bae. Misalna urang noong nu diskusi di milis, nalika
suasana diskusi masih normal, adem ayem diskusi mode basa Sunda masin
ON. Upama suasana geus rada naek rada haneut, katara mode basa Sunda
mimiti OFF, diskusi geus tukeur kana basa Indonesia. Jigana upama
ninggali trend ieu, upamana wae suasana diskusi geus tambah panas
jeung tambah panas, mode basa Indonesia oge bakal OFF, bakal tukeu
kana mode basa Asing.

Upama wae kang Eko nu tukang komputer, rek nyieun model alanisa
migunakeun basa alami nu dipake sapopoe, algoritmana bakal jiga kieu:

1. if [suasana normal] then [mode basa sunda ON, Indonesia OFF, asing OFF]
2. if [suasana haneut] then [mode basa sunda OFF, Indonesia ON, asing OFF]
3. if [suasana panas] then [mode basa sunda OFF, Indonesia OFF, asing ON]

Cing baraya ayeuna urang nyieun SURVEY leuleutikan, numutkeun nu
kapanggih, nu kaalaman ku baraya sewang-sewangan, dina situasi naon
wae komunikasi make basa Sunda ON/OFF teh?

Nu kaduana, cing inget-inget ari urang ngimpi make basa naon?

salam,
mh

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke