Kang Obay, sami tah jiga pangalaman Bah Abbas, kuma setting-na cenah.
Cing kumaha baraya Sejenna. Ngarah gampang jawabanana, kumaha upama
soalna pilihan ganda jiga kieu:
Baraya, nalika ngimpi ari salina cacarita make basa naon?
A. Sunda
B. Indonesia
C. Asing
D. Campuran Sunda, Indonesia, Asing
E. Lain jawaban A, B, oge C
Sok geura jarawab ah, urang toong nepi ka mana basa Sunda nyerep kana
kahirupan urang sapopoe.
Salam,
mh
On Mon, Nov 17, 2008 at 2:09 PM, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang MH,
>
> Ngeunaan ngimpi, kuring mah gumantung kana setting-na. Lamun ngimpi
> setting-na di lembur sok make basa Sunda. Kusabab kuring mah uclak-aclok
> ngumbara, tah lamun ngimpi setting-na Surabaya misalna, sok make basa
> Indonesia. Tah lamun suasana kantor sok make basa Inggris.
>
> Sigana setting ngimpi mah gumantung kana "common sense" alam sadar dina
> ngalaman hirup rutinitas. Model urang lamun nyetir mobil ti imah ka tempat
> gawe, najan bari ngalamun oge moal sasab. Tah kitu deui masalah ngimpi. Tapi
> duka ketang da kuring mah lain tukang tapsir ngimpi.
>
> Pernah oge kuring dijero impian bingung sabab nu ngajak ngomong make basa
> Cina...
>
> Obay
> ~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~
>
>
> Posted by: "arif ramdlan" [EMAIL PROTECTED] riframadlans
> Sun Nov 16, 2008 8:49 pm (PST)
>
> bahasa sunda pareum nalika lawan nyarita lain urang sunda
> bahasa sunda pareum nalika dina sakumpulan jelema keur ngobrol aya nu lain
> sunda,nya urang kudu ngahargaan, mereh manehna ngarti
> bahasa sunda hirup, nalik urang balik ka lembur kumpul jeung sanak kulawarga
> bahasa sunda hirup nalika urang papanggih jeung kolot urang nu teu bisa
> bahasa indonesia...
>
> soal ngimpi, pasti pake bahasa sunda. da cenah waktos urang keur diajar
> bahasa Inggrism ceuk guru di sakola, bakal lancar lamun geus bisa ngimpi pake
> bahasa inggris. kungsi ngimpi pake bahasa inggris, tapi anggeur wae teu
> bisa-bisa bahasa inggris teh...
> heh eheh
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/