--- On Fri, 11/7/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Pedang Perak vs Tukang Besi - 23
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Friday, November 7, 2008, 9:34 PM







Ngadenge omongan  Phang Jie Kiong, jeung memang nempo kaayaan kota anu sakitu 
tiiseunana, Ong Gi Leng ayeuna rada percaya; jeung nyaho yen Si Tilu Dewa pasti 
geus bentrok jeung musuh nu beurat; ku sabab panasaran, si Ong Gi leng nanya:” 
Saha jelemana nu bisa ngaganggu katengtreman Tilu Dewa? naha serdadu ti 
nagara?” 
“Hmmm, mangkelukna mah nya eta  Si Haramjadah Pedang Perak!” 
Omonan Phang Jie Kiong ieu enyaan ngajadikeun Ong Gi Leng jeung Cu Hong kaget, 
sanggeus ngaheneng sakeudeung pok Ong Gi Leng nyarita:”Pedang Perak? Ti iraha 
eta Jagoan teh turun deui ka dunya Kang Ouw ?” 
“Hehehehe, pasti andika duaan kaget, jeung teu percaya nya ? minggu kamari 
manehanana mimiti asup ka kota ieu, tah sababaraha poe ka tukang manehna 
ngacak2 ka imah kuring, jeung deui manehna teu nyekel ka na jangji ! Pendekar 
nanahaon manehna teh ?” 
Ong Gi Leng yakin ayeuna mah, da lamun memang Si Pedang Perak nu tarung jeung 
Tilu Dewa, kakuatan tiga Dewa ditambah sakabeh kambratna pasti mo bisa nahan 
kagagahan Si Pedang Perak, akhirna Ong Gi Leng nanya deui”kumaha tatuna si Dewa 
Kahiji, beurat pisan ?” 
“Hemm memang nepi ka ayeuna Toako can mati, tapi kaayaanna wales pisan, mun 
arandika teu percaya ; pek tempo di kamar, tapi saencanna cik bejaan kami, 
arandika datang ka dieu aya kaperluan naon ?"
“Hahahaha, mun kitu mah kaula moal loba omong deui. Bisi aranjeun can apal  
Komandan Gilimkun Coa Sim teh sobat Kaula, manehna kacida susaheunana lantaran 
Harta Nagara di na perjalanan dirampas ku rampog; manehanan jelas teu bisa 
turun sorangan lantaran bakal katangen; tah manehna menta tulung ka kula supaya 
mang nyilidikkeun hal ieu nyilidik ieu patempatani, lantaran manehna curiga yen 
nu ngabegal beheula teh arandika Tilu Dewa! Kabuktian sanggeusna Tilu bulan 
Kula nyilidik; akhirnya jelas memang arandika tiluan nu ngaluluguan ngabegal 
Harta Nagara teh ." 



      

Kirim email ke