panujuuuuuuu..........

--- On Wed, 11/19/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] SARABUNIS MUBAROK "PUJANGGA PUJA SASTRA": KARYA SILUNGLUNG
To: [email protected]
Date: Wednesday, November 19, 2008, 8:03 PM






Kang Bunis anu mulya
punten abdi campur basa Indonesia, maca kecap2 anu dipilih kalimat anu diadu 
manis ku kang bunis... mana ku abdi dikempelkeun teh margi keuna kana mamaras. 
Oge kauni pisan "peka" na kang Bunis kana kahirupan sinareng situasi nu katampi 
kana manah Kang BUNIS.... 

hapunten pisan....mung sadayaa oge taya sanes apan nanggeuy na kahirupan teh 
nyaeta juritan - palagan hirup. Tapi sakali deui teu gaduh maksad awon oge 
hanteu disarengan ku panas.....istuning tiis bae.... nggalindengkeun hiji 
pamadegan anu aya di balareya

ari nyarios campur indonesia, eta nyutat tina makalah abdi sorangan,  kaleresan 
aya dina file.... da 
 kertas kerja teh tara ku SUNDA abdi mah (rumaos). Kukituna puisi2 Kang Bunis 
nu pinton didieu teh oge nganineungkeun abdi kana kecap2 SUNDA nu tos lami tara 
kakuping deui...(da di BATAWI tea  atuh). Hatur Nuhun nu kasuhun.... mugi kersa 
diteraskeun dialungkeun di dieu... ulah bosen.

Jikalau saya boleh mengatakan pendapat, puisi2 kang BUNIS teh layaknya 
PUJASASTRA (tangtosna sabaraha kali nampi RANCAGE) . Saya (karena baru tahu) 
menemukan DUA yang saya tandai sebagai tokoh SUNDA yang patut saya kagumi 
karyanya (meskipun belum kenal)....yaitu Hidayat Suryalaga ketika beliau 
mengupas Sangkuriang (secara Hermeneutik); dan kini ternyata Sarabunis Mubarok 
yang gemulai melantunkan khazanah kehidupan....demikian 
terperinci membentangkan kanvas sosial latar
 belakang kehidupan keagamaan. Sarat  dengan memuat
dan pandangan dunia sastra kosmis termasuk deskripsi empiris
mengenai realitas sosial politik dan kultural  Urang SUNDA.

Puisi2 yang tampil adalah keseluruhan PEKA yang tak sadar dalam tataran 
kesadaran yang aktual, yang hadir dan bertahta sejak lahir hingga hasrat dan 
kenangan juga pengembalian alam sadar ke dalam pola perilaku. 

tabe pun
AMBU


From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, November 17, 2008 5:20:06
 PM
Subject: [kisunda] SAKURING-KURINGNA










    
            


Sarabunis Mubarok
 
SAKURING-KURINGNA 

 
sakulon-kulonna hirup 

sawetan-wetanna pati
sakidul-kidulna bagja
sakaler-kalerna 
bahla
walungan cisusu indung
hamo rek bisa 
ngabendung
     kuring teuleum
    
 sajero-jerona rusiah
 
sawayang-wayangna 
jaman
sadalang-dalangna perang
sagending-gendingna 
gering
satembang-tembangna waras
situ kesang nu jadi bapa
hamo rek bisa 
ngabedah
     kuring ngambang
    
 sahampang-hampangna budah
 
sapanas-panasna 
cinta
sahujan-hujanna dosa
sagaring-garingna seuri
sabanjir-banjirna 
ceurik
sungapan getih nu jadi dulur
hamo rek bisa 
mendetan
     kuring palid
    
 salampar-lamparna beja
 
satepus-tepusna 
deudeuh
saareuy-areuyna geuleuh
sapucuk-pucukna dunga
sasirung-sirungna 
supata
keclak cimata nu jadi sobat
hamo rek bisa 
nandean
    kuring nyangsang
    
saheurin-heurinna letah
 
sadayeuh-dayeuhna 
sirah
salembur-lemburna tuur
salaut-lautna wirang
sagunung-gunungna 
ajen
herang kiruh lemah cai
hamo rek bisa nyingkahan
    
 kuring roroesan
     sarongkah-rongkahna 
caah
 
saluhur-luhurna nangtung
sahandap-handapna 
sila
satukang-tukangna nyumput
sahareup-hareupna tandang
sumur-sumur 
panineungan
hamo rek bisa nawuan
     kuring 
muntang
     sapageuh-pageuhna sumpah
 
sapeuting-peutingna 
nyaring
sabeurang-berangna hudang
saisuk-isukna ngimpi
sasore-sorena 
gundam
cilak damar minyak hate
hamo rek bisa 
mareuman
     kuring hanjat
    
 sakuat-kuatna niat

 
Salam,
Sarabunis 
Mubarok_____ ______ Singaparna


      


        
        


      




      

Kirim email ke