----- Forwarded Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, November 21, 2008 9:40:58 AM
Subject: JUNG INDUNG TURUN



 
..................
beurat nyuhun beurat nanggung
ragrag ka aing pribadi
pangabot ti indung bapa
jadi tegesna ning galih
wantu putra susuganan
teu cara nu tadi tea

................

ng
dilandih poe katujuh
MUSTAPA panglandi aki
ku HASAN kahayang bapa
ku embah HASAN BAHARI
telahkeun HASAN MUSTAPA
dirampid samasekali

Dilajur diasur-asur
ganti beurang ganti peuting
ku kabetah panca ria
nu engke dikaping buri
ku dipaksa ditepaan
hawa napsu masing leungit

tapi teu disebut napsu 
pangogo kangeunah ati 
ngan jamak nu mikanyaah
ku kabeukina pribadi
jaga dititah dipantang
ngaberesihan nu geus mahi


      

Kirim email ke