--- On Mon, 11/24/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Kabuyutan Pajajaran
To: "Sukma Jaya" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Monday, November 24, 2008, 9:06 AM
puuun dulur nu saestu, baraya nu sa-warga...
rek dongeng uyut, ti kabuyutan deui?...
mangga aos be sing rineh....
.....................................................................................................
kaula,.....
eudeuk neang nu rareang
geus karesel kebel nanggoan... kebel=lila
ditareundeun di handeuleum siyeum
ditarunda di hanjuwan siyang
geus raraong ti baheula
menta geura ...dilakonkeun
saaaaaha anu menta dilakonkeun?
nya inyaaana anu aya di awak dia
nu disarebut
...p a n a s a r a n !
panasaran...lantaran ditiiiiilok( piraku, na enya?)
urang sunda buntu lalakon...................???
saaaaaha anu di-lakonkeun?
nya inyana, .....
anu teu mubus teu sudi taluk
anu dirarang di caritakeun
tapi..................
najan dilebur ku wadul giruk...
dimumusna ku carita ngewa...
inyana mah ....tetep aaaaaya!
lantaran................
bener ngilang di alas banawasa
inyana mah tetep nyalindung,
di harigu urang sunda................
tapi....s u n d a nu e n y a!!!
cag!
.....................................................................................................
carita pantun bogor,
pakujajar beukah kembang
tutungkusan: aki uyut baju rambeng
simpenan: rakean minda kalangan
disalin ku: ki panjak
sukabumi, dayeuh pakidulan pajajaran tengah
18-11-1969
dipindah ka ieu millist, ku ...oca
tea...
he33x!
........................................................................................................................................
--- On Mon, 11/24/08, Sukma Jaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Sukma Jaya <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Kabuyutan Pajajaran
To: [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED]
Date: Monday, November 24, 2008, 6:35 AM
Jamugana tah Raja Nagara
Pedah Baladna pada Satyana
Aya Mah
Seuweu Siwi Kataruman ngahiji
Dina Kala nu di Tangtu pinasti
Tapak Kabuyutan sok pada eusi !
Ku dia sarerea
Nu Ayeuna Mah
Patilasan pada kamilik wangsa Nusa
Sapi
Teang Bulan nu caang paragi
Ngariung mungpulung ngawargi
Teang kuta luar jieun kunjarakuta hejo
Di lemah duwur nu kapungkur
Ningali Balad Rajapaksa ti gunung pancer
Teang kala Kasundan paragi
Panganteur anu pandeuri
Nu ngabakal jadi mimiti
Pakena gawe rahayu
Mangka kabeh kudu saluyu
Pakena kareta beuneur
Mangka kabeh sing daleungeur
Mangka ......
Kasundan, Kataruman, Kabuyutan Pajajaran Jaya di buana
Dia nu ngagero
geura ngagiri guru
gura goro
ngajadi giru
Geura gero giru giri guru
goro
Ulah neupi ka goro-goro
Cag heula
...
Sukmajaya