Hatur nuhun pisan kana katerangan Kang Engkus. Sim kuring jadi terang kana 
konsep agama asli ti Sunda.

Sual sababaraha patarosan, urang cindekkeun bae janten kieu:
1. Saha Rabb-na? Batar Tunggal, sifatna teu arah teu enggon, estu murba.
2. Saha Nabina? Indung-bapa (karuhun)
3. Naon Kitab Sucina? Mandala Ageung-Mandala Alit
4. Solat jeung sahadatna? sembahyang (migawe anu luyu jeung ada budaya/tapa di 
mandala), tah palebah sahadat teu disebutkeun kumaha kekecapanana.
5. Kamana kiblatna? Tangtungan diri badan sakujur
6. Naha aya sorga jeung naraka? aya, tapi di dunya keneh
7. Ti iraha agama asli Sunda aya? teu kawaler.

Sim kuring minangka papada manusa, banget pisan ngahargaan ka nu ngagem 
"SUNDA". da karuhun sim kuring ge mun dijujut mah aya dua blok, nu hiji ti arab 
(Islam) nu hiji ti Sunda. Saur Sim kuring mah yen ayana islam di tatar sunda 
tiasa nanjeur ku sabab ayana "persamaan" dina konsep ketuhanan sakumaha no 1 
diluhur. Dina konsep tauhid islam, Alloh SWT teh Ahad (Hiji). Namung konsep 
salajengna benten sareng islam, dimana katingalna dina agama 'SUNDA' mah 
seuseurna langsung kana tataran hakikat (numutkeun sim kuring, punten). Margi 
dina islam mah seueur syariat samisal (tata cara ibadah bersuci, abdas, solat, 
puasa jsb. dina perdagangan/muamalah aya konsep bagi hasil, konsep 
pernikahan (rukun, syarat, nu kenging ditikah) jrrd).

Tah palebah tataran syariat, naha aya hukum, rukun, syarat jeung sajabana dina 
agama 'SUNDA'?
Panuhun upami aya nu kersa ngawaler. Namung sanes maksadna awon, margi sim 
kuring hoyong terang. 

baktos,


Siwi Nanggadipura

 
 

________________________________


  
        
  
________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda! 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!  


      Is it common movie star/actor join the election?

Kirim email ke