kang Tirta, agama Sunda Wiwitan oge disebut Sunda Asli. tapi ieu ngan perkara basa, teu meungkeut ka urusan jelemana komo nu ayeuna, pan US kalolobana ngagem Islam, tapi lan harti urang lain sunda- boh sacara genetis, budaya jeung sabangsana. eta mah ngan ukur nembongkeun yen urang sunda baheula, keur can aya agama nu datang ti luar (nu dibawa ku sodagar india, lain ku ustad, cenah cek kang Abdullah Mustapa dina Cupumanik Nopember ieu), geus boga sistem kapercayaan nu mandiri. sarua jeung urang Iran-Persia nu memeh ngagem Islam, cenah baheulana ngagem Zarahustra tea. agama lokal, siga kejawen tea meureun mun di wetan mah.
kabeneran tah masyarakat nu masih ngagem agama karuhun eta aya keneh, cara urang baduy tea jeung nu sejenna. wiwitan teh asana mah "nu munggaran", jadi agama nu diagem munggaran ku urang sunda. agama produk lokal, lain impor. meureun. heuheu.
