kang tirta, ari ceuk uing mah eta dua jalma nu disuguhan peer teh
kaitung leuwih hade tinimbang nu balem bari hokcay. paling heunteu eta
eusi mastakana keur aya dina proses ngagelom informasi nu disalurkeun
kana bahamna. komo deui di milis mah, eta debat teh dalah nyawana
milis. tinimbang ukur silih pelendungkeun pangambung leuwih hade
diajar adu renyom. aya pakasaban tertentu nu ketakna teh justru adu
renyom. teu kabeh kasab kudu ku luau-leet kesang.

salam,
mh

On Thu, Nov 27, 2008 at 2:32 AM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Aya 2 jalmi disuguhan peer koneng. Der debat lumpat kana kesemek, jeruk
> jeung sajabana. Atuh dina murak eta peer debat deui wae eta jalmi masalah
> rasa haseum, amis, semu haseum jeung sajabana.
>
> Disuguhan teh bet kalah debat, lain murak & bersyukur.
>
> ~ JP ~
>
> ________________________________
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, November 26, 2008 5:33:05
> Subject: Re: Literatur, Referensi Sunda Wiwitan Re: Bls: Bls: [kisunda]
> diskusi islam jeung urang
>
> paiiingan atuh, kg JP leres...bilih asbun teh, bisa ditungtungan ku debat
> kusir...
> paiiingan atuh, kg JP leres...UKanekes, mun ditanyaan teh,
> jawabna pondok, ngan heueueh be kumadinya..
>
> conto:
> semah: "bener UK teh agamana Buda?"
> UK: " uin mah teu Buda teu Booodo....(sabari gawe di huma..).
> smh:" bener imah sakabehna ngan aya 40 kuren?"
> UK: " heu...euh"
> smh: "kuanaon teu meunang maca nulis?'
> UK: "teu wasssa beee..., ti dituna..."
> kooomo, mun ditanya, kitab jeung nabi, kuma solat, Gusti jeung sajabana...?
> ??
> ............ ......... ......... ......... ......... ......... .........
> ......... ......... ......... ......... .......
> nu matak, ceuk uin teu bisa pertanyaan 'format kiwari' dipapantes keur
> ngajawab anu bihari...geus beda 'format'na, kecuali mun termna geus sapuk
> disaluyuan.. .(sugan eta gen).
> aya jawaban universal, aya jawaban spesifik.... aya data na!
>
> anu US kudu muji sukur mah, US boga buku hirup, UK!....anu katempo dina
> hasil pagaweanana, lain di Kitabna....geura tengetan:
> ngajaga leuweung, ngajaga cai, pare huma(non irigasi), imah prefab(knock
> down), leuit sakampung,( aya di unggal juru- masing2 leuwih ti tilu), acan
> leuit anu puun? boga salapan!(cad devisa), sukuran panen raya...mipit amit
> ngala bebeja unggal rek nuar tangkal, rek meuncit, rek ngawangun imah, rek
> Kawalu jsbna...dina buku prak, kalayan saderhana, aturan kahirupan geus jadi
> diawakna,  teu nanaon ku nanon, mun tamaha...jadi kaluar, euweuh pulisi,
> euweuh penjara....teu boga pakarang perang...damai dibumi...hanteu ribut,
> parebut omong! pepesan kosong!
> silahkan baca sorangan.... interpretasi sorangan, ngan Baduy Sursa anu
> sementara ieu bisa nulis laporan perjalanan, sabari ngabantah pamadegan si
> Bule Walanda-Van Tricht jsb na... anu ku urg bisa di interpretasikeun.
> ...jaba Sursa bisa nguruskeun perluasan lahan UK nk  kaluarna SK Mentri,(
> gawe lin?) Sursa-SW, Sutsen-Islam Sunda(Sutisna Sanjaya) dulurna....
> ngan bahayana ?nga-interpretasi ku pemahaman teh, bisa beda
> hartina....nurutkeu n lalangit masing2...conto kitab Suci anu geus aya ogen,
> bisa jadi 1001 pemahaman... .sok sanajan dina sareat, sarua solatna, sarua
> Ka'bahna.
> ti tilu jawaban conto ti UK geus katempo aya trend ngarahkeun pertanyaan ti
> semah.
> nyaaaa atuh, hese ngadoongengkeun panjang lebarna, da teu sa'frame'
> pikiranna.
> mun uin bisa miluan ngajawab:
> -agama mah teu perelu diperdebatkeun. ...moal beak2! (teu buda teu
> bodo),...gawean be   sorangan, moal  ngaganggu, embung di ganggu...
> - rek naon nanya jumlah imah 40? kana kias jeung ijma naon 40 teh? da ku uin
> di itung di Cikeusik Jero, jumlahna aya 52 kuren? (jawabna...heu. ..euh!)..
> ....euh kitu?
> - gara2 nulis jeung maca lahirrr, bisa samar ka maksud, komo geus direkayasa
> mah, jawabanna, PALSU , TEU SOHEH!....(TEU WAAAAAASA)
> hayu atuh ayeuna urang nyieun KITAB SUCI SUNDA, JEUNG NABI NA, JEUNG CARA
> SOLATNA, JEUNG NERANGKEUN GUSTINA..... !!! anu kudu sapuk ku US kabeh....
> naha sanggup????
> baca asbabun nuzulna Qur'an anu ayeuna lumaku, aya sababaraha mushaf Qur'an
> samemehna? ...sabaraha waktu diperdebatkeunana? sa-anggeus nabi ngantunkeun?
> ...kumaha cara votingna? saha anu mutuskeunana. ..sabaraha pe-mushaf anu
> kuciwa beratna(termasuk mushaf Sayyidina Ali) kana kaputusan Mushaf Utsmani
> teh...ieu data en fakta, dina usaha ngumpulkeun kecap jeung ucap Gusti, anu
> di ucapkeun liwat manusa teh, jaba loba lafad anu teu kaharti?...teu
> samanea...teu samanea....teu gampang...kumaha mertanggung jawabkeunana. ..?
> naha urg yakin? atawa taqlid buta?
> baca asbabun nuzulna Bijbel/Injil, kunaon aya revisi/tambahan perjanjian,
> anyar jeung heubeul jstna...
> eta sarua kabeh prosesna...ku kawasaan! ku pangawasa!!!
> US boga penguasa Sunda???, US boga ka kawasaan? aya Raja Sunda???
> mun euweuh eta , satungtung deuleu...mo beak, beak karep teu karuhan...,
> karunya atuh ka karuhun...kudu nyaksian US nyieun Kitab Suci Sunda?
> cag!
> ...oca tea...
>
>
>
> KU KITAB SUCI NU AYA OGEN BISA BEDA-BEDA MASJID JEUNG GAREJA NA?
> naha dijamin US anu ngaku ngagem SW, sarua babacaaanna, doa, jampe
> jangjawokanana? doa Baduy, doa Pajajaran, doa Cirebonan, doa garut, jeung
> anu disebut sahadat Sunda? sarua? (uin pernah ditembongkeun lima sahadat
> sunda tiap wewengkon)
>
> naaaaaa...teu sarua kituh Gusti na?
> kumaha kitab suci Sunda?
> .matakna ceuk uin pertanyaan eta gugur, kusabab  ku format pertanyaan
> sorangan, geus teu bisa ngajawab naon kitab suci nabi2 anu 21...sesana? geus
> ngahuleng?
> sok sing jujur beeee...uin gen teu nyaaaaho?
> komo rek nanya ka UK anu teu mamawa buku di kaneronna?
> matakna dijawab ngeunah be, nabi kula Adam...tanya be ku didinya boga kitab
> Sucina?
> pondok nyogokna jawaban, bisa nunjukkeun oge kecerdasan anu luhung, lamun
> urang surti mah.
> conto deui, aya nu datang ka PHH Mustapa nanya: 'Kunaon babi haram?"
> di jawab PHM" kos anu euweuh deui kadahaaaran, maneh teh?"
> mangga emutan...
>
> --- On Tue, 11/25/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Literatur, Referensi Sunda Wiwitan Re: Bls: Bls: [kisunda] diskusi
> islam jeung urang
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Tuesday, November 25, 2008, 4:48 PM
>
> Mirip dina rapat, jalma nu teu nyiapkeun bahan eta dina rapat mun teu cicing
> nya asbun, asal bunyi. Kitu oge dina diskusi pami teu siap bahana tiasa
> kamana mendi nu pasti probabilitas gesekan, pagetreng langkung ageung. Dina
> hal ieu literatur, referensi ngeunaan Sunda Wiwitan asana mah minim pisan,
> apal teh tina milis, wikipedia. Kumaha pami dikawitan nyerat literatur,
> referensi Sunda Wiwitan, ke pami tos maraca ibarat ngawangun rel, kareta
> diskusi tiasa ngageuleuyeung.
>
> baktos
> ~ Jalak Pakuan ~
>
> ________________________________
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Tuesday, November 25, 2008 8:44:50
> Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] diskusi islam jeung urang
>
> Tapi kedah nyepeng naon tujuanana. Eta nu nangtukeun mangpaat henteuna
> diskusi. Kumaha-kumaha oge hate mah babari raheut.
>
> ~ JP ~
>
> ________________________________
> From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Monday, November 24, 2008 18:19:27
> Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] diskusi islam jeung urang
>
> bah oca, nu dimaksud ku uing teh, lain ngan pikeun topik tertentu,
> tapi oge pikeun topik-topik sejenna. ceuk toongan uing, urang kudu
> ngabiasakeun maneh, hehehe, maksudna ngabiasakeun karep sorangan (kang
> oman, tah ieu conto migunakeun kecap maneh deui) pikeun adu renyom.
> perkara hawa diskusi jadi haneut, deukeut-deukeut ka panas, eta mah
> ilahar atuh, justru ku jalan kitu sugan wae bisa aya gunanana.
>
> mun uing kaci make analogi, diskusi di milis teh lir ibarat
> ngecemplungkeun batu koral nu sareukeut keneh, anyar meunang mekprekan
> ku martil ka walungan gede. ku cara unggal usik si koral pagedrud
> jeung si koral sejenna, antukna jadi lemes eta batu di dasar walungan
> teh. hehehe.
>
> tah kitu, bah oca. nu matak 'mari kita hayu', tong sieun ku pagedrug.
>
> salam,
> mh
>
> On Tue, Nov 25, 2008 at 1:15 AM, Roza Rahmadjasa Mintaredja
> <roza.kalasunda@ yahoo.com> wrote:
>> baaaaruk kitu kg Emhaaaa....jadi sarepi nyah?
>> rek di adurenyomkeun deui...? uin ngajukeun usul
>> kmh mun make sarat, yen ajang diskusi kudu didasaran
>> tiis pikir,... herang mata,
>> da keur wawacaan balarea, ngabuka horizon/ cakrawala pandang...
>> supaya ulah jadi kuruing batok lin?
>>
>>
>>
>> --- On Mon, 11/24/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>>
>> From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
>> Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] diskusi islam jeung urang
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Date: Monday, November 24, 2008, 6:44 AM
>>
>> On Mon, Nov 24, 2008 at 10:13 PM, Yunan Buana <[EMAIL PROTECTED] com>
>> wrote:
>>> kamana wae kang edy, baru kelihatan yeuh rojer, nya eta kang,
>> pendekatannya
>> kudu hati2, kudu ngelihat heula siapa yang diajak bicaranya
>>> teu bisa gegabah, apalagi pengalaman empiris dijadikan landasan, eta mah
>> keur pribadi, batur mah moal percaya, umpami kang edy mah tiasa wae, pan
>> geus
>> apal nyaho kanadirina, naon deui atuh yang dibicarakan ?!,.... yang lain
>> geus
>> ketingali karak saetik tos emosional, ha... ha... jd rame rojer.... ganti
>> !
>> iraha main kekantor deui kang ? eta kang haris ngelelep kamana? tos
>> nikahnya
>> kang ?.........
>>>
>>> ( kade saguru saelmu ulah ganggu !!! ) he.... he..... he....
>>>
>>> urang mah kopdar weu kang !........... ... hiik,.. hiik..
>>>
>>
>> lain, kang yunan, kamari ngajak 'duet', ayeuna ngajak 'kopdar'.
>> hehehe.
>> upama tiap nonghol tajuk-tajuk pikaresepeun terus di-duet-keun atawa
>> di-kopdar-keun mah, atuh kumaha nasib ieu milis, meureun jadi sepi
>> jiga kuburan.
>> hadena mah tajuk-tajuk nu renung mucunghul teh mangga dibahas wae,
>> terus
>> adu-renyom-keun di ieu milis, ngarah baraya nu lianna oge milu
>> pogot.
>>
>> sok lah diteraskeun adu-renyomna.
>>
>> salam,
>> mh
>>
>> ------------ --------- --------- ------
>
> ________________________________
> Get your new Email address!
> Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
> ________________________________
> Get your new Email address!
> Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
>
> ________________________________
> Get your new Email address!
> Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke