OOT ieu mah. Legenda Sangkuriang keur kuring,  ngabuktikeun yen urang Sunda 
buhun, teu nganggap HINA lamun jalma teh katurunan sato. Sato dianggap 
mangkeluk hirup nu sajajar jeung manusa, malah di etnik-etnik sejen di 
Indonesia  (oge di tempat-tempat sejen) dianggap oge boga Arwah. Sato atawa 
tatangkalan sanajan dikonsumsi tetep dihormat salaku mangkeluk hirup. Aya 
upacara-upacara ritual lamun arek meuncit / moro sato. Di lembur kuring 
baheula, lamun meuncit embe atawa sapi, biasana disadieukeun eunteung, cenah 
supaya embe teh bisa ningali heula beungeutna nu pangakhirna.Aya oge 
etnik-etnik sejen, nu nganggap luluhurna teh  asalna tina sato : Biruang, 
heulang, maung ..............jrrrd.

Nu ngarobah-robah dongeng sangkuriang, teu narima si Tumang teh anjing jeung 
indung Dayang Sumbi teh bagong, tangtu we jalma jaman ayeuna, nu geus narima 
niley-niley anyar nu nganggap manusa teh mangkeluk pangmulyana didunya.

Baktos,
WALUYA


----- Original Message ----- 
From: Aschev Schuraschev
Benten pisan antawis legenda Sangkuriang sareng mitos Oedipus mah. Dina 
sasakala Sangkuriang mah henteu kajantenan (alias gagal) hubungan insest 
antawis anak sareng indung teh tapi dina Oedipus mah kajantenan hubungan 
inses anak-indung malah mah ngahasilkeun turunan. Sasakala Sangkuriang 
patali sareng gejala alam dibentukna sareng garingna dano Bandung oge 
kajantenan 3 gunung, ari dina Oedipus mah samasakali teu aya hubunganana 
sareng dibentukna gunung sareng dano. Mitos Oedipus ieu kantos 
disinetronekun di Indosiar. Rame oge. "Ending"na mah bahla ka nu gaduh 
lalakonna, pada palastra.



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke