Heuheuy eta kang Maman meuni kagila-gila keding, emang leureus kang sabagian
urang India emang katurunan Suku arya sabab turuna ti armenia-iran gubrag ka
India tapi sabagian wungkul kawas di urang, urang indonesia teh aya oge nu
hideung saperti di Irian atawa di kalimantan pan rea ras koneng. tapi tong
lepat kang salami  abdi di timur tengah can mangihan urang india saperti
kitu rata2 hararideung jeung sareungit bawang.. da emang kasedepna....

 

 

 

salam kang ah....

 

 

 

 

 

Ah ieumah selingan we, kanggo ngahaneutkeun.

 

 

 

Inget baheula keur ngora, hayang apresiasi kanu seni filem india 

 

Der we lalajo filem india ka alun-alun.   Bioskop Dian mun teu salahmah, na
ari asup teh joba poek jeung barau hangseur.  Euleuh-euleuh  eta penonton.
Teu kaur anu boga lalakon meunang der kareprok.  Uing mah hayang seuri we.
Ah jongjong we da disabeulaheun aya awewe babaturan ulin.  Nu matek helok
mah kunaha nya eta urang india bet gareulis jeung karasep ?  Cobi eta geura
tingal photo di luhur.   "come on beybeuh". he..he..he..

 

 

 

Sok ceunah, maranehanana keturunan Ras Arya.  Naha enya kitu ? Pan Hitler
ngaku yen maranehanana nyaeta,katurunan urang Jerman oge sarua ras Arya.
Mana nu bener nya?

 

 

 

Baktos.

 

mz

 

Kirim email ke