Ya Allah ya robbi, mugia pamundut hamba gusti eta enggal dikubol amiin
________________________________ From: Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED] Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, November 28, 2008 12:51:35 PM Subject: [kisunda] Neangan bapa! Ti sundanet. Manawi bae aya nu tiasa ngabantuan ieubaraya. Salam, MGT ============ ========= ========= ========= ========= ======= 4) Dian Bachtiar Widyasmarans Tue, 18 November 2008 17:43:25 -0600 ________________________________ Sampura sun. Hampura sa teu acana, kumargi abdi ngarepotkeun. Abdi bade nuhunkeun pitulung ka urang sunda-sakabehna. Abdi teh nuju nyusur jejak pun Rama abdi, nu namina Ir. Rudy Ali Syahbhana. Abdi sareng pun Rama teh parantos papisah mani ku lamina, kirang langkung 37 tahun lamina, ti tahun 1971. Wartosna, pun Rama teh basa taun 1971 ngasuh seni sunda (karawitan) di RRI Pusat (Jakarta). Aslina pun Rama abdi teh ti Cinunuk-Garut. Pun Biang abdi namina Entin Rostini, ti Jatiwangi- Majalengka. Waktos harita, 1971, Pun Rama sareng pun biang mindel di bumina uwa abdi, Sumiyati (Murnati) di Tebet. Ti saprak papisah, wartosna pun Rama abdi teh mindel samentawis di bumina Alm. Bing Slamet (tahun 1971). Teu aya maksad nu sanes, mun ukur hoyong patepang sareng pun Rama. Mugya ALLAH SWT nagtayungan du'a abdi. Boh bilih aya nu terang informasi ieu, punten pisan nuhunkeun pitulungnya, dupi teu kaabotan nga-email ka abdi : db_widyasmarans@ yahoo.com Haturnuhun sateu acanna, Mugya Allah SWT nangtayungan rahmah saeng barokah ka urang sunda sarerea. Amiin.
