Assalamualikum wr.wb
He..he..he… sababaraha dinten ieu tos sababaraha kawargian nga japri sareng nga
sms malih nelepon langsung ngeunaan hubungan abdi sareng pa (kang) yunan.
Utamina mah eta perkawis saguru saelmu-sama-sama bertarekat- nu hubungana
sareng ‘statement’ kang yunan nu ‘kaluar tina ajaran islam’ teras ‘memilih
agama sunda wiwitan’. (kang…Hatur nuhun tos ngangken lanceuk ka sim abdi. Mugia
salira sing salamina kenging berkah sareng nugraha -teunganggo eddy..he..he- na
nu Maha asih). Punten pisan upami sim abdina joledar).
Ngeunaan nu disebat diluhur, kumargi asalna ge tina kisunda ah urang waler di
kisunda deui we pasualana –nyuhunkeun widi ka sadaya kawargian kisunda
dodongeng ngeunaan pribadi.
Saguru Saelmu.
Teu lepat sanaos can tangtos leres (ambigue), margi nu sa paguron ge teu sadaya
sami kanyahona/elmuna. Mung upami ningal kang Yunan mah parantos mendalami
islam, neuleuman syi’ah dll..tangtos katerangna langkung mundel. Namung, sim
abdi mah teu acan pernah mutuskeun/nganyatakaeun/nganiatan komo ngahucuhkeun
kaluar tinu ajaran islam syareat Muhammad tedak quraish…
===
Pamadegan (islam-sunda) pribados the ti ngawitan ngiring ngundangan di millist
(2000) tos didugikeun –kalam kasundaan- harita didugikeun ka Abah Surya
(sundanet); Kang Oman (kisunda); Mang J (urang sunda) kang Maman gantra
(dibahas di web anjeuna sunda moncorong); sareng Kang Hawe Setiawan (cupumanik
- kantos diulas ku anjeunan ngeunaan kalam kasundaan the dina PR) bari maksad
the Sakantenan nyuhunkeun widi dina abdi ngiring aub sareng kadang wargi the
‘titincakan abdi mah’ lebah dinya. To the best of my knowledge, ‘peta konsep’
kutrat-kotret salajengna nu sok ‘introduction’na dialungkeun ka kisunda/urang
sunda/baraya sunda sareng lengkepna ngalangkungan Japri dugi ka 2008 ayeuna
teu robih/teu benten.
Nyuhunkeun widi ‘eta seratan’ the dikintunkeun deui bilih aya kawargian anyar
nu hoyong terang- mung nu atos mah tangtos bosen da KLISE.
Sama-sama ber tarekat...
nya panginten leres da saenamah kedah sadayana teras leumpang -ulah cicing di
jalan/ngagugulung metoda- ameh nepi (tarekat/sareat = jalan/metoda). Namung
Sim abdi sareng Kang Yunan mah benten ‘jaman’. abdi teu kantos nyaksian
dipasihan/diwulang naon ku guru anjeuna sareng kang yunan teu kantos nyaksian
naon nu dipuhit ku abdi. Anjeuna the (leres teu kang ?) sasarengan sareng ki
Adi (K. Permana). Nu rentangna the abdi beres kuliah ki adi the nembe SMP.
Namung sanes hartosna sahandapeun da tos janten hukum alam…ombak dibelakang
lebih besar dari ombak didepannya. Misalna wae, ngaprak ka kabuyutan
kawali….teu acan pernah pareng sareng. …Kang Yunan mah tos janten
‘entrepreneur’ gaduh yayasan kalang sunda jrrd.
===
Abdi mah pun bapa sareng luluhurna asli ciamis –isin ngangken Galuh ah…da ari
galuh mah dugi ka surabaya ge hujung galuh, ciamis mah tos ilang dangiang)…ka
kawali the ti bubudak…pa kuncen mah tangtos terangeun aya urang bandung nu
daratangna sok tengah peuting…gawena teuleum di tengah sumur si jala tunda.
Ngan hasilna mah nyaeta sanes akukeunenun margi CAN POK KABURU LAIN. ngan lamun
aya nu nyarios eta sumur embel tur bahaya –bohong ah….sadaya dasarna the
estuning batu-batu paranjang/lingga ngagoler…malah aya nu lingga tulis
/ditulisan.
(Matak upami Ambu ngabahas kabuyutan kawali teu sareng sumur si jalatunda teu
acan lengkep moal janten astana gede …he…he…haturan sun)
====
Ku kituna sigana disuhunkeun pisan supados kang Yunan ( ki adi, tapi da umumna
disebat kang di kisunda mah) ngadugikeun teras pamendak-pamendakna, salaku
pribadi, nu langkung lengkep ngeunaan naon wae da di kisunda mah ----mun teu
acan robih---- prinsipna the tingawitana NGAWARUNG BANDUNG silih dongengkeun
silih kupingkeun kundanganeun balarea bari teu kedah aya ngaraos kapaksa ….
Walerana abdi ngeunaan patarosan sabagian kawargian sakitu wae moal papanjangan
deui…hatur punten sareng nuhun.
Kang Yunan sareng kawargian sadayana……Wilujeng ah….
Baktosna
Eddy Nugraha
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/