Sami-sami kang Abbas,
 
Da leres atuh kusaha deui Sunda disjenanna pami sanes ku urang Sunda nyalira, 
da pami urang sunda paketrok teh, tangtos seler sejen mah nyeungseurikeun 
sareng atoheun, iraha atuh urang Sunda tiasa najeur ka luhur upami urang teu 
sauyunan mah, padahal urang sunda teh  dina jumlah urutaan kadua, dina 
kamampuhan (kacerdasan) teu eleh ku seler sejen, mung kalemahan US teh kurang 
sauyunan, sok aya bae alesan teh majar kulantaran US mah cenah berangkat tina 
budaya ladang. Padahal batur bae nu berangkatna tina budaya dagang (nu pasti 
budaya bersaing) bisa kompak. Janten teu asa alesan, nu penting kersa atanapi 
henteu. Eta intina mah. Keun ari soal urusan kayakinan babakti ka Nu Maha 
Kawasa mah, sok sananaos benten ulah janten halangan kanggo sauyunan, da 
hakekatna mah sami miwarang ngajalankeun welas asih mung benten carana 
sewang-sewangan, pon kitu deui dina balitunganana ka Nu Maha Suci, 
masing-masing oge bakal kasorang, nyorangan ku sorangan. Tapi
 ari silih kanyahokeun mah aya oge perluna sangkan ulah aya salah sangka tea. 
Kitu kang....hatur nuhun
 
cag, rampes.
 
pun tabe pun
 
Engkus

--- Pada Sab, 29/11/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: [kisunda] Kanggo Kang Ruswana
Kepada: "kisunda" <[email protected]>
Tanggal: Sabtu, 29 November, 2008, 2:15 AM











Nuhun pisan kang Engkus, katampi pisan. Hayu urang wangun atuh Sunda teh ku
sarerea bari dibarung hate ihlas, mudah2an wae tiasa katepi.
Sakali deui , sami wae sapertos bubuka, ayeuna oge sim kuring nyuhunkeun sih 
hapunten bok bilih kecap sareng ucap sim kuring songong belengong teu aya 
tatakrama, mugia kang Ruswana ngahapunten.
 
Mangga urang teraskeun ku topik2 nu sanesna. Mudah2an Kang Ruswana teras 
dipasihan pituduh ku MantnNa Gusti Nu Murbeng Alam.
 
Tutup lawang sigotaka, salam
Abbas Amin
 














      Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari 
Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! 
http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke