Punten Kang Sukma, ieu teh bahasa naon? Uing mani kerung-kerung we,
banget ku hese ngarti.

Basa prasasti, basa naskah buhun, atawa basa dawuhan Kang Sukma nu
nuju minandita?

salam,
mh

On Fri, Nov 28, 2008 at 10:51 PM, sukmajaya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hana kabeh teureuh wani pateuh
> Parutuna Rajadirajana Guru bakalana warman
> Puseurana Rarajana Dipantara
> Jaya Nagarana Kala kabhinekan ageuman
> Brahmanan rajaresi teu rasa pangbeneran
>
> Lain ngajak malikeun ageuman
> Yeuh sarina kabeh ageuman
>
> Dharma sembahyang kudu ka nu bener
>        Nu Nyipta, Ngajaga, Nyirna  tah tilu inti dina hiji Gusti
> Budi lumaku lampah kudu sing bener
>        Nu kapuji ku hate sakabeh purwaning Gusti
> Bakti panangtungkeun kudu jaradi bener
>        Manunggaling jeung nangtungkeun titah Gusti
>
> Basakeun ku Basa Dia !
> Na Ayana Kabeh ti saha ?
>
> Ngan Mah
> Kunjara Basa Purwa
> Kabeda Pamawa upacara
> Kapengkol Rasa Paranditana
> Dia milih kuma dia
> Pilih Pangpangna kuma dia
> Yen sing bener anu dia, kuma dia
> Yen milih bati sewang-sewang
> Yen moksa Sawarga Kahyang sewang-sewang
> Aya Mah
> Silih Asoran Wargana
> Silih Ajeunan Wargana
> Nyawarga tah Nagara Jaya Buana
> Gemah Ripah Repeh Rapih
> Jang Naha kaBener bawa apuy pati ?
> Jang Naha kaBener bawa bohak nyeuri
> Aya Mah
> Kabhineka surti ngahiji
> Impleung …leumpeung…
>
> Jeup heula Wangi !
> Da dia mawa nyeuri
> Bisi naringali katukang nurun kanyeuri
> Kula muka ti candrabaga ngarah taya deungki
> Mangka kersa Dia moal ngajadi
>
> Ieu lain jang entragan maraneh !
> Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh
> Moal kasampak moal kasorang
> Kala Warman Kala Kesang
> Kala Wangi Kala Pateuh
> Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh
> Piceun bagen ieu tulisan
> Lamun Dia jamedud bari enyaan nyiaran Kasundan
> Kabehan Riwan Kabuyutan Moal eureun pangharepan
> Kuma Maraneh !
>
>
> Bubat Wangi…..!
> Kula ningali..
> Kala pada beureum
> Awak beurem lir apuy wesi
> Bari Baraseuh peurih pinuh getih
> Mata beureum lir apuy geni
> Bari merebey ngalembereh getih
> Huntu Rumekot
> Mata Molotot
> Guar Gaur … Gagauran
> Supu Sapa … Sasapaan
> Tepi ka tepung pati
> Nyeuri milu neupi ka pati
> Ngawangi ngabakti bela pati
> Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh
> Raja jadi punakawan
>
> Pulasari Wangi….!
> Kula ningali
> Kala wirang
> Kadungsang-dungsang
> Jibrug kucimata reujeung kesang
> Samar awak jadi sudraan
> Rewag rewig jiga sasatoan
> Nembang bari ceurik kapeurihan
> Mangke siah tingali
> Mangke siah tingali
> Ngajerit maratan langit
> Ngoceak maratan jagat
> Tepi ka tepung pati
> Nyeuri milu neupi ka pati
> Ngawangi nyimpeun papati
> Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh
> Raja jadi punakawan
>
> Jeup heula Wangi !
> Da dia mawa nyeuri
> Bisi naringali katukang nurun kanyeuri
> Kula muka ti candrabaga ngarah tong aya nu deungki
> Mangka kersa Dia moal ngajadi
>
> Mangka teungeut sing rineh !
> Budak cacarita di aya  jeung taya
> Sumput ku maraneh
> Bisi kahalang ngeusi talaga warna
> Kasampak pangna bedah
> Ngiringan jadi pedah
> Pandawa ti Amarta
> Nyunda balik ka Hastina
>
> Cag heula…
>
> Sukmajaya
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke