--- In [email protected], engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Sampurasun..
Nepangkeun baraya sadaya wasta kuring Djati Sumawidjaja
padumukan kuring di wewengkon Karanggantungan, basisir Galunggung
umur mah geus kolot kuring teh..nincak sawidak punjul pitu taun ieu 
teh
anyaran kuring mah asup kadieu..
hampura bae bisi goreng basa..maklum urang lembur nu teu apal bangku 
sakola
Sugan teh ari nu ngarana milis kisunda teh heueuh ngabahas sunda 
pituin..da kuring mah lieur dicampur jeung ajaran deungeun sagala 
rupa..jug bae atuh arek ngabahas ajaran deungeun mah nyieun deui 
milis sorangan..pan eces ieu mah ngarana ge KISUNDA...
Jeung lieur kuring mah ajaran karuhun sunda digalokeun sagala rupa 
jeung ajaran deungeun...make aya basa "hayang manggihan jeung meunang 
Sunda teh kudu Islam"...na bet ku teungteuingeun...meureun nyaregruk 
karuhun teh..asa piraku karuhun urang jadi nyunda teh baheula arasup 
islam heula..asa piraku karuhun urang teh barodo teu boga 
pileumpangan sorangan...
jeung ku sagawayah nyebut Sunda = Nur..ceuk saha eta teh? mun ceuk 
soranganeun mah nya pek bae..ngan can puguh ceuk urang islam kitu, 
pon kitu deui ceuk urang sunda...
tong gagabah jalu..nginterpretasikeun kitab batur ku intrepretasi 
sorangan..komo bari di sambung2 keun, diadu maniskeun, di kira2 
sorangan, jeung ajaran sejen (sunda dina hal ieu mah)
heueuh pek bae ari keur soranganeun mah..
yeuh..ieu mah ti aki2..
naha teu bisa neangan ajaran indung sorangan ku carana sorangan? 
Islam ku cara Islam?
keun bae aya nu sarua mah da heueuh deungeun ge neangan bebeneran..
Lenyepan deui jalu...
sakitu bae ti kuring mah
hampura bisi kasigeung mah..


> Kang Enug,
>  
> Tos kang tos lebet....telat geuning lebetna, ari bagian III tos 
lebet, ari bagian nu ka II ieu nembe jebul sajam saatos muka nu ka 
III.
>  
> Nuhun kang.
>  
> pun
> Engkus
> 
> --- Pada Jum, 28/11/08, Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
> 
> Dari: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
> Topik: [kisunda] Kalam kasundaan (II)
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Jumat, 28 November, 2008, 3:52 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Bag II
> Katerangan Sunda Eusi 
> Dina Ageman Urang Sunda Ayeuna (Agama Islam)
> 
> Sabagian katerangan tina Qur’an dina tulisan ieu dicutat lain rek 
saukur nyalindung ka Qur’an dina ngajentrekeun ulikan SUNDA eusi 
tapi utamana nuduhkeun yen ulikan SUNDA eusi, jero atawa jati dina 
Qur’an aya sanajan 
> sir’ah kalawan minhaj dina manggihan jeung nyimbolkeunana teu 
sarua.
> 
> Sunda teh Iman, Iman teh Sunda
> 
> Sunda dina harti sunda eusi nyeta Nur nu nyaangan ati nu kapanggih 
ku awasna ati (rasa) teh kanyataan Iman, sabab Iman dina (agama) 
Islam numutkeun Allah swt dina Al-Qur’an mangrupikeun Nur. Iman teh 
Sunda jati (Nur) nu mangrupakeun hidayah nu datangna ti nu murbeng 
Alam. 
> ‘.…[Kitab jeung] iman teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta 
Allah mere pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung 
saenyana ku sunda eta maneh bakal mere pituduh kana jalan â€"sirothol-
 mustaqim’ (As-syura, 42:52).
> 
> Dina disiplin kasundaan, saperti nu disebutkeun di bagian 
saencanna, Nur ieu kapanggihna lamun hiji jalma nyirnakeun 
pancadriana heula, oge tapak uteuk jeung angkeuhna sorangan heula 
nepikeun ka teu kumanehna manehna acan. 
> 
> Nyunda Ciri nu Ariman 
> 
> Lamun meunang iman Nur nya jadi nyunda. Hartina lamun nyunda caang 
cahayaan, Nur(sunda)na moncorong jeung pasti terus hayang tetep 
nyunda cahayaan. Numutkeun Firman Allah swt dina Al-qur’an 
‘…Jalma jalma nu ariman mah nyunda (caang cahayaan), sundana 
(Nurna) tembong sumirat moncorong dihareupeun jeung dina (lebah) 
leungeun katuhuna, maranehna nu nyunda (nu caraang) nyarita: Nun 
Gusti, mugi Gusti nyampurnakeun kasundaan abdi sadaya…’ (At 
Tahrim, 66:8). 
> Jadi sabenerna lamun hiji jalma, hususna, urang sunda 
(etnis/genetis) iman terus bener ngulik jeung ngalakonan Islam kuduna 
bakal leuwih nyunda gumawang lain jadi ‘Arab’, Kuduna mah anu 
loba elmuna elmu lahir elmu batin kudu leuwih nyunda caang moncorong, 
lain jadi ‘bule’.
> 
> Kitab Mangrupa Sunda
> 
> Sunda eusi ngajadikeun, pancadria uteuk jeung angkeuhna kacaangan. 
Lamun tapis didinya nya jadi permana kana kamulyaan jeung 
kani’matan hirup hurip, saperti nu geus kaalaman ku jalma jalma 
saencana. Al Qur’an nu harti asalna bacaan bacaeun oge mangrupa 
sunda:
> ‘.… Kitab [jeung iman] teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda 
eta Allah mere pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, 
jeung saenyana ku Nur (sunda) eta maneh bakal mere pituduh kana jalan 
â€"sirothol- mustaqim’ (As-syura, 42:52).
> Dina ayat nu lainna bisa ditingali yen ku kitab, nu mangrupa Nur 
(sunda) eta tea, Allah ngaluarkeun jalma jalma ti poek ka nu caang 
kalawan idinna jeung nunjukkeun ka jalan mustaqim (AL Maidah, 5:16).
> Kitab Alqur’an oge aya dina hate nu nyunda: “kitab (Al 
Qur’an) teh ngarupakeun ayat ayat Nu Maha Kawasa nu nyata dina hate 
jalma nu ngelmu” (Al ankabut, 29:49). Ari elmu ngandung harti 
kanyaho, sedengkeun ari kanyaho teh unsur caang (sunda) nu mere jeung 
jadi tuduh ka tiap jalma dina pikir ucap jeung usikna nyanghareupan 
kabutuh hirup huripna.
> 
> Nu Nyunda Moncorong Cahayaan Tanda Sajatining SUNDA
> 
> Allah nurunkeun ayat ayatna ka abdi abdina lantaran seja nyundakeun 
[ngaluarkeun maranehna tinu poek kanu caang] (Al Hadid, 57:9). 
> Caang cahayaan sunda ieu ngarupakeun ciri nu ariman boh Lalaki boh 
awewe: 
> ‘Mu’minin jeung mu’minat mah sumirat tembong Nur (sunda) 
dihareupeun jeung dina leungeun katuhuna, mareunang pangbagea 
kabagjaan surga keur maranehanana ..’ (al Hadid, 57:12). 
> Cahaya (sunda) Caang teh mangrupakeun rahmat jeung ampunan Nu 
murbeng Alam Allah swt lantaran maranehna pengkuh nyunda [mu’minin] 
(Al Ahzab 33:43).
> Urang sunda sakuduna, ngalangkungan para budimanna, sing bisa 
katuduhkeun yen kayakinan sunda nu tembong dina pola pikir pola laku 
katut tapak budayana baheula teh nyumber tina pangaweruh ti Nu Maha 
Kawasa Allah rabbul ‘alamin. Ieu teh bisa kahontal lamun para 
budiman sundana bener nuduhkeun nembongkeun sunda (eusi) kalawan ENYA 
ka bangsana dina pola pikir pola lakuna. 
> 
> Hayang Manggihan Jeung Meunang Sunda Teh Kudu Islam
> 
> Cara hayang manggihan sunda eusi teh euweuh deui kudu tumut turut 
sumerah (aslamtu) ka Nu Murbeng alam: ‘Jalma jalma nu dibukakeun ku 
Nu murbeng Alam hatena kana tumut turut sumerah (aslamtu) ka Gustina, 
manehna meunang Sunda ti Gustina’ (Az Zumar, 39:22). 
> Jadi lamun para budiman sunda baheula nyunda eta teh pasti lantaran 
pola laku lampah jeung pikirna Islam tunduk turut tumut ka nu Murbeng 
alam. 
> Sedengkeun Nu Murbeng Alam ieu cahayana langit jeung bumi ‘Allahu 
nuurus samawaati wal ardhi’ anu ‘Nurrun ‘ala nurrin’. 
Kanyataan Sunda eusi ieu sanajan ‘nyata’ da moal aya ucap lamun 
euweuh ‘barangna’ lain hiji ulikan nu sagawayah da teu bisa 
kahontal ku kamampuh jalma biasa nu masih teu daek, terus teu bisa 
bener aslamtuna. 
> 
> Pangaweruh Sunda Eusi Tanda Kaluhungan Luluhur Tedak Sunda
> 
> Para budiman urang ‘sunda’ (etnis) ayeuna tangtos tos pada 
aruninga kecap Sunda, saperti nu diantarana diterangkeun dina 
Ensiklopedi Sunda, mimiti kapanggih karek di taun 736 dina prasasti 
Rakyan Jarupangambat sedengkeun karajaan Sundana karek ngadeg tahun 
669 M. 
> Ngaran Sunda ieu nu mere ciri jeung sesebutan ngeunaan kahirupana 
hiji bangsa tangtu lain nu pangheulana aya jeung hirup di daerah jawa 
kulon, sabab didaerah jawa kulon keneh, kurang leuwih 500 taun 
saacanna (130 M) geus aya karajaan nu disebut Salakanagara, nu 
ngarupakeun karajaan pangmimitina aya di Nusantara, dimana salila 
ngadegna teh geus boga budaya, ‘beunta’, daragang jeung wawawuhan 
jeung bangsa lain nu ‘maju’ saperti India jeung China. Sanggeus 
karajaan salakanagara pareum, saacan Sunda kasebut â€" dina prasasti -
 malah aya karajaan Tarumanagara nu salila kurang leuwih 300 tahun 
neruskeun salakanagara (358-669). Tarumanagara geus sanggup mere 
bukti sajarah â€"diantarana batu tulis di Bogor - nu warta ayana eta 
kahirupan geus kacatet oge ku seler bangsa lain. 
> Saterusna, sanggeus Sunda aya, sanajan dina sajarahna dibere warna 
ku robah robahna pamarentahan jeung nagarana diantarana aya Kendan, 
Galuh, terus jadi Pajajaran, terus nepikeun jadi Sumedang larang, 
Banten, Cirebon - ngaran nu dijadikeun ‘sesebutan’ atawa ciri 
pikeun manusa, kamanusaan jeung budaya na tetep dipilih Sunda. naha 
lain urang Salaka, urang Taruma, urang Kendan, atawa urang 
indraprasta, urang Galuh, atawa urang Pajajaran ? (dua kecap 
panungtung, katingalina, ngan sering dipake piken ‘nostalgia’ ka 
ayana jaman kamulyaan baheula) naha bet ngaku jeung nyebut urang 
Sunda ? 
> Hal ieu teh tangtu aya ajen inajen nu hayang ditepakeun hayang 
ditepikeun jeung nu terus aya lantaran luhung jeung bener eusina. 
Ajen inajen ngeunaan SUNDA ieu dipiara jeung diwariskeun ti generasi 
ka generasi sabab ngeunaan kayakinan hirup hurip nu mulya nu datangna 
ti Nu murbeng alam.
> Sunda ieu tangtu hasil ‘inovasi’ ti budiman luluhur sunda tina 
naon nu geus kapanggih dina nyanghareupan tantangan hirup hurip nu 
aya hubungan jeung kayakinan tangtunganana dumasar kana pola pikir 
pola laku saacanna. Kapan agama di tatar sunda teh ngarupakeun 
pengembangan tina agama hindu agama budha nu samemehna datang ka 
tatar sunda, istilah jeung jargon-jargon agama di sunda na ge pan rea 
nu beda jeung hindhu atawa budha.
> Lamun ngarujuk kana Al Qur’an, nu sabagianna ditepikeun saencana 
dina ieu tulisan, sunda eusi sarua jeung nu didugikeun Qur’an. 
Kaluhungan budiman luluhur sunda baheula waktu can ngagem Agama Islam 
nunjukkeun yen aranjeuna teh parantos ngalampahkeun ‘bener.’ 
> Kukieu teh bisa katingali yen Luluhur sunda baheula tangtu tos 
kasumpingan Rasul nu moal boa rasulna urang sunda sorangan. Komo deui 
numutkeun Qur’an yen tiap umat kapasihan Rasul kanggo nyundakeun 
jalmana nya hartina nyandak tinu poek kanu caang ku pangersana Rabbul 
Alamin. 
> Sanajan lamun ditengetan nurutkeun tahun kapanggihna prasasti jaru 
pangambat eta, 700 M, teh ratusan taun sanggeus Agama Islam (Islam AL 
khusus= sir’ah sareng minhaj nu digelarkeun ku Kangjeng Nabi 
Muhammad saw) lungsur ka buana panca tengah (abad ka 6 M) nu mungkin 
aya pangaruhna tina Islam. Tapi, can aya bukti yen pangaruhna aya di 
tatar sunda. Atawa lamun aya pangaruh na ge hal ieu leuwih nunjukkeun 
yen para budiman luluhur sunda harita sir’ah jeung minhajna beda ti 
agama Islam ti tanah arab.
> Sakali deui, konsep gambaran ngeunaan Sunda eusi nu sawanda saperti 
nu didugikeun ku Al-Qur’an ti agama Islam (Islam AL khusus) 
nunjukkeun yen urang sunda baheula, paling henteu para budimanna, 
geus gaduh pangaweruh ngeunaan kayakinan Islam (Islam Al umum nu 
dicandak sadaya Rasulullah di tiap umat). 
> Jadi, budayana ge tangtu nyumber tina falsafah kayakinanana 
falsafah tauhid falsafah kasundaan nu caang hasil pola pikir pola 
laku nu kacaangan ku Nu Maha Suci. Robah jadi Agama Islam (Islam al 
khusus) teh lantaran sir’ah jeung minhaj nu digelarkeun ku Kangjeng 
Rasulullah Muhammad saw langkung langkung sampurna nyampurnakeun 
sakabeh nu enggeus dipake samemehna, kaasup nu dipake di tatar sunda 
nu mun sacara praktek na mah eta jalan (sareat) teh lewih sederhana. 
> H.Hasan Mustapa (1930), nu numutkeun Ayip Rosidi tos dianggap 
Bujangga Sunda pangbadagna, ngadugikeun ngeunaan ‘tempat’na Agama 
Islam jeung tangtungan Sunda jati (HH Mustapa, Tafsir Quranul adhim: 
293-294), yen Agama Islam nu digelarkeun ku Kangjeng nabi Muhammad 
saw teh ‘sareat pangparatan hakekat’, nu ngabuka rasiah sindir 
siloka prawira perlambang teori nu tiheula-heula dina nekanan Sunda 
ka Sunda deui. Ieu Hoofd Panghulu ngadugikeun yen eusi Al qur’an nu 
jadi sumber ajaran Islam ka buktikeun ‘nekanan saur karuhun [tedak 
sunda] hatamna Qur’an ti sunda ka sunda deui’. Ti (Nur) Cahaya 
caang ka caang (nur) cahaya kanyataan sunda eusi.
> Jadi, ageman nu dipake ku urang sunda ayeuna, Agama Islam, teh ngan 
beda sareatna mungkul â€"leuwih sampurna- nu matak dina ngagem Islam 
nu datangna ti tanah Arab ieu teh H Hasan Mustapa gaduh kasimpulan: 
”baheula ku basa sunda ahirna ku basa arab: jadi kaula nyundakeun 
Arab nguyang ka arab, ngarabkeun sunda tina basa Arab”.
> Hanjakalna, kadieunakeun rea para budiman sunda, kulantaran henteu 
wanoh jeung henteu masagi kana tangtungan sunda eusi luluhurna, 
seueur nu ngajelaskeun ka selerna yen gantina ageman kana agama Islam 
ti tanah Arab teh kulantaran kayakinan luluhur sunda baheula goreng, 
‘musrik’ atawa salah. Nya tangtu budayana oge jadi ‘musrik’, 
goreng atawa salah da nyumber tina kayakinan anu goreng musrik atawa 
salah tea. Jadina, budaya sunda na oge saeutik saeutik tapi pasti 
ditinggalkeun sabab maranehna kayakinkeun yen eta budaya teh 
nyumberna tina kayakinana anu ‘supertisi’ henteu ‘tauhid’ 
lain ti Allah swt jrrd. Terus, pola laku kabiasaan asal sapopoena anu 
masih dina budaya ‘sunda’ oge jadi loba kasieun kapaur kaera ku 
ka cap kolot, tahayul (mitos), bid’ah, syirik jrrd, lain ngakar ti 
Islam.
> Matakna loba urang sunda nu neuleuman jeung make agama Islam jadi 
Arab budayana sabab manehna kayakinkeun yen budaya arab teh 
kasebutkeun nyumber tina Islam. Komo deui sanggeus jadi Indonesia 
terus patepung jeung budaya sejen â€"barat- nu keur nanjung, budaya 
sundana beuki kagerus da nu ngarora ngarasa teu boga nu alus ngeunaan 
asal usulna nu perlu dijadikeun tangtungan. Urang sunda ayeuna jadi 
rea nu teu reueus, teu hayangeun miara jeung make budaya sundana, 
lantaran nu normal mah tangtu mikir naon untungna miara jeung make 
â€"komo nanjeurkeun- pola pikir pola laku katut tapak-tapak anu 
sumberna mitos, musrik, salah atawa goreng ? 
> 
>  
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>       Pamer gaya dengan skin baru yang keren
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke