Kang sukmajaya...

hatur nuhun parantos ngawartosan ka sim abdi.
upami kala na memang nuju pikahariwangeun. saha nu bade ngawitan upami henteu 
dicobi ?

ma baheula 
ca ayeuna

baktosna
eddy nugraha

--- On Fri, 11/28/08, Sukma Jaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> From: Sukma Jaya <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Hana Kabeh teureuh Wani Pateuh
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Date: Friday, November 28, 2008, 10:31 PM
> Hana Kabeh teureuh Wani Pateuh
> 
> Parutuna Rajadirajana Guru bakalana
> warman
> Puseurana Rarajana Dipantara 
> Jaya Nagarana Kala kabhinekan ageuman
> Brahmanan rajaresi teu rasa pangbeneran
> 
> Lain ngajak malikeun ageuman 
> Yeuh sarina kabeh ageuman
> 
> Dharma sembahyang kudu ka nu bener
>     Nu Nyipta, Ngajaga, Nyirna  tah tilu
> inti dina hiji Gusti 
> Budi lumaku lampah kudu sing bener
>     Nu kapuji ku hate sakabeh purwaning
> Gusti
> Bakti panangtungkeun kudu jaradi bener
>     Manunggaling jeung nangtungkeun titah
> Gusti
> 
> Basakeun ku Basa Dia !
> Na Ayana Kabeh ti saha ?
> 
> Ngan Mah
> Kunjara Basa Purwa
> Kabeda Pamawa upacara
> Kapengkol Rasa Paranditana
> Dia milih kuma dia 
> Pilih Pangpangna kuma dia
> Yen sing bener anu dia, kuma dia
> Yen milih bati sewang-sewang
> Yen moksa Sawarga Kahyang sewang-sewang
> Aya Mah
> Silih Asoran Wargana 
> Silih Ajeunan Wargana
> Nyawarga tah Nagara Jaya Buana
> Gemah Ripah Repeh Rapih
> Jang Naha kaBener bawa apuy pati ?
> Jang Naha kaBener bawa bohak nyeuri 
> Aya Mah
> Kabhineka surti ngahiji
> Impleung …leumpeung…
> 
> Jeup heula Wangi !
> Da dia mawa nyeuri 
> Bisi naringali katukang nurun kanyeuri
> Kula muka ti candrabaga ngarah taya
> deungki
> Mangka kersa Dia moal ngajadi
> 
> Ieu lain jang entragan maraneh !
> Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh
> Moal kasampak moal kasorang
> Kala Warman Kala Kesang
> Kala Wangi Kala Pateuh
> Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh
> Piceun bagen ieu tulisan 
> Lamun Dia jamedud bari enyaan nyiaran
> Kasundan
> Kabehan Riwan Kabuyutan Moal eureun
> pangharepan 
> Kuma Maraneh ! 
> 
> 
> Bubat Wangi…..!
> Kula ningali..
> Kala pada beureum
> Awak beurem lir apuy wesi
> Bari Baraseuh peurih pinuh getih
> Mata beureum lir apuy geni
> Bari merebey ngalembereh getih
> Huntu Rumekot
> Mata Molotot
> Guar Gaur … Gagauran
> Supu Sapa … Sasapaan
> Tepi ka tepung pati
> Nyeuri milu neupi ka pati
> Ngawangi ngabakti bela pati
> Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh
> Raja jadi punakawan
> 
> Pulasari Wangi….!
> Kula ningali
> Kala wirang
> Kadungsang-dungsang
> Jibrug kucimata reujeung kesang
> Samar awak jadi sudraan
> Rewag rewig jiga sasatoan 
> Nembang bari ceurik kapeurihan
> Mangke siah tingali
> Mangke siah tingali
> Ngajerit maratan langit
> Ngoceak maratan jagat
> Tepi ka tepung pati
> Nyeuri milu neupi ka pati
> Ngawangi nyimpeun papati
> Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh
> Raja jadi punakawan
> 
> Jeup heula Wangi !
> Da dia mawa nyeuri 
> Bisi naringali katukang nurun kanyeuri
> Kula muka ti candrabaga ngarah tong aya
> nu deungki
> Mangka kersa Dia moal ngajadi
> 
> Mangka teungeut sing rineh !
> Budak cacarita di aya  jeung taya
> Sumput ku maraneh
> Bisi kahalang ngeusi talaga warna
> Kasampak pangna bedah
> Ngiringan jadi pedah
> Pandawa ti Amarta
> Nyunda balik ka Hastina
> 
> Cag heula…
> 
> Sukmajaya


      

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke