Bewara ka sakur warga milis. Nimbang itu jeung ieu, kuring didukung ku dua
kuncen sejenna nyieun aturan tambahan: *lampiran/attachment anu kaci
dikirimkeun ka ieu milis diwates paling gede 200 kb*. Leuwih ti eta, kuncen
moal nimbang2 deui alesan, moal rek diloloskeun ka milis. Ka anggota milis
anu statusna henteu dimoderasi, mun misalna masih ngirimkeun lampiran leuwih
ti 200 kb, statusna bakal dirobah.

Lamun memang lampiran anu rek dikirimkeun katimbang penting, cukup
dibewarakeun bae heula. Anu butuh/hayang sina nyuratan (japri), ke
lampiranana dikirim japri *ukur* ka nu marenta.

Nuhun. Hampura make basa cohag.

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke