Dina hiji mangsa Presiden Suharto biantara di payuneun sidang paripurna DPR. Saparantos 15 menit pidato, ajudan anu tatih di gigireunana ngawartosan :"sing atos-atos Bapa aya anu bade nembak...............". Diwartosan kitu teh, juragan Presiden mah tenang-tenang wae bari neraskeun pidatona. Heuleut ti eta, sang ajudan ngemutan deui :"Pa awas bade aya anu nembak ......". Nguping kitu presiden langsung marentah :"tewak, anggota dewan anu diuk dina barisan ka genep bangku ka dalapan.......". Saparantos acara bubaran, sang ajudan naros ka Presiden :"kumaha bapa tiasa uninga yen anu bade nembak teh jalmi eta". Kalawan tenang, presiden ngawalaer :" Musuh Pancasila teu pernah sare .........................."
