Akhirna kawin we jeung professor, kaparengkeun panggih deui jeung wartawan
Kisunda,
Kumaha Neng masih keneh parawan ?
Pan ayeunamah parantos nikah sareng Prof.
Bari isin anjeuna ngawalon, "Muhun, masih keneh !" , Na kunaha ?
"Muhun nyaeta hilapeun ka abdi, padahal abdi teh anu kadua, ngadon dianggurkeun
we."
Hilapuen siganamah, maklum profesor.
he..he..he.. punten ah.
Baktos
mz
--- On Wed, 12/3/08, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>
Kacaturkeun
aya hiji istri anu tos nikah opat kali tapi masih keneh parawan.
Wartawan Kusnet ngalakukeun wawancara ka anjeuna. Jawabananan, nikah
anu kahiji sareng lalaki anu homosex cenah. Wajar ceuk pikir wartawan.
Nikah anu kadua, sareng anu impoten. Ieu ge wajar. Anu katilu mah
sareng insinyur. Si wartawan ngahuleng, "piraku insinyur teu bisa
ngalakukeun kawajiban anu jadi salaki?". Si istri ngajawab:"insinyur
ayeuna tea, teori wungkul teu tiasa praktek .....". Ari anu ka opat
nikah jeung saha? tanya si wartawan deui. Anu ka opat mah sareng
politikus. Ari politikus masalahna naon? tanya si wartawan deui.
Ieu oge rada repot: " ngan saukur jangji jeung jangji
wungkul..... ......... ......... ......... ."